Kabudayaan
Harti Kabudayaan [édit]
Kabudayaan asalna tina basa Sanskerta buddhayyah nya éta bentuk jamak tina buddhi nu hartina "budi" atawa "akal" ( Koentjaraningrat, 1990:9; Soerjono Soekanto, 1990:188 ).[1] Sedengkeun harti kabudayaan éta sorangan numutkeun Prof. Dr. Selo Soemardjan jeung Dr. Soelaeman Soemardi( 1974: 113),nya éta hasil karya , rasa, jeung cipta masarakat. Kabudayaan téh mangrupa hasil diajar nu gumantung kana mekarna kamampuh manusa nu unik dina ngamangpaatkeun simbol, isarah nu euweuh paksaanna atawa hubungan alamiah dina hal - hal nu ku maranéhna pertahankeun.
Unsur - unsur kabudayaan : 1. sistem religi jeung upacara kaagamaan 2. Sistem jeung organisasi kamasarakatan 3. sistem pangaweruh 4. basa 5. kasenian 6. sistem pakasaban 7. sistem teknologi jeung peralatan Budaya
Kesalahan pengutipan: Tag <ref> ditemukan, tapi tag <references/> tidak ditemukan