Unsur kimia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Unsur kimia (kadang ukur disebut unsur) téh ngarupakeun matéri nu disusun ku atom-atom nu jumlah proton jero intina sarua. Tah jumlah proton ieu nu katelah wilangan atom unsur. Pikeun conto, sakabéh atom nu jumlah proton na intina aya 6 disebutna atom unsur karbon, jeung sakabéh atom nu boga 92 proton na intina disebut atom unsur uranium.

Di dieu disadiakeun daptar unsur nurutkeun ngaran, nurutkeun lambang, jeung nurutkeun wilangan atom. Paling merenah mun dipintonkeun dina bentuk tabel periodik, nu ngumpulkeun/nyusun unsur-unsur dumasar kana kamiripan sipat-sipatna.

Atom-atom unsur nu sarua nu intina ngandung jumlah neutron nu béda disebut isotop unsur. Unsur murni bisa aya dina kaayaan unit monoatomik, diatomik, atawa poliatomik nu disusun ku atom-atom nu sarupa. Nu kieu disebutna alotrop.

Ngaran resmi unsur-unsur kimiawi ditangtukeun ku International Union of Pure and Applied Chemistry, IUPAC, nu sacara umum nyokot ngaran nu dipilih ku nu manggihanana. Unsur kimiawi oge dibéré lambang kimiawi nu unik, dumasar kana ngaran unsurna (teu kudu basa Inggris). (Pikeun conto, karbon lambangna 'C', ari sodium (vérsi Inggris) lambangna 'Na', tina kecap Latin "natrium"). Lambang kimiawi dipaké sacara internasional, sedengkeun ngaran unsurna bisa waé ditarjamahkeun kana basa séwang-séwangan. Lambang kimiawi ditulisna kapital (aksara kahiji), sedengkeun ngaran lengkepna mah henteu, samodél dina conto tadi, iwal mun aya di awal kalimah.

Unsur-unsur bisa ngagabung (réaksi) jadi sanyawa murni (samodél cai, uyah, oksida, jeung sanyawa organik). Umumna sanyawa-sanyawa ieu mibanda hiji wangunan stoikiométri jeung struktur sarta sipat nu mandiri.

Sababaraha unsur, utamana unsur logam, ngagabung jadi struktur anyar nu wangunanana bisa rupa-rupa (samodél alloy logam). Dina kasus modél kieu, leuwih merenah nyebut fase batan sanyawa.

Sacara umum, bahan kimia bisa waé diwangun ku campuran rupa-rupa nu di luhur.

Pedaran[édit | sunting sumber]

Unsur panghampangna, nyaéta hidrogén (H) jeung hélium (He). Sakabéh unsur nu bareurat dijieun, boh alami atawa artifisial, maké rupa-rupa cara nukléosintésis, kaasup fisi nuklir.

Nepi ka 2006, aya 117 unsur (dina jihat ieu, "aya" téh ngandung harti kungsi kasaksian ayana, najan ukur saéhé hasil luruhan, nu bisa dibédakeun ti unsur lianna)[1][2]. Ti nu 117 ieu, 94 aya sacara alami di Marcapada, nu genep ti antarana aya dina jumlah renik: téhnésium (nomer atom 43), prométium (61), astatin (85), fransium (87), néptunium (93), jeung plutonium (94). Unsur nu 94 ieu, ditambah kalifornium (98), geus kadetéksi aya di mayapada dina spéktra béntang jeung supernova, tempt kabentukna unsur radioaktif nu umurna pondok.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Catetan suku[édit | sunting sumber]

  1. Sanderson, Katherine (17 October 2006). "Heaviest element made - again". nature@news.com. Nature (journal). Diakses pada 19 Oktober 2006. 
  2. Phil Schewe and Ben Stein (17 October 2006). "Elements 116 and 118 Are Discovered". Physics News Update. American Institute of Physics. Diakses pada 19 Oktober 2006.