Wayang Golék

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wayang Golék Si Cepot

Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.

Wayang[édit | sunting sumber]

Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang golék.

Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.

Tumuwuh[édit | sunting sumber]

Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.

Karakter wayang golék Arjuna, anggota Pandawa, tokoh pawayangan nu kawentar ku kagandanganana.

Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an.

Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon galur mat teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, R.H. Cécép Supriadi, Dédé Amung Sutarya, Manan Dédé Sutarya, Apép Hudaya, jld.

Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.

Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jsb.

Média nyebarkeun Islam[édit | sunting sumber]

Numutkeun dugaan, sakumaha wayang kulit di wewengkon wétan (Jawa), wayang golék dipaké ku para wali pikeun nyebarkeun Islam di Tatar Sunda. Kusabab ajaran Hindu harita geus raket jeung masarakat Sunda harita, carita Mahabarata jeung Ramayana ti Tatar Hindu dimodifikasi pikeun ngajarkeun Katauhidan. Misalna dina carita Mahabarata, para déwa boga kawenangan nu absolut pikeun nangtukeun nasib jeung takdir, mangka para wali nyieun objék anyar nu posisina leuwih kuat, nyaéta Semar.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]