Bali

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bali
Lambang propinsi bali.jpg

Lambang Bali
"Balidwipa Jaya"
(Basa Kawi: "Pulo Bali Jaya")
Locator bali final.png

Peta lokasi Bali
Koordinat {{{kordinat}}}
Dasar hukum {{{dasar hukum}}}
Tanggal penting 14 Agustus 1959 (poé jadi)
Ibu kota Dénpasar (saméméhna Singaraja)
Gubernur Drs. Déwa Made Beratha
Lega 5.561 km²
Pangeusi 4.500.000 (+/-)
Kapadetan 800/km²
Kabupatén 8
Kota 1
Kacamatan {{{kacamatan}}}
Kalurahan/Désa {{{kalurahan}}}
Suku Bali (80%), Jawa (15%), Madura (5%),
Ageman Hindu (80%), Islam, Buda, dan Kristen
Basa Bali, Indonésia, Jawa, Sasak, Malayu, dll.
Zona waktu WITA
Lagu Daérah Bali Jagaddhita

Ramatloka resmi: http://www.bali.go.id

(?)
Sawah di puri Gunung Kawi

Bali nyaéta salasahiji pulo sakaligus propinsi di Indonésia. Bali aya di antara Pulo Jawa jeung Pulo Lombok. Di dunia, Bali kawentar minangka tujuan pariwisata hususnya keur urang Jepang sarta Australia. Bali kasohor ogé minangka Pulo Déwata.

Géografi[édit | sunting sumber]

Pulo Bali nyaéta bagian tina Kapuloan Sunda Leutik sapanjang 153 km sarta sarubak 112 km kira-kira 3,2 km ti Pulo Jawa. Sacara astronomis, Bali perenahna di 8°25′23″ Lintang Kidul sarta 115°14′55″ Lintang Wétan anu nyababkeun pulo ieu boga iklim tropis kawas bagian Indonésia anu séjén.

Gunung Agung nyaéta titik pangluhurna di Bali saluhur 3.148 m. Gunung seuneuan ieu pamungkas bitu dina Maret 1963. Gunung Batur ogé salah sahiji gunung anu aya di Bali. Kira-kira 30.000 warsih ka tukang, Gunung Batur bitu sarta ngahasilkeun musibah anu pohara di bumi. Béda jeung di bagian kalér, bagian kidul Bali nyaéta dataran handap anu diliwatan walungan-walungan.

Puseur dayeuh Bali nyaéta Dénpasar. Tempat-tempat penting séjénna nyaéta Ubud minangka puseur seni perenahna di Kabupatén Gianyar; sedengkeun Kuta, Sanur, Saminyak, Jimbaran sarta Nusa Dua nyaéta sawatara tempat anu jadi tujuan pariwisata, boh wisata basisir boh tempat peristirahatan.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Penghuni kahiji pulo Bali diperkirakeun datang dina 2500 SM anu pindah ti Asia. Jaman prasejarah saterusna lekasan ku datangna jalma-jalma Hindu ti India dina 100 SM.

Di jaman karajaan Majapahit, ampir sakumna nusantara ngagem agama Hindu tapi ngiringan datangna Islam, ngadeg karajaan Islam di nusantara anu ngabalukarkeun runtagna Majapahit kira-kira warsih 1500. Jalma-jalma Hindu réa anu nyingkir ti Pulo Jawa ka Bali.

Jelema Éropa anu mimiti manggihan Bali nyaeta Cornelis de Houtman ti Walanda dina taun 1597. Walanda liwat VOC ogé mimiti ngalaksanakeun pangjajahanana di taneuh Bali, ngabalukarkeun lumangsungna perang puputan anu ngalibetkeun sakumna rahayat boh lalaki boh wanoja kaasup rajana.

Saprak ngadegna Republik Indonésia, Bali geus jadi bagian ti nagara kahijian kasebut.

