Jangjawokan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi

Jangjawokan téh nyaéta mantra anu dipapatkeun upama arék ngamimitian hiji pagawéan, pikeun ménta kasalametan, hasil pamaksudan, jeung sajabana.

[édit] Conto jangjawokan

Jangjawokan paranti diminyak

Minyak aing minyak watu
Dipidu di sihung maung
Diocék di panonpoé
Sekartaji suru gajah
Nya gajah tunggal
Katawu wus kabeubeur wus
Kabeungkeut atina Si Anu
Atawa atina wong sajagat kabéh

Jangjawokan paranti lintar atawa nguseup

Aki Rékrék Turaya
Aing nya pangkonan sia
Bayu mas nu lénggang patih
Bayu emas nu lénggang hérang
Bumi meneng bayu meneng
Ku sangkilat ku moncorong
Ratna putih sang ibuh putih
Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demi jati.

[édit] Tempo ogé

[édit] Rujukan

  1. Drs. Budi Rahayu Tamsyah, spk., Kamus Istilah Tata Basa jeung Sastra Sunda, 1999
Nulis.jpg