Mahabarata

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ilustrasi dina hiji naskah ngeunaan perang Baratayuda di Kurusétra.

Mahabarata (Sansakerta: महाभारत) nyaéta hiji karya sastra buhun anu cenah ditulis ku Bagawan Abiyasa atawa Vyasa ti India. Buku ieu diwangun ku dalapan belas buku, mangka dingaranan Astadasaparwa (asta = 8, dasa = 10, parwa = buku). Tapi, aya ogé anu percaya yén carita ieu saéstuna mangrupa kumpulan ti réa carita anu asalna mencar, anu dikumpulkan saprak abad ke-4 saméméh Masehi.

Sacara singket, Mahabarata nyaritakeun carita konflik para Pandawa lima jeung baraya misan maranéhanana nyaéta saratus Kurawa, ngeunaan sengketa hak pamaréntahan tanah nagara Astina. Puncakna nyaéta perang Baratayuda di tegal Kurusétra sarta perang lumangsung salila dalapan belas poé. Citakan:Hindu sastra

Pangaruh kana budaya urang[édit | sunting sumber]

Sajaba eusina carita kepahlawanan (wiracarita), Mahabarata ogé ngandung ajén-inajén ageman jeung mitologi Hindu. Ku sabab éta carita Mahabarata ieu dianggap suci ku panganut Hindu. Carita anu mimitina ditulis dina basa Sansakerta ieu saterusna dicutat dina sagala rupa basa, utamana di wewengkon anu kapangaruhan ku Hindu kaasup Asia Tenggara.

Di Indonésia, salinan sagala rupa bagian tina Mahabarata, kawas Adiparwa, Wirataparwa, Bismaparwa sarta mungkin ogé sawatara parwa anu séjén, dipikanyaho geus dirobah kana wangun prosa basa Kawi saprak ahir abad ka-10 Masehi, nyaéta dina mangsa karajaan Kadiri. Alatan sipatna éta, wangun prosa ieu dipikawanoh ogé minangka sastra parwa.

Mahakarya sastra kasebut ogé mekar sarta méré ilham ka sagala rupa wangun budaya jeung seni utamana di pulo Jawa sarta pulo Bali, mimiti ti seni patung sarta seni ukir (relief) dina candi-candi, seni tari, seni lukis nepi ka seni pintonan kawas wayang golék, wayang kulit sarta wayang jelema.

Dina dunya sastera populér Indonésia, carita Mahabarata ogé disajikan dina wangun komik anu ngajadikeun carita ieu dipikawanoh ku golongan dawam. Salah sahiji anu kawéntar nyaéta karya ti R.A. Kosasih.

Vérsi-vérsi Mahabarata[édit | sunting sumber]

Di India aya dua vérsi utama Mahabarata dina basa Sansakerta anu rada béda. Dua vérsi ieu disebut ku istilah "Vérsi Kalér" jeung "Vérsi Kidul". Biasana vérsi kalér dianggap leuwih deukeut jeung vérsi anu pangkolotna.

Daptar buku[édit | sunting sumber]

Mahabarata ngarupakeun carita epik anu kabagi jadi dalapan belas buku atawa mindeng disebut Astadasaparwa. Runtuyan buku ieu nyaritakeun kronologi kajadian dina carita Mahabarata, nyaéta saprak carita para karuhun Pandawa jeung Kurawa (Yayati, Yadu, Puru, Kuru, Duswanta, Sakuntala, Barata) nepi ka carita ditarimana Pandawa di sawarga.