Dina 12 Oktober 2002, Bali dibom di wewengkon Kuta anu ngabalukarkeun kira-kira 202 jelema maot sarta ratusan séjénna tararatu. Kalolobaan korban maot nyaéta warga Australia.

Lahan sawah di Bali

Démografi[édit | sunting sumber]

Pangeusi Bali kira-kira sajumlah 4 yuta jiwa, mayoritas 93% ngagem ageman Hindu. Ageman lianna nyaéta Islam, Protéstan, Katolik, jeung Buda.

Lian ti séktor pariwisata, pangeusi Bali hirup tina tatanén jeung perikanan. Sabagian deui milih jadi seniman. Basa nu digunakeun di Bali nyaéta Basa Indonésia, Bali, jeung Inggris hususna keur nu digawé di séktor pariwisata.

Transportasi[édit | sunting sumber]

Umum[édit | sunting sumber]

Di Pulo Bali, henteu aya rel karéta seuneu tapi raramat jalan geus sadia hususna ka wewengkon-wewengkon tujuan wisatawan. Kalolobaan nu nyicingan ngabogaan tutumpakan pribadi sarta milih makéna alatan jalur tutumpakan umum henteu sadia kalawan alus kajaba taksi.

Jenis kedaraan umum di Bali diantarana:

  1. Délman (Tutumpakan nu ngagunakeun sato kuda minangka pakakas penarik)
  2. Ojég (Tutumpakan umum kalawan ngagunakeun sapédah motor)
  3. Bémo (Tutumpakan umum sajenis mikrolet)
  4. Bemo di jero dayeuh
  5. Bemo luar dayeuh (jenisna leuwih badag)
  6. Taksi
  7. Beus antar dayeuh atawa kabupatén.
  8. Beus luar pulo.

Ti sarta ka[édit | sunting sumber]

Antara Pulo Bali sarta Jawa, sadia jasa panyabrangan laut ngaliwatan palabuan Gilimanuk nuju ka Ketapang ngagunakeun kapal ferry anu ngadahar waktu antara 30 menit nepi ka 45 menit. Kitu deui panyabrangan antara Pulo Bali jeung Lombok, nyabrang laut ngaliwatan palabuan Padang Bay nuju ka Lembar ngadahar waktu kira-kira 4 jam.

Pikeun transportasi hawa dilayanan ku Bandara Internasional Ngurah Rai. Landas pacu sarta pesawat ngapung anu datang sarta indit bisa katémbong kalawan écés ti basisir.

Pamaréntahan[édit | sunting sumber]

Daptar Daérah Tingkat II di Bali[édit | sunting sumber]

  1. Kabupatén Badung
  2. Kabupatén Bangli
  3. Kabupatén Buleleng
  4. Kabupatén Gianyar
  5. Kabupatén Jembrana
  6. Kabupatén Karangasem
  7. Kabupatén Klungkung
  8. Kabupatén Tabanan
  9. Kota Denpasar

Daptar Gubernur[édit | sunting sumber]

Peta topografi Pulo Bali
No. Période Nami Gubernur Katerangan
1 1950 - 1958 Anak Agung Bagus Sutedja
2 1958 - 1959 I Gusti Bagus Oka
3 1959 - 1965 Anak Agung Bagus Sutedja
4 1965 - 1967 I Gusti Putu Martha
5 1967 - 1978 Soekarmen
6 1978 - 1988 Prof. Dr. Ida Bagus Mantra
7 1988 - 1993 Prof. Dr. Ida Bagus Oka
8 1993 - 1998 Prof. Dr. Ida Bagus Oka
9 1998 - 2003 Drs. Dewa Made Beratha
10 2003 - 2008 Drs. Dewa Made Beratha

Wawakil di Jakarta[édit | sunting sumber]

  • I Wayan Sudirta, SH (DPD)
  • Nyoman Rudana (DPD)
  • Ida Bagus Gede Agastia, Drs. (DPD)
  • Ida Ayu Agung Mas, Dra., (DPD)


Flag of Indonesia.svg