Suhu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Suhu némbongkeun darajat panas barang. Gampangna, beuki luhur suhu hiji barang, beuki panas barang kasebut. Sacara mikroskopis, suhu ngagambarkeun énergi anu dipiboga ku hiji barang. Saban atom dina hiji barang téh usik boh dina wangun pipindahan boh gerak di tempat nu mangrupakeun geteran. Beuki bedas énergi atom-atom nu nyusun sahiji barang, beuki luhur suhu barang kasebut.

Suhu ogé disebut temperatur.

Pakakas ukur suhu[édit | sunting sumber]

Artikel utama: Térmométer

Sacara kualitatif, urang bisa nyaho yén suhu nyaéta rasa tiis atawa haneutna hiji barang anu dirasakan mangsa urang nyabak éta barang. Sacara kuantitatif, urang bisa nyaho luhur handapna suhu kalawan ngagunakeun térmométer. Suhu bisa diukur ngagunakeun térmométer anu eusina cai raksa atawa alkohol. Kecap térmométer ieu dicokot tina dua kecap nyaéta thermo anu hartina panas sarta méter anu hartina ngukur (to measure).

Wanda térmométer[édit | sunting sumber]

Sawatara rupa térmométer:

Térmométer anu mindeng dipaké[édit | sunting sumber]

Térmométer anu biasana dipaké nyaéta:

Térmométer gelas belenong (cai raksa atawa alkohol)[édit | sunting sumber]

  • Maké gelas nu ngabelenong (bulb) dina tungtung handap tempat nandéan cacai, sarta bumbung heureut (liang kapilér) pikeun nandéan cacai nu ngalaman robahan volume atawa tempat pikeun nadah mekarna cacai.
  • Dumasar kana prinsip yén hiji cacai volumena robah luyu jeung suhuna. Cacai anu dieusikeun sakapeung alkohol anu boga warna tapi ogé bisa cacai métalik anu disebut cai raksa atawa mérkuri, duanana mekar lamun dipanaskeun sarta méotan lamun ditiiskeun
  • Aya angka di sapanjang bumbung gelas anu jadi tanda bedasna suhu.
  • Kautungan maké térmométer gelas belenong di antarana urang henteu merlukeun pakakas bantu, rélatif murah, henteu gampang kacampuran bahan kimia sahingga cocog pikeun laboratorium kimia, sarta konduktivitas panasna leutik.
  • Kakuran térmométer gelas belenong antara séjén gampang peupeus, gampang kacampuran cacai (alkohol atawa mérkuri), kakotoran (kontaminasi) ku gelas/kaca, sarta ngukur anu rumit.
  • Dina pamakéan térmométer gelas belenong, urang kudu nangtayungan geleas belenongna tina benturan sarta nyingkahan ukar-ukur anu ngaleuwihan skala térmométer.
  • Sumber kasalahan térmométer gelas melendung:
- time constant effect, waktu anu diperlukeun pikeun konduksi panas ti luar ka tengah pipah kapilér
- thermal capacity effect, lamun massa barang anu diukur rélatif leutik, baris réa panas anu diserep ku térmométer sarta ngarobah ukuran suhu sabenerna
- cairan (alkohol, mérkuri) anu kapegatkeun
- kasalahan maca
- kasalahan nganclomkeun

Térmométer kumparan[édit | sunting sumber]

Ngagunakeun hiji beulitan kumparan coil (pelat gepéng) anu dijieun tina logam anu sénsitip kana panas, dina tungtung spring aya panunjuk (pointer). Lamun hawa panas, coil (logam) mekar sahingga pointer usik naék, sedengkeun lamun hawa tiis, logam murengked sarta pointer usik turun. Sacara umum térmométer ieu katalitianana leuwih goréng dibandingkeun térmométer kaca belenong jeung térmométer digital.

  • Mansa maké térmométer spring urang kudu nangtayungan pipah kapilér sarta tungtung alat parasa (sénsor atawa probe) tina benturan/gésékan. Sajaba ti éta, pamakéanana henteu kaci ngaleuwihan suhu nu dina skala pangluhurna sarta kudu diperenahkeun di tempat anu henteu kapangaruhan ku geteran.

Térmométer infra beureum[édit | sunting sumber]

Termometer infra beureum, ngukur suhu sacara optik, radiasi énergi sinar infra beureum ti hiji obyék diukur, sarta disajikeun minangka suhu. Ku nyahona jumlah énergi infra beureum anu dipancarkeun ku obyek sarta, suhu obyék kasebut bisa ditangtukeun.

Termometer éléktronik[édit | sunting sumber]

Aya dua wanda térmométer éléktronik anu mindeng dipaké, nyaéta thermocouple thermometer sarta resistance thermometer. Biasana, industri ngagunakeun harga résistan 100 ohm dina suhu 0 °C sahingga disebut sénsor Pt-100. Pt nyaéta simbol pikeun platinum, sénsivitas standar sénsor 100 ohm nyaéta hargana 0.385 ohm/°C, RTDS kalawan sénsivitas 0.375 sarta 0.392 ohm/°C ogé sadia.

Hijian suhu[édit | sunting sumber]

Ngarujuk kana SI, hijian suhu nyaéta Kelvin (K). Skala-skala séjén nyaéta Celsius, Fahrenheit, sarta Reamur.

Dina skala Celsius, 0 °C nyaéta titik di mana cai ngimpel sarta 100 °C nyaéta titik golak cai dina tekanan 1 atmosfir. Skala ieu téh anu pangmindengna dipaké di dunya. Skala Celsius ogé sarua jeung Kelvin sahingga cara ngarobahna ka Kelvin cukup ditambahkeun 273 (atawa 273.15 pikeun leuwih benerna).

Skala Fahrenheit nyaéta skala umum anu dipaké di Amérika Sarikat. Suhu cai ngimpel nyaéta dina 32 °F sarta titik golak cai nyaéta 212 °F.

Minangka hijian baku, Kelvin henteu merlukeun tanda darajat dina nuliskeunana. Contona cukup ditulis suhu 20 K waé, henteu perlu 20° K.

Ngarobah Skala Suhu[édit | sunting sumber]

Cara gampang pikeun ngarobah skala ti Celsius, Fahrenheit, sarta Reamur nyaéta ku cara nginget perbandingan C:F:R = 5:9:4. Carana, nyaéta (Skala tujuan)/(Skala mimiti)xsuhu. Ti Celsius ka Fahrenheit sanggeus ngagunakeun cara éta, ditambahkeun 32.

Conto:

  • 100 °C dina skala Fahrenheit nyaéta 9/5 x 100 + 32 = 212 °F
  • 77 °F dina skala Celsius nyaéta 5/9 x (77-32) = 25 °C

Tempo ogé[édit | sunting sumber]