Ngaran buku Katerangan
Adiparwa Buku Adiparwa eusina sagala rupa carita anu patali jeung Hindu, kawas contona carita diputerna Mandaragiri, carita Bagawan Domya anu nguji katilu muridna, carita para karuhun Pandawa jeung Kurawa, carita kalahiran Resi Abiyasa, carita mangsa leutik Pandawa jeung Kurawa, carita tiwasna raksasa Hidimba di leungeun Bimasena, sarta carita Arjuna meunangkeun Drupadi.
Sabaparwa Buku Sabaparwa eusina carita pasamoan Pandawa jeung Kurawa dina hiji baleriung pikeun maén judi, alpukahna Duryodana. Alatan usaha licik Sangkuni, maén judi ieu dibeunangkeun dua kali ku Kurawa sahingga luyu jeung jangji-pasini, Pandawa kudu ngasingkan diri ka leuweung salila 12 taun sarta sanggeus éta ngaliwatan mangsa nyamur salila sataun.
Wanaparwa Buku Wanaparwa eusina carita Pandawa salila mangsa 12 taun dipiceun di leuweung. Dina buku kasebut ogé dicaritakan lalakon Arjuna anu tatapa di gunung Himalaya pikeun ngabeunangkeun pakarang sakti. Lalakon Arjuna kasebut jadi bahan carita Arjunawiwaha.
Wirataparwa Buku Wirataparwa eusina carita mangsa sataun Pandawa nyamur di Karajaan Wirata sanggeus ngalaman dipiceun salila 12 taun. Yudistira nyamur jadi ahli ageman, Bima jadi juru masak, Arjuna jadi guru tari, Nakula jadi penjinak kuda, Sadéwa jadi tukang angon, sarta Drupadi jadi panata rias.
Udyogaparwa Buku Udyogaparwa eusina carita ngeunaan sasayagaan perang kulawarga Barata (Baratayuda). Kresna anu lumaku jadi juru damé gagal ngadamékuen Pandawa jeung Kurawa. Pandawa jeung Kurawa néangan balad saloba-lobana di sakuliah Baratawarsa, sarta ampir sakumna Karajaan India Buhun kabagi jadi dua jumplukan.
Bismaparwa Buku Bismaparwa mangrupa buku munggaran anu nyaritakeun ngeunaan perang di Kurusétra. Dina sawatara bagianana nyelap hiji paguneman antara Kresna jeung Arjuna nu keur nyanghareupan perang. Paguneman kasebut dipikawanoh minangka buku Bhagavad Gita. Dina buku Bismaparwa ogé dicaritakan gugurna Resi Bisma dina poé kasapuluh alatan usaha Arjuna anu dibantuan ku Srikandi.
Dronaparwa Buku Dronaparwa nyaritakeun pengangkatan Bagawan Drona jadi panglima perang Kurawa. Drona ngalakukeun upaya nyerek Yudistira, tapi gagal. Drona gugur dina médan perang alatan ditunggel janggal disabet beuheungna ku Dréstajumena sabot manéhna keur tungkul leuleus ngadéngé béja anu nyaritakeun anakna (Aswatama) palastra. Dina buku kasebut ogé dicaritakeun gugurnya Abimanyu jeung Gatotkaca.
Karnaparwa Buku Karnaparwa nyaritakeun pengangkatan Karna minangka panglima perang ku Duryodana sanggeus gugurna Bisma, Drona, jeung balad séjénna. Dina buku kasebut dicaritakeun gugurna Dursasana ku Bima. Salya jadi kusir karéta Karna, saterusna lumangsung papaséaan antara maranéhanana. Ahirna, Karna gugur ku leungeun Arjuna ku pakarang Pasupati dina poé ka-17.
Salyaparwa Buku Salyaparwa eusina carita pengangkatan Sang Salya minangka panglima perang Kurawa dina poé ka-18. Dina poé éta ogé, Salya gugur di médan perang. Sanggeus ditinggal balad jeung barayana, Duryodana kaduhung ku kalakuanana sarta rék ngeureunkeun peperangan jeung para Pandawa. Hal éta jadi éjékan para Pandawa. Ku kituna Duryodana kapancing pikeun tarung jeung Bima. Dina tarung kasebut, Duryodana gugur, tapi manéhna kungsi ngangkat Aswatama jadi panglima.
Sauptikaparwa Buku Sauptikaparwa eusina carita bales dendam Aswatama ka soldadu Pandawa. Dina waktu peuting, manéhna babarengan Krépa jeung Kertawarma nyalusup ka kémah pasukan Pandawa sarta maéhan réa jelema, kacuali para Pandawa. Sanggeus éta, manéhna kabur ka patapaan Abiyasa. Isukna manéhna disusul ku Pandawa sarta lumangsung tarung antara Aswatama jeung Arjuna. Abiyasa jeung Kresna bisa ngabéréskeun masalah éta. Ahirna Aswatama kaduhung ku kalakuanana sarta jadi patapa.
Striparwa Buku Striparwa eusina nyaritakeun ceurikna kaum wanoja anu ditinggal ku salaki maranéhanana di médan perang. Yudistira ngalakukeun upacara meuleum layon pikeun maranéhanana anu gugur sarta ngahaturkeun cai suci ka karuhun. Dina poé éta ogé Déwi Kunti nyaritakeun lahirna Karna anu jadi rusiah pribadina.
Santiparwa Buku Santiparwa eusina nyaritakeun perang batin Yudistira alatan geus maéhan dulur-dulurna di médan perang. Ahirna manéhna dibéré wejangan ku Resi Abiyasa jeung Sri Kresna. Maranéhanana ngécéskeun rusiah sarta tujuan ajaran Hindu ambéh Yudistira bisa ngalaksanakeun kawajibanana salaku Raja.
Anusasanaparwa Buku Anusasanaparwa eusina nyaritakeun sumerah dirina Yudistira ka Resi Bisma pikeun nampa ajaranana. Bisma ngajarkeun ngeunaan ajaran Darma, Harta, aturan ngeunaan sagala rupa upacara, kawajiban saurang Raja, jeung sajabana. Ahirna, Bisma ninggalkeun dunya kalawan tenang.
Aswamedhikaparwa Buku Aswamedikaparwa eusina nyaritakeun palaksanaan upacara Aswameda ku Raja Yudistira. Kitab kasebut ogé nyaritakeun perang Arjuna jeung para Raja di dunya, carita kalahiran Parikesit anu mimitina tiwas dina kandungan alatan pakarang sakti Aswatama, tapi dihirupkeun deui ku Sri Kresna.
Asramawasikaparwa Buku Asramawasikaparwa eusina nyaritakeun inditna Dréstarastra, Gandari, Kunti, Widura, jeung Sanjaya ka tengah leuweung, pikeun ninggalkeun karaméan dunya. Maranéhanana mikeun tahta sapinuhna ka Yudistira. Ahirna Resi Narada datang mawa béja yén maranéhanana geus indit ka sawarga alatan dibeuleum ku seuneu sucina sorangan.
Mosalaparwa Buku Mosalaparwa nyaritakeun kamusnahan bangsa Weresni. Sri Kresna ninggalkeun karajaanana tuluy indit ka tengah leuweung. Arjuna ngadatangan Dwarawati sarta manggihan dayeuh kasebut geus kosong. Ku nasehat Resi Abiyasa, Pandawa jeung Drupadi ngalakonan hirup “sanyasin” atawa ngasingkan diri sarta ninggalkeun dunya nu fana.
Mahaprastanikaparwa Buku Mahaprastanikaparwa nyaritakeun lalampahan Pandawa jeung Drupadi ka punclut gunung Himalaya, samentara tahta karajaan dibikeun ka Parikesit, incu Arjuna. Dina pamgumbaraanana, Drupadi jeung para Pandawa (kajaba Yudistira), maot sajeroning lalampahan.
Swargarohanaparwa Buku Swargarohanaparwa nyaritakeun Yudistira anu ngahontal punclut gunung Himalaya sarta disampeur pikeun ngahontal sawarga ku Déwa Indra. Dina lalampahanana, manéhna dibaturan ku hiji anjing anu pohara satia. Manéhna nampik asup ka sawarga lamun dititah ninggalkeun anjingna sorangan. Éta anjing robah ka wujud nu sabenerna, nyaéta Déwa Darma.

Ringkesan carita[édit | sunting sumber]

Peta "Baratawarsa" (India Buhun) atawa wewengkon kakawasaan Maharaja Barata

Kasang tukang[édit | sunting sumber]

Mahabarata ngarupakeun carita kilas balik anu dicaritakeun ku Resi Wesampayana pikeun Maharaja Janamejaya anu gagal ngayakeun upacara korban oray. Luyu jeung paménta Janaméjaya, carita kasebut mangrupa carita raja-raja gedé anu aya di garis katurunan Maharaja Yayati, Barata, sarta Kuru, anu taya lian mangrupa karuhun Maharaja Janaméjaya. Saterusna Kuru nurunkeun raja-raja Astinapura anu jadi inohong utama Mahabarata. Maranéhanana nyaéta Santanu, Citrangada, Wicitrawirya, Drétarastra, Pandu, Yudistira, Parikesit sarta Janaméjaya.

Para Raja India Buhun[édit | sunting sumber]

Mahabarata réa munculkan ngaran raja-raja gedé dina jaman India Buhun kawas Barata, Kuru, Parikesit (Parikshita), sarta Janaméjaya. Mahabarata mangrupa carita gedé katurunan Barata, jeung Barata téh nyaéta salah sahiji raja anu nurunkeun inohong-inohong utama dina Mahabarata.

