Baladéwa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Baladéwa
Baladéwa dina wanda wayang golék
Baladéwa dina wanda wayang golék
Déwanagari: बलराम
Éjahan Sansakerta: Balarāma
Ngaran séjén: Aladara, Balarama, Kakrasana
Asal: Karajaan Mandura
Papasangan: Déwi Érawati

Baladéwa atawa Aladara nya éta salah sahiji tokoh anu aya dina wiracarita Mahabarata[1][2]. Manéhna putra Prabu Basudéwa, Raja Mandura ti Déwi Mahérah[1][2]. Baladéwa katelah pinter maénkeun gada, Duryudana jeung Bima ogé jadi muridna[1]. Baladéwa boga kembaran nya éta Krésna, ngan bédana ari Baladéwa mah kulitna bodas, ari krésna mah hideung[2]. Adina nu séjén ngaranna Déwi Subadra anu dipigarwa ku Arjuna[1][2].

Lalakon Hirup[édit | sunting sumber]

Ti leuleutik, Baldéwa jeung adi- adina geus diungsikeun ka Widarakandang sabab meunang ancaman rék dipaténi ku Kangsa[2]. Di Wirakandang Maranéhna dirorok ku Demang Antyagopa jeung Nyai Sagopi[1][2]. Baladéwa jadi tukang ngawuluku di Wirakandang[1].

Keur rumajana Baladéwa katelah Kakrasana guguru ka salah saurang resi jelmaan Batara Brahma[2]. Sanggeus réngsé guguru manéhna dilélér pakarang perang diantarana: nenggala atawa lenggala, jeung alugora, gada anu boga dua ujung seukeut[1][2]. Lian ti éta Baladéwa ogé meunang élmu Aji Jaladara anu nyababkeun manéhna bisa hiber leuwih gancang batan batur[2].

Baladéwa nikah jeung Déwi Érawati, anakna Prabu Salya anu cikal ti karajaan Mandraka[1][2]. Ti éta garwa, Baladéwa boga dua anak lalaki nya éta Radén Wisata jeung Wimuna[2]. Teu lila ti harita Baladéwa ngagantikeun Bapana, Prabu Basudéwa jadi raja di Mandura[1]. Dina Carios Kangsa Adu Jago, dicaritakeun yén Baladéwa babarengan jeung Krésna ngéléhkeun Kangsa[1]. Nalika Baratayuda lumangsung, Baladéwa teu ilubiung saeutik-eutik acan[1][2]. Sabab saacan Baratayuda dimulai, Krésna nitah Baladéwa tapa di curug Séwu[1][2]. Ieu hal dilaksanakeun kusabab nyaahna krésna ka lanceukna, sangkan lanceukna henteu nelasan pati di Kurusetraref>[2]. Lian ti éta lamun Baladéwa ngiluan, pasti manéhna bakal mihak Kurawa, sedengkeun kasaktén Baladéwa mah hésé euweuh tandinganana ti pihak Pandawa mah[1].

Sanggeus Baratayuda réngsé, karek Baladéwa sadar yén manéhna geus ditipu ku adina[1][2]. Dina lalakon Jaya Pupuan dicaritakeun Baladéwa masih sempet ngawasitan tanding gada antara Duryudana jeung Bima[1]. Baladéwa maot nalika Astina diparéntah ku Parikesit, Baladéwa masih sempet ningali panobatan Parikesit[1][2].

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Sopandi. Atik S. Kar.1991.Miwanoh Pandawa Lilima.Bandung:Mekar Rahayu (diaksés tanggal 17 Oktober 1992)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p [Figur Wayang] (diaksés tanggal 17 Oktober 2011)
Nulis.jpg