Buah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Buah nyaéta bagian tina tutuwuhan kembangan anu mangrupakeun robahan satuluyna tina bakal buah (ovarium). Buah biasana ngabungkus sarta nangtayungan siki. Définisi ieu henteu ngawengku buah dina harti tatanén (hortikultura) atawa pangan. Alatan éta sakapeung buah kalawan harti nu ieu disebut buah sajati pikeun ngabédakeun jeung buah anu kabentuk ti bagian séjén tutuwuhan. Buah remen ogé ngabogaan ajén ékonomi minangka bahan pangan atawa bahan baku industri alatan di jerona disimpen sagala rupa produk métabolisme tutuwuhan, mimiti ti karbohidrat, protéin, lemak, vitamin, mineral, alkaloid, nepi ka terpéna sarta terpénoid. Élmu anu ngulik sagala hal ngeunaan buah dingaranan pomologi.

Buah dina harti botani jeung harti tatanén atawa pangan[édit | sunting sumber]

Harti botani[édit | sunting sumber]

Dina panempo botani, buah nyaéta buah sajati sakumaha anu disebutkeun di luhur. Dina watesan ieu, rupa-rupa buah bisa pohara jembar, ngawengku buah manggah, buah apel, buah tomat, cabé, paré, 'siki' jagong, 'siki' kembang srangéngé, 'siki' pedes, atawa peuteuy kacang taneuh. Dumasar watesan ieu, buah jambu monyét atawa buah nangka henteu kaasup buah sajati.

Harti hortikultura atawa pangan[édit | sunting sumber]

Buah dina harti hortikultura atawa pangan mangrupakeun harti anu dipaké ku balaréa. Dina harti ieu, watesan buah jadi leuwih logor. Saban bagian tutuwuhan dina kulit taneuh anu tumuwuh ngagedéan sarta (biasana) boga daging atawa réa ngandung cai bisa disebut buah. Dina harti ieu, urang bisa manggihan buah dina harti botani anu digolongkan sasayuran, kawas buah tomat, buah cabé, peuteuy kacang panjang, sarta buah bonténg. Urang ogé bisa manggihan buah henteu sajati anu digolongkan minangka bungbuahan, kawas "buah" jambu monyét (anu sabenerna mangrupa dasar kembang anu ngagedéan; buah anu sajatina mah nyaéta bagian tungtung anu ngabentuk kawas monyét dongko), "buah" nangka (tongkol kembang anu ngagedéan); buah anu sajatina mah nyaéta eusi buah nangka anu boga warna bodas, geutahan, sedengkeun bagian "daging buah" anu didahar jelema nyaéta hateup kembang), atawa "buah" ganas.

Sebutan husus pikeun buah[édit | sunting sumber]

Ngaran pentil[édit | sunting sumber]

  • Biruluk: buah kalapa anu kira-kira sagedé curuluk, méméh jadi cengkir.
  • Pentil: bubuahan nu ngora kénéh pisan.
  • Semi: pentil jagong.
  • Tongtolang: pentil nangka.

Ngaran buah ngora[édit | sunting sumber]

  • Cengkir: kalapa ngora.
  • Cicipir: buah jaat nu ngora kénéh.
  • Duwegan: kalapa ngora.
  • Keceprek: hiris ngora.
  • Kétéwél / lentud: nangka ngora.
  • Pakél: buah manggah nu ngora kénéh.

Ngaran buah[édit | sunting sumber]

  • Benda: buah teureup.
  • Caruluk: buah kawung (eusi caruluk: cangkaléng).
  • Gadog: buah gintung.
  • Jebug: buah jambé
  • Kamal: buah asem
  • Langgoko: buah kiray

Sesebutan buah séjénna (buah nu aya dina tangkalna)[édit | sunting sumber]

  • Pala gumantung: bubuahan nu biasa ngagantung dina tangkalna saperti balingbing, kadongdong, jambu, jst.
  • Pala kasimpar: bubuahan nu sok ngagolér dina taneuh, saperti bonténg, kukuk, samangka, jst.
  • Pala kapendem: sarupaning beubeutian, saperti suuk, boléd, sampeu, bangkuan, jst.

Sifat bubuahan[édit | sunting sumber]

  • Bareubeu: jambu aér nu geus téréh asak.
  • Cumolat: manggu nu geus coklat, téréh asak.
  • Dumewegan: tangkil anu eusina keur meujeuhna siga duwegan.
  • Gumading: gedang nu warnana semu gading nyirikeun rék asak.
  • Humaseum: buah jeung sajabana nu haseum kénéh tapi téréh asak.
  • Kumapalang: peuteuy atawa sélong anu ngora kénéh.
  • Kumecrot: buah paré nu eusina éncér kénéh mun dipencét sok ngecrot.
  • Lumayung: buah nu nyirikeun geus térh asak.
  • Lumého: duwegan nu keur meujeuhna siga lého.
  • Lumiat: jéngkol nu keur meujeuhna liat.
  • Rumangu: pakél atawa hiris nu keur meujeuhna rangu.
  • Rumegang: cau nu keur meujeuhna.
  • Sumagol: hui nu keur meujeuhna.
  • Tumoké: cabé nu warnana héjo semu beureum kawas warna toké nyirikeun téréh asak.
  • Umanis: jagong ngora nu keur meujeuhna amis.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Hidayat, Rachmat Taufik, spk., Peperenian Urang Sunda, Kiblat, Bandung, 2005.