Carita Sang Barata dimimitian ku pasamoan Raja Duswanta jeung Sakuntala. Raja Duswanta nyaéta saurang raja gedé ti Candrawangsa turunan Yayati, nikah ka Sakuntala ti patapaan Bagawan Kanwa, saterusna nurunkeun Sang Barata, raja legéndaris. Sang Barata tuluy nalukkeun daratan India Buhun. Sanggeus ditalukkeun, wewengkon kekawasaanna disebut Baratawarsa anu hartina wewengkon kakawasaan Maharaja Barata (cenah ngawengku Asia Kidul)History of Bharatavarsha. Sang Barata nurunkeun Sang Hasti, anu saterusna ngadegkeun hiji puseur pamaréntahan nu ngaranna Astinapura. Sang Hasti nurunkeun Para Raja Astinapura. Ti kulawarga kasebut, lahir Sang Kuru, anu ngawasa sarta nyucikan hiji wewengkon lega anu disebut Kurusétra (perenahna di nagara bagian Haryana, India Kalér). Sang Kuru nurunkeun Dinasti Kuru atawa Wangsa Kaurawa. Dina Dinasti kasebut, lahir Pratipa, anu jadi bapana Prabu Santanu, karuhun Pandawa jeung Kurawa.

Baraya Wangsa Kaurawa (Dinasti Kuru) nyaéta Wangsa Yadawa, alatan dua Wangsa kasebut asalna ti karuhun anu sarua, nyaéta Maharaja Yayati, saurang satria ti Wangsa Candra atawa Dinasti Soma, turunan Sang Pururawa. Dina pancakaki Wangsa Yadawa, lahir Prabu Basudéwa, Raja di Karajaan Suraséna, anu saterusna boga anak Sang Kresna, anu ngadegkeun Karajaan Dwaraka. Sang Kresna ti Wangsa Yadawa duduluran misan jeung Pandawa sarta Kurawa ti Wangsa Kurawa.

Prabu Santanu jeung turunanana[édit | sunting sumber]

Prabu Santanu sarta Déwi Satyawati, karuhun para Pandawa jeung Kurawa
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Santanu.

Prabu Santanu nyaéta saurang raja kasohor ti garis katurunan Sang Kuru, asalna ti Astinapura. Manéhna ngadahup ka Déwi Gangga anu disupata turun ka dunya, tapi Déwi Gangga ninggalkeun salakina alatan Sang Prabu ngarémpak jangji kawin. Hubungan Sang Prabu jeung Déwi Gangga kungsi ngahasilkeun anak anu dibéré ngaran Déwabrata atawa Bisma. Sanggeus ditinggalkeun ku Déwi Gangga, ahirna Prabu Santanu ngaduda. Sawatara taun saterusna, Prabu Santanu neruskeun kahirupan rumah tangga ku cara ngadahup ka Déwi Satyawati, puteri pamayang. Ti hubungan ieu, Sang Prabu boga anak Sang Citrānggada jeung Wicitrawirya. Citrānggada maot dina umur ngora keur waktu perang, saterusna manéhna digantikeun ku adina nyaéta Wicitrawirya. Wicitrawirya ogé pupus dina umur nu ngora sarta tacan kungsi ngabogaan turunan. Ku bantuan Resi Abiyasa, dua pamajikan Wicitrawirya, nyaéta Ambika jeung Ambalika, masing-masing ngalahirkeun anak nu ngaranna Pandu (ti Ambalika) jeung Dréstarastra (ti Ambika).

Drétarastra lahir lolong, mangka tahta Astinapura dibikeun ka Pandu, adina. Pandu ngadahup ka Kunti sarta ngabogaan tilu urang anak nu ngaranna Yudistira, Bima, jeung Arjuna. Saterusna Pandu kawin pikeun anu kadua kalinya jeung Madrim, sarta ngabogaan anak kembar nu dingaranan Nakula jeung Sadéwa. Kalima anak Pandu kasebut dipikawanoh salaku Pandawa. Dréstarastra anu lolong ngadahup ka Gandari, sarta ngabogaan saratus anak lalaki jeung hiji anak awéwé nu dipikawanoh ku istilah Kurawa. Pandu sarta Dréstarastra ngabogaan baraya bungsu nu ngaranna Widura. Widura ngabogaan saurang anak nu ngaranna Sanjaya, anu ngabogaan panon batin nu sanggup nempo mangsa ka tukang, mangsa ayeuna, jeung mangsa ka hareup.

Kulawarga Dréstarastra, Pandu, sarta Widura ngawangun jalan carita Mahabarata.

