Vitamin

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Vitamin biasana loba dikandung ku bungbuahan jeung sayur (gambar: pasar bungbuahan di La Boqueria, Barcelona).

Vitamin hartina molekul organik nu diperlukeun ku mahluk hirup dina jumlah anu saeutik sangkan bisa séhat. Organisme nu kakurangan vitamin bakal katarajang kasakit nu gejalana spésifik pikeun éta vitamin. Vitamin bisa digolongkeun dumasar kaleyuranana dina cai atawa dina lemak.

Sacara umum, hiji organisme kudu ngala vitamin atawa prékursor métabolikna ti luareun awak, utamana dina dahareun. Conto vitamin nu diturunkeun tina prékursor dina jero awak nyaéta vitamin A, nu bisa dijieun tina béta karotén; niasin tina asam amino triptopan; sarta vitamin D tina poncorong sinar ultrabungur kana kulit.

Istilah vitamin teu ngawengku zat gizi ésénsial lianna samodél mineral, asam lemak ésénsial, atawa asam amino ésénsial, sarta henteu ogé rupa-rupa kadaharan nu dituang dina jumlah anu loba. Kecap vitamine munggaran diwanohkeun ku biokimiawan Polandia, Casimir Funk, taun 1912. Vita dina basa Latin hartina hirup, sedengkeun ahiran -amine pikeun amina; harita mah sakabéh vitamin téh disangka kaasup golongan amina.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Ajén nuang sababaraha rupa katuangan pikeun ngajaga kaséhatan téh mangrupakeun hal nu ilahar di alam tradisional, saméméh urang mikawanoh istilah vitamin. Urang Mesir Kuna apal yén nu kotokeun bisa ditatambaan ku loba dahar ati, ayeuna kanyahoan alatan kakurangan vitamin A. Taun 1747, dokter bedah Skotlandia James Lind manggihan yén katuangan tina bangsa jeruk bisa nulungan nyegah sariawan, kasakit alatan kalemah ngabentuk kolagén, nu cirina di antarana tatu hésé cageur/garing jeung gusi getihan teu pupuguh. Taun 1753, Lind medalkeun Treatise on the Scurvy, ngan hanjakal loba nu teu sapuk kana papanggihanana. Misalna bae dina ékspédisi Angkatan Laut Karajaan Inggris ka Arktik abad ka-19, sariawan téh bisa dicegah ku kabersékaan dina kapal, olahraga maneuh, sarta ngajaga moral pajurit, teu mikirkeun pentingna katuangan seger. Balukarna, salila ékspédisi pangeusi kapal diganggayong sariawan. Dina dua ékspédisi Robert Falcon Scott ka Antartika awal abad ka-20, téori nu mucunghul ngeunaan nu jadi sabab-musabab sariawan téh nyaéta pangan kaléngan anu geus ruksak.

Vitamin pikeun manusa[édit | sunting sumber]

Pikeun manusa, aya tilu welas vitamin nu kabagi kana dua golongan: opat vitamin nu leyur dina lemak (A, D, E jeung K) jeung salapan vitamin nu leyur dina cai (vitamin C jeung dalapan vitamin B).

Ngaran Ngaran kimia Kaleyuran Panyakit Defisiénsi Overdosis Kabutuhan sapoé
kira minimal
(M,19-30)[1]
Vitamin A Rétinol Lemak Panon kotokeun, Keratomalasia 7.5 mg 620 μg
Vitamin B1 Tiamin Cai Béribéri t/a 1000 μg
Vitamin B2 (G) Riboflavin Cai Ariboflavinosis t/a 1100 μg
Vitamin B3 (PP) Niasin Cai Pellagra 2500 mg 12000 μg
Vitamin B5 Asam pantotenat Cai Parestesia t/a 10000 μg
Vitamin B6 Piridoksin Cai t/a 400 mg 1100 μg
Vitamin B7 (H) Biotin Cai t/a t/a 30 µg
Vitamin B9 (M) Asam folat Cai [2] 1 mg 320 μg
Vitamin B12 Sianokobalamin Cai Pernicious anemia t/a 2 µg
Vitamin C[3] Asam askorbat Cai Scurvy t/a 75000 μg
Vitamin D1-D4 Lamistérol, Ergokalsiférol, Kalsiférol, Dihidrotahistérol, 7-dehidrositostérol Lemak Rickets 1.25 mg 2 µg (pikeun sakabéh Vitamin D)
Vitamin E Tokoférol Lemak t/a 33000 mg 12000 μg
Vitamin K Naftokuinon

(kadé pahili jeung Ketamina)

Lemak t/a t/a 75 µg

^ Kakurangan asam folat (vitamin B9) di wanoja kakandungan patali jeung cacad lahir jeung kangker.
^ Vitamin C kadang dianggap makronutrien batan vitamin.

Zat gizi lianna nu teu kaasup vitamin, di antarana karnitin (aya dina daging, lauk), DMAE (lauk, endog, kacang kadelé, uteuk), asam lipoat (ati), asam folinat (ati), bioptrin (lauk, ati), PPQ jeung koénzim Q (daging, yoghurt, kacang kadelé).

Kurang/leuwih asupan vitamin[édit | sunting sumber]

Hiji organisme bisa tahan sababaraha lilana tanpa protéin, tapi mun lila teuing mah bisa ngabalukarkeun panyakit, rasa nyeri, dugi ka bisa maot. Kapasitas simpenan vitamin dina awak urang rupa-rupa, gumantung jenis vitaminna.

Vitamin nu leyur dina lemak bisa disimpen dina jero awak sarta bisa toksik mun loba teuing nuangna, sedengkeun vitamin nu leyur na cai teu disimpen (iwal vitamin B12 nu disimpen dina ati).

Pseudo-vitamin[édit | sunting sumber]

  • Vitamin F tadina nujul ka asam lemak ésénsial nu teu bisa dijieun ku awak, tapi lajeng teu diasupkeun kana golongan vitamin, sabab kaasup asam lemak nu dipikabutuh ku awak dina jumlah nu loba.

Vitamin non-manusa[édit | sunting sumber]

Pangabutuh zat gizi téh gumantung ka organismena. Mamalia sacara umum butuh vitamin nu sarua jeung manusa. Conto nu henteuna mah vitamin C, nu bisa disintésis ku sakabéh mamalia, iwal primata luhur jeung guinea pig.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]