Kulit

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Diagram lapisan kulit manusa

Dina zootomi jeung dermatologi, kulit téh organ dina sistim kulit nu diwangun ku lapisan jaringan biologis nu nutupan otot jeung organ di handapeunana. Salaku panyelang jeung sabudeureunana, kulit téh boga pancen penting pisan dina ngalawan patogén. Guna séjénna di antarana salaku insulasi jeung ngatur hawa, sensasi, sarta sintésis vitamin D jeung B.

Kulit téh aya pigménan dina mélanositna, nu nyerep sababaraha radiasi bubahya ti panonpoé. Kulit ogé ngandung énzim pangropéa DNA anu malikkeun deui karuksakan alatan radiasi UV, antukna jalma nu gén énzim ieuna ruksak bisa ngalaman kangker kulit. Pigméntasi kulit manusa téh rupa-rupa pisan, antukna sok dipaké pikeun ngabédakeun antarsélér.

Kulit mamalia ilaharna mah ogé buluan (rambut). Rambut ieu utamana mah pikeun ngabantu insulasi nu disadiakeun ku kulit, tapi bisa ogé dijadikeun ciri séksual sekundér atawa nyaru.

Lapisan[édit | édit sumber]

Kulit téh diwangun ku dermis jeung épidermis. Di handapeun lapisan ieu aya hipodermis (lapisan adiposa subkutan), nu biasana mah teu digolongkeun salaku lapisan kulit.

Tipeu[édit | édit sumber]

Kulit bisa dibagi kana tipeu kandel jeung ipis. Kulit kandel aya dina dampal suku jeung leungeun; stratum corneumna leuwih lébar sarta kandungan keratinna leuwih loba, euweuh rambutan. Sakujur awak, lian ti nu disebut di luhur, dibungkus ku kulit ipis: stratum corneumna leuwih leutik, rambutan, leuwih lemes sarta leuwih élastis. Karakteristikna, kaasup dénsitas saraf sénsori jeung tipeu rambut, rupa-rupa gumantung perenahna.

Guna[édit | édit sumber]

  1. Taméng: taméng anatomis antara lingkungan jero jeung luar; sél Langerhans dina kulit téh bagian ti sistim imun adaptif
  2. Pangrasa: ngandung rupa-rupa tungtung saraf nu bakal ojah alatan pangaruh panas, tiis, antel, teken, geter, jeung tatu jaringan.
  3. Ngatur hawa: kulit téh ngandung kelenjar sebaceous jeung otot pili éréktor nu lemes.
  4. Simpenan jeung sintésis: nyimpen lipid jeung cai, ogé tempat sintésis vitamin D jeung B ku ayana UV dina bagian kulit anu tangtu. Sintésis ieu patali jeung pigméntasi: kulit leuwih poék mun ngahasilkeun vitamin B leuwih loba batan vitamin D, sarta sabalikna.
  5. Ékskrési: kadar uréa dina cikiih téh 1/130-na. Ékskrési ngaliwatan késang mangrupa guna sekundér pikeun ngatur hawa.
  6. Absorpsi: oksigén, nitrogén, jeung karbon dioksida bisa difusi kana épidermis dina jumlah anu saeutik. Ubar ogé bisa diasupkeun ngaliwatan kulit, misalna dina rupa salep jeung koyo.

Berséka[édit | édit sumber]

Kulit kudu rutin dibérésihan.

Ngolotan jeung panyakit[édit | édit sumber]

Luyu jeung umur nu beuki ngolotan, kulit téh beuki ipis sarta leuwih gampak ruksak. Kulit jadi kerejut (alatan ngurangan élastisitasna), sarta asupan getih jeung kelenjarna beuki saeutik.

Élmu kadokteran nu ngulik kulit disebut dermatologi.

Baca ogé[édit | édit sumber]

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Skin, Wikipédia édisi basa Inggris (3 Méi 2006).