Pandawa jeung Kurawa[édit | sunting sumber]

Pandawa jeung Kurawa ngarupakeun dua golongan nu sipatna béda tapi asalna ti karuhun anu sarua, nyaéta Kuru jeung Barata. Kurawa (hususna Duryodana) boga sipat licik sarta sok dengki haté ningali kaleuwihan Pandawa, sedengkeun Pandawa boga sipat tenang sarta sok sabar mangsa ditindes ku misan maranéhanana. Bapana para Kurawa, nyaéta Dréstarastra, pohara mikanyaah anak-anakna. Hal éta ngajadikeun manéhna mindeng dihasut ku iparna nyaéta Sangkuni, reujeung anak kadeudeuhna nyaéta Duryodana, ambéh daék ngidinan rancana jahat nyingkahkeun para Pandawa.

Dina hiji mangsa, Duryodana ngondang Kunti jeung para Pandawa pikeun liburan. Di dinya maranéhanana mondok di hiji imah anu geus disadiakeun ku Duryodana. Dina jero peuting, imah éta dibeuleum. Tapi para Pandawa disalametkeun ku Bima sahingga maranéhanana henteu kabeuleum hirup-hirup dina jero imah kasebut. Réngsé nyalametkeun diri, Pandawa jeung Kunti asup ka leuweung. Di leuweung kasebut Bima papanggih jeung raksasa Arimba sarta maéhanana tuluy ngadahup ka adina, nyaéta raksasi Arimbi. Ti dinya lahir Gatotkaca.

Sanggeus ngaliwatan leuweung geledegan, Pandawa ngaliwatan Karajaan Pancala. Di dinya nyebar béja yén Raja Drupada ngalaksanakeun sayémbara ngarebutkeun Déwi Drupadi. Karna miluan sayémbara kasebut, tapi ditampik ku Drupadi. Pandawa ogé milu ngahadiran sayémbara éta, tapi maranéhanana maké pakéan kawas kaum brahmana. Arjuna ngawakilan para Pandawa pikeun ngabeunangkeun sayémbara sarta manéhna hasil ngalakonanana. Sadatangna di imah, maranéhanana ngomong ka indungna yén maranéhanana datang mawa hasil baramaén. Indungna ngajurung sangkan hasil kasebut dibagi rata pikeun sakabéh dulurna. Tapi, kacida kagétna manéhna waktu nempo yén anak-anakna henteu ngan mawa hasil baramaén, tapi ogé saurang wanoja. Teu pelak deui, Drupadi nikah ka lima Pandawa.

Maén dadu[édit | sunting sumber]

Dursasana anu miboga watek dugal, metot lawon anu dipaké Dropadi, tapi lawon kasebut terulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri Kresna
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sabaparwa.

Ambéh henteu lumangsung perang rongkah, Karajaan Kuru dibagi dua pikeun Pandawa jeung Kurawa. Kurawa maréntah Karajaan Kuru indung (puseur) kalawan ibukotana Astinapura, samentara Pandawa maréntah Karajaan Kurujanggala kalawan ibukota Indraprahasta. Boh Astinapura jeung Indraprahasta ngabogaan karaton nu agréng. Hi ieu karaton, Duryodana tigejebur kana jero balong anu dikira lanté, ku kituna dirina jadi bahan ejekan Drupadi. Hal kasebut ngajadikeun Duryodana ambek ka para Pandawa.

Pikeun ngarebut kakayaan sarta karajaan Yudistira, Duryodana ngondang Yudistira pikeun maén dadu kalawan taruhan harta sarta karajaan. Yudistira anu resep maén dadu henteu nampik ondangan kasebut sarta daék datang ka Astinapura kalayan harepan bisa ngarebut harta sarta karaton milik Duryodana. Dina waktu maén dadu, Duryodana diwakilan ku Sangkuni anu ngabogaan kesaktian pikeun migawé curang. Hiji-hiji kakayaan Yudistira ragrag ka leungeun Duryodana, kaasup baraya sarta pamajikanana sorangan. Dina kajadian kasebut, pakéan Drupadi dicoba ditarik ku Dursasana alatan geus jadi harta Duryodana saprak Yudistira éléh maén dadu, tapi usaha kasebut henteu hasil berkah pitulung goib ti Sri Kresna. Alatan pamajikanana dihina, Bima sumpah baris maéhan Dursasana sarta nginum getihna jaga. Sanggeus ngedalkeun sumpah kasebut, Dréstarastra ngarasa yén malapetaka baris tumiba ka turunanana, mangka manéhna mulangkeun sagala harta Yudistira anu dijadikeun tarohan.

Duryodana anu ngarasa kuciwa alatan Dréstarastra geus mulangkeun kabéh harta anu sabenerna kudu jadi bogana, ngalakukeun maén dadu pikeun anu kadua kalina. Ayeuna, saha anu éléh kudu mikeun karajaan sarta ngasingkan diri ka leuweung salila 12 taun, sanggeus éta kudu hirup nyamur salila sataun, sarta sanggeus éta kakara beunang balik deui ka karajaanana. Pikeun anu kadua kalina, Yudistira miluan kaulinan kasebut sarta sakali deui manéhna éléh. Alatan éléh, Pandawa kapaksa ninggalkeun karajaan maranéhanana salila 12 taun sarta hirup nyamur salila sataun.

Sanggeus mangsa pangasingan béak sarta luyu jeung jangji-pasini anu sah, Pandawa ngabogaan hak pikeun nyokot deui karajaan anu dipingpin ku Duryodana. Tapi Duryodana boga sipat jahat. Manéhna henteu daék mikeun karajaan ka Pandawa, cacak salega tungtung jarum ogé. Hal éta nyieun kesabaran Pandawa béak. Misi damé dipigawé ku Sri Kresna, tapi sababaraha-kali gagal. Ahirna, perang henteu bisa disingkahan deui.

Perang di Kurusétra[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Perang di Kurusétra.

Pandawa upaya néangan balad sarta manéhna meunang bantuan pasukan ti Karajaan Kakaya, Karajaan Matsya, Karajaan Pandya, Karajaan Cola, Karajaan Kerala, Karajaan Magada, Wangsa Yadawa, Karajaan Dwaraka, sarta réa deui. Sajaba ti éta para satria di Baratawarsa kawas contona Drupada, Satyaki, Drestajumena, Srikandi, Wirata, sarta nu séjénna milu ngabiluk Pandawa. Samentara éta Duryodana ménta Bisma pikeun mingpin pasukan Kurawa sakaligus ngangkat manéhna jadi panglima pangluhurna pasukan Kurawa. Kurawa dibantuan ku Resi Dorna sarta anakna (Aswatama), lanceuk ipar para Kurawa nyaéta Jayadrata, sarta guru Krépa, Krétawarma, Salya, Sudaksina, Burisrawas, Bahlika, Sangkuni, Karna, sarta réa deui.

Perang lumangsung salila 18 poé. Dina perang éta, réa satria anu gugur, kawas contona Abimanyu, Drona, Karna, Bisma, Gatotkaca, Irawan, Raja Wirata sarta anakna, Bagadata, Susarma, Sangkuni, sarta réa kénéh deui. Salila 18 poé Kurusétra dipinuhan ku bahéna getih sarta pembantaian yang mengenaskan. Dina tungtung poé kadalapan belas, ngan sapuluh satria anu salamet tina perang, maranéhanana nyaéta: Lima Pandawa, Yuyutsu, Satyaki, Aswatama, Krépa jeung Kretawarma.

Panerus Wangsa Kuru[édit | sunting sumber]

Sanggeus perang lekasan, Yudistira diistrénan jadi Raja Astinapura. Sanggeus maréntah salila sawatara lila, manéhna mikeun tahta ka incuna Arjuna, nyaéta Parikesit. Saterusna, Yudistira babarengan Pandawa sarta Drupadi naék ka gunung Himalaya minangka tujuan ahir lalampahan maranéhanana. Di dinya maranéhanana maot sarta ngahontal sawarga. Parikesit maréntah Karajaan Kuru kalawan adil sarta wijaksana. Manéhna ngadahup ka Madrawati sarta ngabogaan anak nu ngaranna Janaméjaya. Janaméjaya ngadahup ka Wapustama (Bamustiman) sarta ngabogaan anak nu ngaranna Satanika. Satanika nurunkeun Aswamedadata. Aswamedadata sarta turunanana saterusna mingpin Karajaan Wangsa Kuru di Astinapura.

Pancakaki[édit | sunting sumber]

Pancakaki turunan pandawa[édit | sunting sumber]

 
 
 
Nahusa
 
 
 
Priyambada
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Déwayani
 
 
 
Yayati
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Sarmista
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Yadu
 
Turwasu
 
Druhyu
 
Anu
 
Puru
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Yadu nurunkeun
wangsa Yadawa
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Puru nurunkeun
wangsa Paurawa


Pancakaki kulawarga Barata[édit | sunting sumber]

Citakan:Kulawarga Barata

Catetan suku[édit | sunting sumber]

Bahan bacaan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Citakan:Mahabarata

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa