Walirang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Walirang

Walirang mangrupakeun unsur kimia nu dina tabel periodik lambangna S (sulfur) jeung nomer atom 16; nonlogam multivalén nu jumlahna di alam kawilang loba, tanpa rasa, sarta tanpa bau. Dina bentuk alami, walirang ngarupakeun padetan kristalin warna konéng, salaku unsur murni atawa salaku mineral sulfida atawa sulfat. Walirang mangrupakeun unsur ésénsial pikeun kahirupan, sarta aya dina dua rupa asam amino ésénsial. Mangpaat komersilna di antarana pikeun pupuk, mesiu, korék api, inséktisida, jeung fungisida.

Ciri penting[édit | sunting sumber]

Sapotong walirang lééh jadi cairan beureum-getih. Mun diduruk, warna seuneuna bulao.

Dina hawa rohangan, walirang téh padetan warna konéng-caang. Najan walirang téh kawentar ku bauna - kawas bau endog kacingcalang - asal sabenerna mah tina hidrogén sulfida (H2S); walirang unsur mah euweuh bauan. Mun diduruk, bakal ngahasilkeun sulfur dioksida, sahingga seuneuna bulao. Walirang teu leyur dina cai, tapi leyur dina karbon disulfida. Wilangan oksidasi walirang biasana −2, +2, +4 jeung +6. Walirang bisa ngabentuk sanyawaan nu stabil jeung unsur naon waé, iwal gas mulya.

Dina ujud padet, walirang téh tadina mah bentukna makuta siklik molekul S8. Tapi, di sagigireun S8, walirang boga sababaraha alotrop. Mun hiji atomna leungit, jadi S7 nu ngajadikeun kelir konéng walirang. Sabalikna, tatanggana nu leuwih hampang, oksigén, nu penting mah ngan aya dua bentuk: O2 jeung O3. Selenium, analog walirang nu leuwih beurat, bisa ogé ngabentuk cingcin, tapi leuwih mindeng kapanggih dina ujud ranté polimér.

Kristalografi walirang mah kompléks, sabab alotrop walirang kabentuk gumantung kana kaayaan anu husus. Struktur kristalna béda-béda, tapi nu ilahar mah S8 rombik jeung monoklinik.

Nu jadi ciri walirang, nyaéta viskositas walirang lééh nu teu cara cairan séjén: naék nuturkeun hawa alatan kabentukna ranté polimér. Tapi, mun geus nepi kana temperatur nu cukup mah, viskositasna téh nyirorot, sabab aya cukup énérgi nu bisa dipaké pikeun megatkeun ranté polimérna.

Walirang amorp atawa "plastik" bisa dihasilkeun ku cara niiskeun kalawan gancang waliran lééh. Kristalografi sinar X nunjukkeun yén bentuk amorp mibanda struktur héliks nu diwangun ku dalapan atom per kurilingna. Bentuk ieu métastabil dina hawa rohangan, tapi lila-lila bakal balik deui jadi bentuk kristalin. Prosés ieu lumangsung dina jangka sababaraha jam nepi ka sababaraha poé, tapi mun dikatalisan mah bisa leuwih gancang.

Mangpaat[édit | sunting sumber]

Walirang loba mangpaatna dina aplikasi industri. Turunan utamana, asam sulfat (H2SO4), walirang kaasup unsur penting pikeun bahan baku utama di industri.

Walirang paling loba dipaké dina produksi asam sulpat, sabab asam sulpat ieu penting pisan pikeun rupa-rupa industri, sahingga konsumsi bahan kimia ieu bisa jadi ukuran kamekaran industri di hiji nagara.

Walirang ogé dipaké dina batré, detergén, vulkanisasi karét, fungisida, jeung pabrik pupuk pospat. Sulpit dipaké pikeun ngabodaskeun kertas jeung salaku pangawét anggur jeung bungbuahan nu digaringkeun. Kusabab watekna nu bisa kaduruk, walirang ogé dipaké dina korék api, mesiu, jeung 'pemadam kebakaran'. Natrium atawa amonium tiosulpat dipaké salaku panyampur pikeun nyitak poto. Magnésium sulpat, dipaké dina rupa-rupa kagiatan, di antarana salaku tambahan asupan magnésium pikeun pepelakan.

Ahir 1700-an, tukang mébel migunakeun walirang lééh pikeun ngahasilkeun inlay hiasan dina karyana. Tapi, kusabab nalika walirang dilééhkeun téh ngahasilkeun sulfur dioksida, kamonésan ieu ditaringgalkeun.

Peran biologis[édit | sunting sumber]

Asam amino sistéin jeung métionin ngandung walirang, nya kitu ogé polipéptida, protéin, jeung énzim nu ngandung asam amino ieu. Hal ieu nunjukkeun yén walirang téh mangrupakeun komponén penting pikeun sakabéh sél hirup. Beungkeut disulfida antarpolipéptida penting pisan pikeun ngabentuk struktur protéin.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg