Goong
Goong nya éta salah sahiji waditra takol dina perangkat gamelan pélog, saléndro atawa degung[1]. Pungsi goong nya éta minangka panutup nada[1]. Ngaran goong mangrupa hasil tina sora éta waditra sorangan, lamun ditakol sorana Gong[1]. Goong miboga bentuk nu panggedéna lamun dibandingkeun jeung waditra séjén saperti bonang jeung jenglong. Goong miboga sababaraha bentuk diantarana: goong gantung, goong buyung, goong tiup, goong bendé, jsté[2]
Daptar eusi |
[édit] Bahan jeung Rancang Wangun
[édit] Goong gantung
Goong gantung miboga bentuk buleud, miboga penclon anu dijieun tina logam beusi atawa perunggu. Ukuran diamétérna 90-105cm[2][1]. Penclonna miboga diamétér 7-10cm[2][1]. Papasingan bagian goong diantarana: Raray goong nya éta bagian sakuriling penclon; Manis raray nya éta bagian sakuriling raray; taktak nya éta bagian sakuriling manis raray; awak nya éta awak goong anu ukuranna 8-12cm; nu terahir nya éta lalambé mangrupa bagian goong nu handap[1].
[édit] Goong Buyung
Goong buyung nya éta goong anu dijieun tina perunggu atawa beusi, benetukna mangrupa wilahan anu dibagian tengahna miboga penclon[1]. Disebut goong buyung sotéh lantaran resonator/ gema sorana dijieun tina buyung atawa gentong wadah cai. Kaayeunakeun resonator goongna sok dijieun tina kai[1]. Di Daérah Karawang atawa Bekasi goong buyung disebut Goong Angkog[1].
[édit] Goong Tiup
Goong tiup nya éta goong anu dijieun tina awi gombong, diaménkeun kucara ditiup[1][2]. Pungsina bisa jadi goong gedé jeung goong leutik (kempul)[1]. Gedé-leutikna sora gumantung kana cara ngésér jeung ngatur panyocok nu aya dina awi[1].
[édit] Ragam Hias
Ilaharna goong gantung anu boga ragam hias mah[1]. Ragam Hiasna ogé ngan aya dina kakanco (paragi ngagantungkeun goong) wungkul, dianatarana: oray naga mangrupa simbul bujangga; Lauk mas mangrupa simbul kamakmuran; Kalamakara/Raksasa mangrupa simbul Katabahan jeung kakuatan pikeun nyingkahan sabangsaning iblis[1].
[édit] Cara Nabeuh
Hampir sakabéh jenis goong dimaénkeun kucara ditabeuh maké panakol husus[1]. Ngan sok béda-béda posisi nakolna, misal goong gantung mah ditakol ka arah gigir, ari goong buyung mah ditakol ka arah handap kawas nakol jenglong[1]. Alat panakolna buleud, dibungkus ku kaén manglapis-lapis, dicekel ku leungeun katuhu, ditakolkeun ka penclonna[1]. Goong leutik (kempul) jeung goong buyung mah kudu diténgkép maenkeunana, ngarah sorana teu panjang teuing[1].
[édit] Referensi
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |