Atom

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

(Salinan ti vérsi basa Inggris)

Définisi Séjén


Atom ngarupakeun komponén sistem kimiawi pangleutikna nu teu bisa dibeulah/dibagi deui. Kecap ieu diturunkeun tina kecap Yunani atomos, teu bisa dibagi, tina a-, teu, jeung tomos, beulah. Biasana ngandung harti atom kimiawi, komponén dasar molekul jeung zat biasa. Atom teu bisa dibeulah deui ku réaksi kimiawi, tapi ayeuna geus kapanggih yén atom ogé disusun ku partikel subatomik nu leuwih leutik. Diaméter atom umumna antara 10pm nepi ka 100pm.

Rupa-rupa zat dina kahirupan sapopoé ngarupakeun atom-atom nu mibanda ciri mandiri. Kaayaan partikel kitu rupa mimiti diajengkeun ku filsuf Yunani sapertos Democritus, Leucippus, jeung ku para Epicureans, tapi kusabab teu bari dipaluruh kumaha benerna, konsep éta tilem nepi ka diangkat deui ku Rudjer Boscovich dina abad ka-18, nu saterusna ku John Dalton diterapkeun dina kimia.

Rudjer Boscovich ngedalkeun téorina dumasar ka mékanika Newtonian taun 1758 dina Theoria philosophiae naturalis redacta ad unicam legem virium in natura existentium. Numutkeun Boscovich, atom téh mangrupa titik nu teu mibanda struktur, nu némbongkeun gaya silih tolak jeung silih betot, saluyu jeung jarakna. John Dalton maké téori atom pikeun nerangkeun naha gas salawasna pacampur dina babandingan nu basajan. Ku ayana hasil gawé Amedeo Avogadro, dina abad ka-19, para ilmuwan mimiti bisa ngabédakeun atom jeung molekul. DIna mangsa modern, atom geus bisa ditengetan sacara ékspériméntal.

Sakumaha nu kabukti ayeuna, tétéla atom sorangan disusun ku partikel nu leuwih leutik. Nyatana, ampir sakabéh atom ngarupakeun rohangan kosong. Di tengahna mangrupa inti positip nu leutik nu diwangun ku nukleon proton jeung neutron, sedengkeun sésana dieusi ku cangkang-cangkang éléktron nu saimbang. Atom salawasna boga muatan nétral ku ayana éléktron jeung proton nu jumlahna sarua. Atom umumna digolongkeun dumasar wilangan atomna, saluyu jeung jumlah proton na jero atom. Misalna, atom karbon nyaéta atom nu boga 6 proton. Sakabéh atom nu boga wilangan atom nu sarua mibanda rupa-rupa sipat fisik tur némbongkeun paripolah kimiawi nu sarua. Rupa-rupa atom dibéréndélkeun na Tabel periodik. Atom nu mibanda wilangan atom nu sarua tapi beurat atom nu béda (sabab béda jumlah neutronna), disebut isotop.

Atom nu pangbasajanna, nyéta atom hidrogén nu mibanda nomer atom 1 jeung ngandung ukur hiji proton jeung hiji éléktron. Atom H ieu jaman kiwari ngarupakeun salah sahiji fokus subjék dina panalungtikan ilmiah, utamana dina munggaran mekarna tiori kuantum.

Polah kimiawi atom loba pisan disababkeun ayana interaksi antaréléktron. Utamana éléktron nu aya dina cangkang pangluarna, disebut éléktron valénsi, boga pangaruh nu panggedéna kana paripolah kimiawi. Éléktron nu di jero (nu lain di cangkang pangluarna) ogé méré pangaruh, ngan biasana dina hal mangaruhan muatan positif na inti atom.

Aya kacenderungan nu kuat pikeun atom-atom pikeun sakabéhna ngeusi (atawa ngosongkeun) cangkang éléktron luarna, nu na hidrogén jeung hélium boga rohangan pikeun dua éléktron, sedengkeun di sakabéh atom séjén boga rohangan pikeun dalapan. Ieu kahontal ku maké éléktron babarengan jeung atom tatangga atawa ku cara nyokot éléktron sagemblengna ti atom séjén. Nalika éléktron dipaké bareng, beungkeut kovalén ngawujud antara dua atom. Beungkeut kovalén ngarupakeun beungkeut atomik nu pangkuatna.

Nalika hiji atawa leuwih éléktron sagemblengna dipiceun ti hiji aton ka atom séjénna, mangka kabentuk ion. Ion ngarupakeun atom nu mibanda muatan alatan teu saimbangna jumlah proton jeung éléktron. Ion nu narima éléktron disebut anion, muatanna négatip. Atom nu kaleungitan (ngaleupaskeun) éléktron disebut kation, muatanna positip. Kation jeung anion silih katarik alatan gaya coulomb antara muatan positip jeung négatip. Tarikan ieu disebutna beungkeutan ionik nu kakuatanana leuwih lemah batan beungkeutan kovalén.

Sakumaha nu geus dipedar di luhur, beungkeutan kovalén nunjukkeun kaayaan nalika éléktron dibagi saimbang antara atom-atom, sedengkeun beungkeutan ionik nunjukkeun yén éléktron sagemblengna dipasrahkeun ka anion. Iwal ti sababaraha kasus ékstrim, teu hiji ogé ti ieu gambaran sagemblengna bener. Dina kalolobaan beungkeutan kovalén, éléktron teu kabagi sarwa saimbang, leuwih loba ngumpul di atom éléktronégatip, nu matak beungkeutan kovalén mibanda sababaraha ciri ionik. Sarua ti éta, dina beungkeutan ionik éléktron kadang sakeudeung ngumpul di atom nu leuwih éléktropositip, nimbulkeun sababaraha ciri kovalén na beungkeut ionik.

Modél atom[édit | sunting sumber]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]