Réaksi kimiawi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Réaksi kimia atawa réaksi kimiawi ogé dipiwanoh salaku parobahan kimiawi, nu maksudna nyaéta parobahan dina struktur molekul. Réaksi ieu bisa mangrupa napelna hiji molekul kanu séjén ngahasilkeun molekul nu leuwih gedé, molekul beulah jadi dua atawa leuwih molekul nu leuwih leutik, atawa wangun ulang atom-atom jeroeun molekul. Réaksi kimiawi salawasna ngalibetkeun dibentuk atawa dipegatkeunana beungkeut kimia.

Rupa-rupa[édit | sunting sumber]

Aya sababaraha rupa réaksi kimiawi dasar:

  • Sintésis nu diwangun ku dua atawa leuwih atom, ion, atawa molekul mandiri nu ngahiji jadi hiji zat anyar.
A + B → AB
  • Dékomposisi nu sabalikna ti sintésis, nalika hiji sanyawa beulah jadi dua atawa leuwih atom, ion, atawa molekul mandiri.
AB → A + B
  • Dina réaksi nukeuran tunggal, salasahiji atom diganti ku atom séjén.
A + BC → B + AC
  • Dina réaksi nukeuran ganda (ogé katelah métatésis), atom-atom nu kabeungkeut na sakabéh réaktan silih tukeurkeun.
AB + CD → AD + CB
  • Dina réaksi oksidasi-réduksi (ogé katelah réaksi rédoks), hiji réaktan ngaleupaskeun éléktron (molekulna dioksidasi), sedengkeun réaktan nu séjénna narima éléktron (molekulna diréduksi). Réaktan nu dioksidasi ngarupakeun agén pangréduksi, sedengkeun réaktan nu diréduksi salaku agén pangoksidasi.
A + B → A+ + B-

Réaksi kimiawi teu ngarobah inti atom, nu robah ukur interaksi awan éléktron na atom-atom nu kalibet (parobahan wangunan inti atom disebutna réaksi inti, jeung teu dianggap salaku réaksi kimiawi, sanajan réaksi kimiawi bisa nuturkeun transformasi inti).

Réaksi kimiawi ampir salawasna ngalibetkeun parobahan énergi, nu pangmerenahna/panggampangna diukur dina parobahan panas. Béda énergi antara kaayaan "méméh" jeung "sanggeus" réaksi kimia bisa diitung sacara téoritis maké tabel data (atawa komputer). Pikeun conto, misalkeun réaksi CH4 + 2 O2 → CO2 + 2 H2O (ngadurukan métan dina oksigén). Ku jalan ngitung jumlah énergi nu diperlukeun pikeun megatkeun sakabéh beungkeut nu beulah kénca ("méméh") jeung katuhu ("sanggeus") persamaan, urang bisa ngitung béda énergi antara réaktan jeung produkna. Ieu disebutna ΔH, di mana Δ (Délta) ngandung harti béda, sedengkeun H salaku éntalpi, ukuran énergi nu sarua jeung panas nu dipindahkeun dina kaayaan tekanan angger (konstan). ΔH biasana ditunjukkeun dina unit kJ (rebuan joule) atawa dina kkal (kilokalori). Mun réaksi ΔH-na négatip, mangka énergi dileupaskeun. Réaksi rupa kieu disebutna éksotérmik (hartina panas luar atawa miceun panas). Réaksi éksotérmik leuwih dipikaresep sahingga leuwih gampang lumangsung. Conto réaksi nu tadi éksotérmik, nu geus biasa urang manggihan sapopoé, sabab ngaduruk gas dina hawa ngaluarkeun panas.

Réaksi bisa boga ΔH positip, hartina, sangkan bisa lumangsung, réaksi butuh asupan énergi ti luar. Réaksi rupa kieu disebut éndotérmik (hartina panas jero atawa nyerep panas).

Laju réaksi[édit | sunting sumber]

Laju réaksi kimiawi gumantung ka:

Kabisamalikan[édit | sunting sumber]

Unggal réaksi kimiawi sacara téoritis bisa malik (reversible). Dina hiji réaksi maju réaktan dirobah jadi produk, kitu ogé sabalikna. Kasatimbangan kimiawi ngarupakeun kaayaan nalika laju réaksi maju jeung sabalikna sarua, sahingga nahan jumlah réaktan jeung produkna.

Sanajan sakabéh réaksi bisa malik, sababaraha réaksi bisa kagolongkeun teu bisa malik (irreversible). Réaksi teu bisa malik bisa lumaku mun dina kasatimbangan ampir sakabéh molekul réaktan geus robah jadi produk.

Hukum polah massa[édit | sunting sumber]

Konséntrasi réaktan jeung produk nangtukeun laju boh réaksi maju jeung malik.

Katalis[édit | sunting sumber]

Katalis teu ruksak dina réaksi kimiawi, tapi nulung pikeun nurunkeun énergi nu dipikabutuh pikeun aktivasi sahingga ningkatkeun laju réaksi.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]