Urang Jawa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Urang Jawa

Urang Jawa nu kasohor; ti luhur ka handap:
baris pertama: Raden Wijaya, Tribhuwana Tunggadewi, Gajah Mada, Diponegoro, Raden Saleh.
baris kadua: Pakubuwono X, Kartini, Sukarno, Hamengkubuwono IX, Sudirman.
baris ketilu: Pramoedya Ananta Toer, Abdurrahman Wahid, Suharto, Megawati Sukarnoputri, Jakob Oetama.
baris kaopat: Anggun C. Sasmi, Yayuk Basuki, Sri Mulyani Indrawati, W.S. Rendra, Dian Sastrowardoyo.
Populasi total: 2004: kurang leuwih 90 yuta.
Populasi utama di: Indonésia:

Malaysia: 1 - 2 yuta
Suriname: 75.000.
Kaledonia Anyar: 5.000.

Basa: basa Jawa, basa Indonésia, basa Melayu, basa Madura, basa Walanda, basa Prancis jsb.
Ageman: Islam, Kristen, Hindu, Buddha jeung Kejawen,
Séké sélér nu patali: Urang Sunda, Urang Madura, Urang Bali.
Bangsawan Jawa.

Urang Jawa (Jawa Ngoko: wong Jawa, Krama: tiyang Jawi; Indonesia: suku Jawa) nya éta salasahiji kelompok étnis asli nu ngeusi utamana bagian tengah jeung wétan Pulo Jawa, Indonesia. 85 juta urang, mangrupa urang Jawa nu disebut ogé étnis panglobana di Pulo Jawa ogé di Indonesia. Maranéhna sabagéan badag aya di puseur bagéan timur di pulo ieu. Sanggeus mangabad-abad migrasi kiwari bisa dipanggihan di sabagéan wilayah Indonesia, Semenanjung Malaysia jeung Suriname di Amerika beulah kidul.[1] Dina abad ka-21 urang Jawa geus nyebar di sakuliah dunya. Populasina kurang leuwih 90 yuta.

Basa[édit | sunting sumber]

Urang Jawa ngagunakeun basa Jawa dina pacariosan sapopoé. Jawa nya éta kulawarga basa Austronesia. Hal ieu aya patalina, tapi béda ti basa séjénna di Indonesia. Basa ieu leuwih nyoko ka kekecapan Sansekerta di sagala widang komo dina sastra mah. Hal ieu nyababkeun panjangna sajarah jeung pangaruh Hindu Budha di Jawa.[2]

Lolobana urang Jawa di Indonesia bilingual jeung ngagunakeun ogé basa Indonesia, nu mangrupa basa persatuan. Basa Jawa umumna ditulis ngagunakeun aksara Jawa, nu leuwih kawentar ku ngaran Hanacaraka atawa Carakan.[2]

Agama[édit | sunting sumber]

Sacara historis, Jawa nyaluyukeun bentuk sinkretik Hindu, Budha jeung Kejawen sabab maranéhna ngahiji di handap karajaan Hindu/Budha mangabad-abad. Ti mimiti abad ka-15, Islam jeung Kristen datang ka Jawa jeung saeutik-sautik nyumebar. Islam nyumebar kalintang gancang dihandap karajaan Islam nu anyar. Sumebarna Kristen dibawa ku kakawasaan kolonial. Sakabéh agama gampang dicokot ku urang Jawa sabab saluyu jeung ajén inajén tradisional Jawa, nyiptakeun hiji sét anyar kayakinan kaagamaan nu unik keur budaya lokal. Bangsawan Jawa nu nolak ayana Islam, lumpat ka Bali.[3]

Tokoh-tokoh Jawa[édit | sunting sumber]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. Shukri, M. A. M. (1986). Muslims of Sri Lanka: avenues to antiquity. Jamiah Naleemia Inst..
  2. a b Muljana, Slamet (2005). Runtuhnya kerajaan Hindu-Jawa dan timbulnya negara-negara Islam di Nusantara. Yogyakarta, Indonesia: LKiS. ISBN 979 8451 16 3.
  3. Geertz, Clifford (1976). The religion of Java. University of Chicago Press. ISBN 0226285103, 9780226285108.


Nulis.jpg