Cai raksa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
80 emasraksatalium
Cd

Hg

Uub
Hg-TableImage.png
Umum
Ngaran, Lambang, Nomer raksa, Hg, 80
Dérét kimia logam transisi
Golongan, Periode, Blok 12, 6, d
Warna pérak
Hg Mercury.jpg
Beurat atom baku 200.59(2)  g·mol−1
Konfigurasi éléktron [Xe] 4f14 5d10 6s2
Éléktron per cangkang 2, 8, 18, 32, 18, 2
Pasipatan fisik
Fase cair
Dénsitas (dina h.r.) (cair) 13.534 g/cm³
Titik lééh 234.32 K
(-38.83 °C, -37.89 °F)
Titik golak 629.88 K
(356.73 °C, 674.11 °F)
Titik kritis 1750 K, 172.00 MPa
Panas fusi 2.29  kJ·mol−1
Panas panguapan 59.11  kJ·mol−1
Kapasitas panas (25 °C) 27.983  J·mol−1·K−1
Tekanan uap
P(Pa) 1 10 100 1 k 10 k 100 k
at T(K) 315 350 393 449 523 629
Pasipatan atom
Struktur kristal rombohédral
Wilangan oksidasi 4, 2 (mérkurik), 1 (mérkurus)
(oksida basa)
Éléktronégativitas 2.00 (skala Pauling)
Énérgi ionisasi 1st: 1007.1 kJ/mol
2nd: 1810 kJ/mol
3rd: 3300 kJ/mol
Radius atom 151  pm
Radius kovalén 132±5  pm
Radius Van der Waals 155 pm
Unak-anik
Susunan magnétik diamagnétik
Résistivitas listrik (25 °C) 961 nΩ·m
Konduktivitas panas (300 K) 8.30  W·m−1·K−1
Ékspansi panas (25 °C) 60.4 µm/(m·K)
Gancang sora (cair, 20 °C) 1451.4 m/s
Nomer régister CAS 7439-97-6
Isotop penting
Artikel utama: Isotop cai raksa
iso KA umur-nyatengah UR ÉU (MeV) HU
194Hg syn 444 y ε 0.040 194Au
195Hg syn 9.9 h ε 1.510 195Au
196Hg 0.15% Hg stabil ngandung 116 neutron
197Hg syn 64.14 h ε 0.600 197Au
198Hg 9.97% Hg stabil ngandung 118 neutron
199Hg 16.87% Hg stabil ngandung 119 neutron
200Hg 23.1% Hg stabil ngandung 120 neutron
201Hg 13.18% Hg stabil ngandung 121 neutron
202Hg 29.86% Hg stabil ngandung 122 neutron
203Hg sin 46.612 d β 0.492 203Tl
204Hg 6.87% Hg stabil ngandung 124 neutron
Rujukan

Cai raksa atawa raksa atawa mérkuri (asal kecap basa Latén: Hydrargyrum, cai/cacai pérak) nyaéta unsur kimia dina tabel périodik kalayan simbol Hg sarta nomer atom 80. Unsur golongan logam transisi ieu boga warna mérak sarta mangrupakeun hiji ti lima unsur (babarengan cesium, fransium, galium, sarta brom) anu wujudna éncér dina suhu kamar. Cai raksa réa dipaké minangka bahan amalgam huntu, térmométer, barométer, sarta parabot ilmiah séjén, sanajan pamakéanana pikeun bahan pangeusi térmomter geus digantikeun (ku térmométer alkohol, digital, atawa térmistor) kalayan alesan kaséhatan sarta kaamanan alatan sipat racun (toksik) anu dipibogana. Unsur ieu dibeunangkeun utamana ngaliwatan prosés réduksi tina cinnabar mineral. Karapetanana anu luhur ngabalukarkeun barang-barang kawas bal biliar jadi ngapung lamun diasupkeun kana jero cacai raksa, ngan 20% eusi (volumena) nu kakeueum.

Pasipatan[édit | sunting sumber]

Fisik[édit | sunting sumber]

Cai raksa

Raksa kaasup logam beurat, konduktivitas listrik jeung panasna leutik[1]. Mahiwal ti logam-logam blok-d, titik lééh raksa handap pisan. Nu jadi sababna kakara bisa diécéskeun ku basa fisika kuantum: intina mah kusabab raksa mibanda konfigurasi éléktron nu istiméwa: éléktron ngeusi sakabéh kulit 1s, 2s, 2p, 3s, 3p, 3d, 4s, 4p, 4d, 4f, 5s, 5p, 5d, jeung 6s. Ieu hal ngabalukarkeun héséna ngaleupaskeun éléktron, sarupa jeung kaayaan unsur-unsur gas mulya, ku kituna jadi hésé pabeungkeut (beungkeutna lemah): gampang cair. Kulit 6s jadi stabil kusabab ayana kulit 4f anu dieusi.

Réaktivitas jeung sanyawaan[édit | sunting sumber]

Searchtool.svg
 Tingali ogé:.

Raksa bisa leyur jadi amalgam jeung emas, séng, jeung sababaraha logam lianna, iwal beusi, tantalum, tungsten, jeung platinum. Nalika dihaneutkeun, raksa ogé bisa diréaksikeun jeung oksigén di udara jadi raksa oksida, nu salajengna bisa dipegatkeun ku cara dipanaskeun[2].

Isotop[édit | sunting sumber]

Raksa mibanda tujuh isotop stabil, tapi nu panglobana mah 202Hg (29.86%). Radioisotop nu umurna pangpanjangna nyaéta 194Hg (umur nyatengah 444 taun) jeung 203Hg (umur nyatengah 46,612 poé), anapon nu lianna teu leuwih ti sapoé. Isotop nu panglobana ditalungtik (maké NMR) nyaéta 199Hg jeung 201Hg[1].

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Mercury (disalin 20 Agustus 2009).
  1. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama CRC
  2. Patnaik, Pradyot (2003). Handbook of Inorganic Chemical Compounds, 560–576, McGraw-Hill. URL accessed 2009-06-06.

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]