Urang Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Urang Sunda
Notable Sundanese 2.jpg
Baris luhur ti kénca ka katuhu:
Dewi Sartika · Juanda Kartawijaya · Ali Sadikin · Umar Wirahadikusumah · Oto Iskandar di Nata
Baris handap ti kénca ka katuhu:
Rieke Dyah Pitaloka · Rhoma Irama · Hassan Wirajuda · Taufik Hidayat · Marty Natalegawa
Populasi total: 30-an juta (itungan kasar tina sénsus 2000)
Populasi utama di: Jawa Kulon, Banten, Jakarta, Jawa Tengah
Basa: basa Sunda (kabagi kana sababaraha basa wewengkon), Indonésia, Jawa
Ageman: Islam, Sunda Wiwitan
Séké sélér nu patali: Jawa, Betawi

Urang Sunda mangrupa salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.

Sajarah

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah Sunda.

Basa

Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana kusabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.

Budaya

Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma, sahingga condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di wewengkon sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs arkéologi mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia, bukti arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di Tatar Sunda. Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa katalungtik titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana Salakanagara, Kendan, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang, Cirebon, jeung Banten.

Ageman

Numutkeun titinggal arkéologis sarta naskah-naskah Sunda kuna nu tos katalungtik, urang Sunda jaman baheula boga ageman monotéis, nu ka dieunakeun kapangaruhan/katambah ku ajaran Hindu, Buda, Islam, jeung Kristen. Ageman pituin urang Sunda (Sunda Wiwitan) bisa kénéh ditempo di Kanékés, Banten, nu ti jaman baheula ngurung manéh tina kamodérenan. Kiwari, kalolobaan urang Sunda ngagem Islam.

Upajiwa

Alam Sunda nu taneuhna subur ngarojong ka urang Sunda kana hirup tatanén, boh anu mangrupi: sawah, huma, pakebonan sayur, jeung leuweung produksi. Ka dieunakeun, ku mekarna industri jeung dagang, pakasaban urang Sunda jadi rupa-rupa sakumaha ilaharna bangsa lian.

Stratifikasi sosial

Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké ku gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu wanoh kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti saprak dijajah Mataram, "kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun undak-usuk basa ditiron ku para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa jungkrang antara ménak jeung cacah. Dina jaman dijajah Walanda, dua tingkat sosial ieu kasambung ku istilah priyayi, golongan pagawé pamaréntahan (birokrat, militér, jeung guru) nu sabenerna mah lolobana kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad ka-20, strata sosial ieu beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah. Najan kitu, nepi ka kiwari, watek féodal téh kadang sok kaciri kénéh aya dina kahirupan urang Sunda.

Kasenian

Kasenian Sunda anu masih populér di masarakat di antarana Wayang Golék, tembang Cianjuran, penca, rupa-rupa ibing (jaipongan, tari merak, jsb.), calung, degung, angklung, carita pantun, beluk, jsb.

Ngaran

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Kangaranan Urang Sunda.

Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku sakecap, bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang Sunda loba nu maké ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung landihan tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké pola "tolong-menolong" (suku kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép, Asép Gumasép, Didin Saépudin, jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah, sabab pikeun golongan ménak mah (baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku dua kecap, sahingga rada panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah, Ginanjar Kartasasmita, Huséin Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.

Inohong Sunda

Red right arrow.svg
 Artikel utama: :Kategori:Inohong Sunda.
  • Pra-Indonésia
    • (can dieusian)
  • Inohong Nasional (Indonésia)
    • (can dieusian)
  • Seniman
    • (can dieusian)
  • Lianna
    • (can dieusian)

Tumbu kaluar

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca