Mamalia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Mamalia
Orang utan
Orang utan (Pongo pygmaeus)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Mammalia
Ordo

Mamalia nyaéta kelas sato vertebrata nu utamana dicirikeun ku ayana kalenjar susu, nu na bikang ngahasilkeun susu pikeun asupan orokna; ayana bulu; sarta mibanda awak éndotérmis atawa "getih haneut". Uteuk ngatur sistim sirkulasi jeung éndotérm, kaasup jantung nu boga opat kamar. Mamalia ngawengku leuwih ti 5,000 genus, nu nyebar di 425 kulawarga jeung 46 Ordo, najan hal ieu gumantung kana klasifikasi ilmiah nu dipaké.

Sacara filogenetik, mamalia diwatesan salaku sakabéh turunan karuhun umum (Ing. common ancestor) mamalia monotrema (nyaéta echidna) jeung therian (plaséntal jeung marsupial).

Ciri-ciri[édit | sunting sumber]

Najan lolobana mah sato mamalia téh ngaborojolkeun anakna, aya ogé sababaraha (monotrema) nu endogan. Kitu deui sato nu ngaborojolkeun anakna, teu kabéh kaasup anggota mamalia, kayaning gupi jeung hiu hulu palu. Ku kituna, anakan téh teu bisa dijadikeun patokan sato mamalia. Najan sakabéh mamalia éndotérmik, tapi manuk nu teu kaasup mamalia gé éndotérmik.

Ciri sato mamalia mah nyaéta ayana kelenjar susu (mammary gland), hiji fitur nu aya di mamalia. Monotréma lajeng misah ti mamalia séjénna kusabab teu boga puting, tapi kalenjar susuna mah aya.

Mamalia boga tilu tulang dina unggal ceulina sarta hiji (huntu) dina unggal sisi rahang handap; sakabéh vertebrata séjén nu ceulian boga hiji tulang dina ceulina sarta sahanteuna tilu dina unggal sisi rahangna. Sagolongan therapsid nu disebut cynodont boga tilu tulang dina rahangna, sandi utama rahangna mangrupa huntu, sedengkeun nu lianna pikeun nyalurkeun sora. Tulang rahang tambahan dina vertebrata lianna diduga mangrupakeun homolog jeung malleus jeung incus dina ceuli mamalia.

Sakabéh uteuk mamalia boga néokortéks nu mangrupakeun salah sahiji ciri mamalia.

Asal-usul[édit | sunting sumber]

Mamalia téh kaasup amniote, hususna synapsid, nu ditunjukkeun ku bentuk tangkorakna, hususna ku ayana liang tunggal dina unggal sisi tempat napelna otot rahang nu disebut temporal fenestra. Pikeun babandingan, dinosaurus, manuk, jeung kalolobaan réptil]] mah diapsid, nu boga dua temporal fenestrae dina unggal sisi tangkorakna; sedengkeun kuya nu teu boga temporal fenestra, kaasup anapsid.

Synapsid lajeng nurunkeun prékursor mamalia munggaran, therapsida, nyaéta eucynodontus 220 Ma (mega annum, juta taun kaliwat) dina yuga Triasik.

Ceuli pra-mamalia mimiti mekar dina ahir Permian nepi ka awal Triasik, ku tumuwuhna tilu tulang lembut (incus, malleus, jeung stapes) di jero tangkorak; dibarengan ku transformasi rahang handap jadi tulang tunggal. Mamalia lianna, kaasup réptil jeung synapsid jeung therapsida pra-mamalia, boga sababaraha tulang dina rahang handap nu sabagian dipaké pikeun ngadéngé; sarta tulang ceuli-tunggal dina tangkorakna. Transisi ieu dijadikeun bukti évolusi mamalia tina réptil: tina tulang ceuli tunggal, sarta sababaraha tulang rahang handap (misalna pelycosaur, Dimetrodon) jadi "tulang rahang pangrungu" nu leuwih leutik (misalna cynodont, Probainognathus), sarta tungtungna mamalia tulén nu boga tuli tulang ceuli dina tangkorakna sarta rahang handap tunggal. Ku kituna, pelycosaurus jeung cynodontus kadang disebut "réptil kawas mamalia", najan ieu téh teu bener, sabab kiwari mah nu dua éta téh dianggap kaasup synapsid, lain réptil.

