Arimbi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Arimbi

Dina wiracarita Mahabarata, Arimbi nyaéta hiji raksasi. Manéhna mangrupakeun baraya Arimba, hiji raksasa. Arimbi ngadahup jeung Bima, salah sahiji Pandawa, sarta ngalahirkeun anak nu dingaranan Gatotkaca.

Arimbi dina Mahabharata[édit | sunting sumber]

Arimbi papanggih jeung Bima waktu manéhna ngalalana di leuweung babarengan Pandawa sadulur jeung indungna Kunti. Lanceuk Arimbi anu ngaranna Arimba, ngajurung manéhna pikeun mawa daging manusa, tapi sabot nyampeurkeun Bima anu keur diuk di tengah leuweung, manéhna ragrag asih sarta henteu tega maéhanana. Manéhna robah jadi wanoja geulis, jangkung, kulitna hideung, sarta nyampeurkeun Bima. Waktu Arimba datang pikeun maéhan Bima, manéhna nyoba narajang Arimbi tapi Arimbi ditangtayungan ku Bima, anu saterusna maéhan Arimba. Satuluyna Bima ngalamar Arimbi. Arimbi cicing di leuweung babarengan jeung Pandawa sarta satuluyna méré Bima saurang anak nu dingaranan Gatotkaca. Waktu Pandawa ninggalkeun leuweung, Bima kudu ninggalkeun Arimbi jeung Gatot Kaca sabab Pandawa keur dina persiapan nyanghareupan perang. Mangtaun-taun ti harita maranéhanana pada papanggih deui.

Lantaran ngaran nu ampir sarupa, Arimba jeung Arimbi dianggap baraya kembar.

Arimbi dina pewayangan Sunda jeung Jawa[édit | sunting sumber]

Dina Mahabarata, Déwi Arimbi nyaéta putri kadua Prabu Arimbaka, raja raksasa ti nagara Pringgandani. Manéhna miboga tujuh urang baraya kandung, nu ngaranna masing-masing Arimba, Arya Purbakesa, Brajadenta, Brajamusti, Brajalamatan, Brajawikalpa jeung Kalabendana.

Déwi Arimbi ngadahup ka Bima alias Werkudara, salah saurang ti lima satria Pandawa, putra Prabu Pandu, raja ti nagara Astina ti permaisuri Déwi Kunti. Ti Déwi Arimbi, Bima miboga saurang anak anu dibéré ngaran Gatotkaca.

Déwi Arimbi jadi ratu nagara Pringgandani, ngagantikeun kalungguhan lanceukna, Prabu Arimba, anu tiwas dina peperangan ngalawan Bima. Tapi alatan Déwi Arimbi leuwih mindeng cicing di Kasatrian Jodipati nuturkeun salakina, kakawasaan nagara Pringgandani diwakilkeun ka adina, Brajadenta nepi ka Gatotkaca déwasa sarta diangkat jadi raja nagara Pringgandani kalayan gelar Prabu Kacanegara.

Déwi Arimbi miboga kasaktian, diantarana bisa pindah rupa ti wujudna nu mangrupa raksasa jadi putri geulis kawanti-wanti. Kasaktian ieu mangrupakeun kasinugrahan paméré Déwi Kunti alatan Werkudara nampik ngawin Déwi Arimbi anu waktu éta masih ngawujud raksasi (raksasa awéwé) anu pikasieuneun. Manéhna miboga sipat jujur, satia, bakti sarta pohara nyaah ka anakna. Ahir kahirupanana cenah manéhna gugur di médan perang Baratayuda mangsa ngabélaan anakna, Gatotkaca, anu saméméhna gugur kakeunaan Panah Konta Wijayandanu atawa Konta boga Adipati Karna, raja nagara Awangga.

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa