Méter

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Méter nyaéta unit dasar panjang dina Sistim Internasional pikeun Unit, diwatesan salaku panjang lintasan nu kaliwatan ku cahaya dina vakum absolut dina selang waktu 1/299,792,458 detik. Saméter sarua jeung 10000/254 inci, kurang-leuwih 39,37 inci. Méter dilambangan ku aksara m.

miliméter << séntiméter << désiméter << méter << dékaméter << héktométer << kilométer

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kecap ieu asalna tina Basa Yunani metron (μετρον), "ukuran" nu ngaliwatan basa Prancis mètre. Dina basa Inggris munggaran dipaké taun 1797.

Dina abad ka-18, aya dua pendekatan kana watesan ngeunaan unit baku panjang. Aya nu nyarankeun watesan méter salaku panjang pendulum nu satengah-periodena sadetik. Nu séjén nyarankeun watesan méter salaku sapersapuluh yuta panjang méridian Bumi sapanjang kuadran (saparapat jarak-kuriling Bumi). Taun 1791, Akademi Élmu-élmu Prancis milih watesan méridian, migunakeun méridian Paris, batan watesan pendulum kusabab ayana béda gaya graviti di unggal tempat di Bumi, nu bakal mangaruhan periode pendulum. Taun 1795, Prancis ngadopsi méter salaku unit panjang resmina. Najan prototipe watang méteran leuwih pondok saperlima miliméter alatan salah itung, panjang ieu jadi baku. Jadi, jarak-kuriling Bumi ngaliwatan kutub kurang leuwih opat puluh yuta méter.

Watang International Prototype Metre, dijieun tina campuran platina jeung iridium, nu kungsi dijadikeun standar ti 1889 nepi ka 1960.

Taun 1870-an saluyu jeung kamajuan présisi modern, runtuyan sawala internasional lumangsung pikeun ngabaru baku métrik. Perjangjian Méter (1875) ngukuhkeun Biro Internasional Timbangan jeung Ukuran (Bureau International des Poids et Mesures, BIPM) nu maneuh nu ditempatkeun di Sèvres, Prancis. Organisasi anyar ieu bakal nyieun sarta nyimpen prototipe méter jeung kilogram anyar, sarta bakal mertahankeun babandinganana katut unit dasar séjénna, nonmétrik, timbangan, jeung ukuran. Organisasi ieu nyiptakeun watang prototipe anyar taun 1889, ngajadikeun International Prototype Metre salaku jarak antara dua garis na watang baku campuran salapan puluh persén platinum jeung sapuluh persén iridium.

Taun 1893, méter baku munggaran diukur migunakeun interférométer ku Albert A. Michelson, nu manggihan alat katut nu ngajengkeun digunakeunana panjang gelombang cahaya salaku baku jarak. Taun 1925, interférométri geus dipaké resmi di BIPM. Najan kitu, International Prototype Metre masih tetep dipaké nepi ka taun 1960, nalika Sawala Umum Timbangan jeung Ukuran (Conférence Générale des Poids et Mesures, CGPM) ngawatesan méter dina sistim SI anyar nu sarua jeung 1.650.763,73 panjang gelombang garis émisi oranyeu-beureum dina spéktrum atom kripton-86 dina vakum.

Pikeun ngurangan kateupastian, CGPM ka-17 taun 1983 ngaganti watesan méter ku watesan kiwari, ngaropéa panjang méter dina jihat waktu jeung laju cahaya:

Méter nyaéta panjang lintasan cahaya dina vakum dina selang waktu 1/299792458 detik.

Catet yén watesan ieu kalawan tepat nangtukeun laju cahaya dina vakum 299.792.458 méter per detik. Watesan nu dumasar sipat fisik cahaya leuwih tepat jeung bisa diulang sabab sipat cahaya nu bisa dianggap konstan.

Prototipe internasional méter asli disimpen kénéh di BIPM dina kaayaan nu dijéntrékeun taun 1889.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]