Basa Indonésia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Basa Indonésia (Basa Indonésia)
Dipaké di: Indonésia, Timor Timur
Wewengkon: Indonésia, Malaysia, Timor Timur
Jumlah pamaké: 17–30 juta panyatur tulén
total 140–200 juta
Urutan ka: 56
Klasifikasi rungkun basa: Rungkun Austronésia

 Malayu-Polinésia
  Malayu-Polinésia Barat
   Sundik
    Malayik
     Rungkun Malayu
      Malayu Lokal
       Bahasa Indonesia

Status resmi
Basa resmi di: Indonésia
Diatur ku: Pusat Basa
Sandi basa
ISO 639-1 id
ISO 639-2 ind
ISO 639-3 {{{iso3}}}
SIL INZ
Tempo ogé: Basa - Daptar basa

Basa Indonésia nya éta basa resmi Nagara Indonésia, tapi ngan saeutik pisan nu maké basa Indonésia keur basa ibu. Panglobana maké basa Indonésia keur basa kadua. Basa Indonésia diresmikeun nalika kamardikaan Indonésia, taun 1945. Basa Indonésia mangrupakeun basa dinamis nu terus nyerepkeun kecap-kecap ti basa deungeun. Minangka basa nu asalna tina rungkun nu sarua, Basa Indonésia mangrupakeun dialék anu geus distandarkeun tina Basa Malayu, tur duanana cukup ciples. Fonologi jeung tata basa dina basa Indonésia cukup gampang, dasar-dasar nu penting keur komunikasi dasar bisa diulik ukur dina waktu sababaraha minggu. Basa Indonésia ogé mangrupakeun basa nu digunakeun minangka panganteur pangatikan di sakola di Indonésia.

Basa Indonésia diresmikeun sabot kamerdikaan Indonésia, dina taun 1945. Basa Indonésia nyaéta basa dinamis anu terus nyerepan kecap-kecap ti basa kosta. Asalna ti rungkun anu sarua, Basa Indonésia nyaéta dialek terstandardisasi ti basa Malayu, sarta duanana ampir sarua. Fonologi sarta tata basa ti basa Indonésia cukup gampang, dasar-dasar anu penting pikeun komunikasi dasar bisa dipelajari ngan dina waktu sababaraha minggu. Basa Indonésia mangrupa basa anu dipaké minangka panganteur atikan di sakola di Indonésia.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Basa Indonesia dikembangkeun tina salasahiji dialék basa Malayu, hiji basa Austronésia (atawa Malayu-Polinésia) nu digunakeun minangka lingua franca di kapuloan Indonésia salila mangabad-abad.

Basa dagang[édit | sunting sumber]

Istilah "Basa Malayu" mimiti kajadian dina éra 683-686 M. Ieu bisa ditempo di Musieum Jakarta dina tarjamahan inskripsi anu kapanggih di Palembang sarta Bangka.

Inskripsi ieu ditulis ku aksara Sansekerta ku alatan paréntah Raja Sriwijaya anu karajaan maritimna ngalegaan. Dina mangsa harita di wewengkon dagang Selat Malaka anu jadi panto antara Tiongkok sarta India geus kabentuk hiji basa anu jiga Basa Malayu.

Lolobana perbendaharaan basa Malayu ieu nyambung alatan ayana jalur dagang sarta tata basanya jiga kalawan “Malayu Pasar”. Ti dieu téa saterusna Basa Malayu dibakukeun.

Malayu Klasik[édit | sunting sumber]

Ti éra Malayu Kuna mucunghul éra Malayu Klasik. Dokuméntasi anu aya teu bisa ngajelaskeun kalawan rinci hubungan antara duanana. Tapi anu pasti basa Malayu kuna asalna tina kabudayaan Buddha sarta Malayu klasik anu ahirna jadi basa anu dipaké dina kabudayaan Islam.

Saprak ngembangna agama Islam dimimitian ti Acéh dina abad ka-14, basa Malayu klasik leuwih ngembang sarta dominan nepi ka dina tahap di mana ekspresi “Asup Melayu” hartina asup agama Islam.

Basa Indonésia[édit | sunting sumber]

Basa Malayu di Indonésia saterusna dipaké minangka lingua franca tapi dina waktu éta tacan loba anu makéna salaku basa indung. Biasana masih dipaké basa wewengkon (anu jumlahna bisa nepi ka saloba 360).

Mimiti diciptakeunana Basa Indonésia minangka ajén diri bangsa dimimitian ti Sumpah Pamuda (28 Oktober 1928). Di ditu, dina Kongrés Nasional kadua di Jakarta, diémbarkeun pamakéan Basa Indonésia minangka basa pikeun nagara Indonésia pasca kamerdikaan. Soekarno teu milih basana sorangan, Jawa (anu sabenerna ogé basa mayoritas dina waktu éta) tapi milih Basa Indonésia anu dumasar ti Basa Malayu anu diomongkeun di Riau. Kalawan milih Basa Malayu, para pajoang kamerdikaan ngahiji deui kawas dina masa Islam ngembang di Indonésia tapi harita kalawan tujuan persatuan sarta kabangsaan.

Basa Indonésia anu geus dipilih ieu saterusna distandardisasi deui ku maké tata basa, sarta kamus standar ogé diciptakeun. Hal ieu geus dipigawé dina jaman Pangjajahan Jepang.

Nyampurnakeun éjahan[édit | sunting sumber]

Awalna Basa Indonésia ditulis maké aksara Latén-Romawi nurutan éjahan Walanda, nepi ka taun 1972 nalika Ejaan Yang Disempurnakan (EYD) diwanohkeun. Migunakeun EYD, éjahan dua basa nu sarungkun, nyaéta Basa Indonésia jeung Basa Malaysia, beuki distandarkeun.

Nu robah:

Indonésia
(pra-1972)
Malaysia
(pra-1972)
Ti taun 1972
tj ch c
dj j j
ch kh kh
nj ny ny
sj sh sy
j y y
oe* u u

Catetan: Taun 1947 "oe" geus diganti ku "u".

Pangaruh kana perbendaharaan kecap[édit | sunting sumber]

Aya opat periode penting tina kontak kabudayaan jeung dunya luar nu ninggalkeun tapakna kana perbendaharaan kecap Basa Indonesia.

Hindu (antara abad ka-6 nepi ka 15 M)[édit | sunting sumber]

Kalolobaan kecap asalna tina Sangsakerta Indo-Eropa. (Conto: pura, kepala, mantra, cinta, kaca)

Islam (dimimitian ti abad ka-13 M)[édit | sunting sumber]

Dina periode ieu dicokot loba kecap tina basa Arab jeung Pérsia (Conto: masjid, kalbu, kitab, kursi, doa, khusus, maaf, selamat)

Kolonial[édit | sunting sumber]

Dina periode ieu aya sababaraha basa nu dicokot, diantarana ti Portugis (saperti contona, gereja, sepatu, sabun, meja, jendela) dan Belanda (contoh: asbak, kantor, polisi, kualitas)

Pasca kolonialisasi (kamerdékaan jeung saterusna) loba kecap nu dicokot tina basa Inggris. (Conto: konsumen, isyu). Aya oge Néo-Sangsakerta nyaeta néologisme nu didasarkeun kana basa Sangsakerta, (conto: dasawarsa, lokakarya, tunasusila)

Lian ti éta, basa Indonesia ogé nyerep perbendaharaan kecapna tina basa Tionghoa (conto: pisau, tauge, tahu, loteng, teko, tauke).

Ciri-ciri séjén tina Basa Indonésia kontémporér nyaéta dipigunakeunnana akronim jeung singketan.

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Indonésia kaasup anggota ti Basa Melayu-polinesia Wétan sub jumplukan ti basa Melayu-polinesia anu dina gilirananaa mangrupakeun cabang tina basa Austronesia. Nurutkeun loka Ethnologue, basa Indonésia dumasar kana basa Malayu dialek Riau anu diomongkeun di wétan laut Sumatra

Distribusi geografis[édit | sunting sumber]

Basa Indonésia diomongkeun di sakumna Indonésia, sanajan leuwih réa dipaké di wewengkon dayeuh (kawas di Ibukota Jakarta di mana dipaké Basa Indonésia maké logat Jakarta).

Pamakéan basa di wewengkon biasana leuwih formal, sarta mindeng nyelap logat-logat sarta kecap-kecap di wewengkon basa Indonésia éta diomongkeun. Pikeun komunikasi jeung sasama jelema sawewengkon sakapeung basa wewengkon anu dipaké tibatan basa Indonésia.

Status resmi[édit | sunting sumber]

Basa Indonésia nyaéta basa resmi Républik Indonésia.

Sada[édit | sunting sumber]

Aya genep sora vokal murni: a, e, i, o, u, sarta schwa anu ogé ditulis dina hurup ``e``; tilu diftong (ai, au, oi). Fonem konsonatikna nyaéta p, b, t, d, k, g, c, j, h, ng, ny, m, n, s, w, l, sarta y. Lian ti éta aya ogé konsonan séjén anu ngan mecenghul dina kecap serapan, nyaéta: f, v, sy, z, sarta kh.

Ngéjah basa Indonésia sarua jeung ngéjah basa Italia. Contona, "t" diucapkan leuwih maju tibatan dina basa Inggris (sadana kira-kira antara hurup "t" jeung "th"). Hurup vokalna ogé jiga.

Tata basa[édit | sunting sumber]

Dibandingkeun kalawan basa-basa Éropa, basa Indonésia henteu réa ngagunakeun kecap tata basa kalawan génderan. Contona kecap ganti kawas "manéhna" henteu sacara spesifik némbongkeun naha jelema anu disebut éta lalaki atawa awéwé. Hal anu sarua ogé kapanggih dina kecap kawas "adi" sarta "kabogoh" minangka contona. Pikeun nyepesifikasikeun hiji génder, hiji kecap sipat kudu ditambahkeun, "adi lalaki" minangka contona.

Aya ogé kecap anu genderan, kawas contona "putri" sarta "putra". Kecap-kecap kawas ieu biasana diserep ti basa séjén (dina kasus di luhur, kadua kecap éta diserep ti basa Sangsakerta ngaliwatan basa Jawa Kuna)

Pikeun ngarobah hiji kecap barang jadi wangun loba dipaké reduplikasi, tapi ngan lamun jumlahna henteu diimplikasikeun dina konteks. Contona "sarébu urang" dipaké tibatan "sarébu jalma-jalma". Reduplikasi ogé miboga réa fungsi séjén, henteu kawates dina kecap barang.

Basa Indonésia ngagunakeun dua jenis kecap ganti jelema kahiji loba, nyaéta "kami" sarta "urang". "Kami" nyaéta kecap ganti eksklusif anu hartina henteu kaasup lawan ngomong, sedengkeun "urang" nyaéta kecap ganti inklusif anu hartina jumplukan jelema anu disebut kaasup lawan ngomongna.

Susunan kecap dasar nyaéta Jejer - Predikat - Objek (SPO), sanajan susunan kecap séjén ogé bisa wae. Kecap gawé henteu dibasa berinfleksikeun ka jelema atawa jumlah jejer sarta objek. Basa Indonésia ogé henteu mikawanoh basa (tense). Waktu dinyatakeun kalawan nambahan kecap katerangan waktu (kawas, "kamari" atawa "isukan"), atawa indikator séjén kawas "geus" atawa "tacan".

Kalawan tata basa anu cukup basajan, basa Indonésia miboga karuwetna sorangan, nyaéta dina pamakéan rarangkén anu meureun baris cukup ngabingungkeun pikeun jelema anu mimiti diajar basa Indonésia.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Tata basa[édit | sunting sumber]

Dibandingkeun jeung basa-basa Éropa, basa Indonésia teu loba maké kecap nu boga tata basa jeung génder. Contona kecap ganti kawas "manéhna" teu sacara spesifik nunjukkeun naha jalma anu disebut éta lalaki atawa awéwé. Hal anu sarua ogé kapanggih dina kecap kawas "adi" sarta "kabogoh" minangka contona. Pikeun menspesifikasi hiji génder, hiji kecap sipat kudu ditambahkeun, "adi lalaki" minangka contona.

Aya ogé kecap anu boga génder, contona "putri" sarta "putra". Kecap-kecap kawas ieu biasana diserep ti basa lain (dina kasus di luhur, kadua kecap éta diserep ti basa Sansekerta ngaliwatan basa Jawa Kuna)

Pikeun ngarobah hiji kecap barang jadi 'wangun loba' dipaké réduplikasi, tapi ngan lamun jumlahna teu diimplikasikan dina kontéks. Contona "sarébu jalma" dipaké tibatan "sarébu jalma-jalma". Réduplikasi ogé miboga loba fungsi lain, teu kawates dina kecap barang.

Basa Indonésia maké dua rupa kecap ganti jalma kahiji loba, nyaéta "kami" sarta "urang". "Kami" nyaéta kecap ganti éksklusif anu hartina teu kaasup lawan ngomong, sedengkeun "urang" nyaéta kecap ganti inklusif anu hartina kelompok jalma anu disebut kaasup lawan ngomongna.

Susunan kecap dasar nyaéta Jejer - Caritaan - Objek (SPO), sanajan bisa ogé susunan kecap lain. Kecap gawé teu dibasa berinfleksikeun ka jalma atawa jumlah jejer sarta objek. Basa Indonésia ogé teu mikawanoh (tense). Waktu dinyatakeun ku cara nambahan kecap katerangan waktu (conto, "kamari" atawa "isuk"), atawa indikator lain kawas "geus" atawa "tacan".

Kalawan tata basa anu cukup basajan basa Indonésia miboga kahéséna sorangan, nyaéta dina pamakéan rarangkén (Basa Indonésia) anu meureun bakal cukup ngabingungkeun pikeun jalma anu mimiti diajar basa Indonésia.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]