Mantra

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi

Mantra jelas lain kecap basa Sunda. Mantra asalna tina kecap Sanskerta. Mantra asalna tina tradisi Hindu kuna. Mantra diwangun ku kekecapan nu ngandung wirahma, jelas patokanana, puguh itungan engangna, tungtung kalimah ngalagena.

Awalna mantra dijieun ku para pandita. Kalimah nu diwangun mangrupa getering rasa pamenta manusa ka sang Murbawisesa. Mantra awalna aya dina kitab Sutra para pandita.

Di tanah Pasundan, mantra ngajirim jadi rajah, jampé jeung jangjawokan.