Dina Yuga Mésozoik, mamalia mekar jadi opat golongan utama: multituberculate (Allotherium), monotreme, marsupial, jeung placental. Multituberculate lastari dina yuga Oligosin, kira 30 jtk, tapi golongan lianna mah hirup nepi ka kiwari. Dina yuga Mésoziok mah kalolobaan mamalia téh tetep leutik kawas cucurut, tapi lajeng morontod sarta beuki mekar dina mangsa kapunahan Cretaceous-Tersiér 65 jtk.

Yuga Mésozoik[édit | sunting sumber]

Mamalia awal mah lolobana laleutik kawas cucurut, nu ngahakanan serangga. Tapi, dina Januari 2005, kalawarta Nature ngalaporkeun kapanggihna dua fosil Repenomamus umur 130 juta taun, panjangna leuwih ti saméter, nu salah sahijina ngandung anak dinosaurus dina beuteungna (Nature, Jan. 15, 2005 [1]). Taun 2004, tim nu dipingpin ku Dr. Ji Qiang ti Universitas Nanjing jeung Akademi Élmu Géologi Cina, manggih fosil akuatik kawas mamalia nu umurna 164 juta taun, panjangna 50 cm, nu spésiésna can kanyahoan. Papanggihan ieu dilaporkeun dina kalawarta Science édisi Pébruari 2006 (Science, 24 Péb 2006 [2]).

Nu kaasup mamalia awal, di antarana:

Najan mamalia geus aya marengan dinosaurus, mimiti ngadominasina mah sanggeus kapunahan masal dinosaurus 65 jtk, dina Yuga Sénozoik.

Yuga Paléosin[édit | sunting sumber]

Dina yuga Paléosin (64–58 jtk-juta taun kaliwat), mamalia téh ngalobaan sanggeus lastarina dinosaurus. Mamalia leutik mirip rodénsia masih ngadominasi, tapi nu ukuran sedeng-badag gé beuki ngalobaan.

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: klasifikasi mamalia.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Malcolm C. McKenna & Susan K. Bell. 1997. Classification of Mammals Above the Species Level. Columbia University Press, New York. ISBN 0-231-11013-8
  • Ronald M. Nowak. 1999. Walker's Mammals of the World. éd. ka-6. Johns Hopkins University Press. ISBN 0-8018-5789-9
  • George Gaylord Simpson. 1945. "The principles of classification and a classification of mammals". Bulletin of the American Museum of Natural History, 85:1–350.
  • Springer, Mark S., Michael J. Stanhope, Ole Madsen, & Wilfried W. de Jong. 2004. "Molecules consolidate the placental mammal tree". Trends in Ecology and Evolution, 19:430–438. (pdf version)
  • Vaughan, Terry A., James M. Ryan, & Nicholas J. Capzaplewski. 2000. Mammalogy: Fourth Edition. Saunders College Publishing, 565 pp. ISBN 0-03-025034-X (Brooks Cole, 1999)
  • Wilson, Don E., & Deeann M. Reeder (eds). 1993. Mammal Species of the World. Smithsonian Institution Press. ISBN 1-56098-217-9

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Mamalia
Monotremata

Placentalia: Xenarthra | Dermoptera | Desmostylia | Scandentia | Primates | Rodentia | Lagomorpha | Insectivora | Chiroptera | Pholidota | Carnivora | Perissodactyla | Artiodactyla | Cetacea | Afrosoricida | Macroscelidea | Tubulidentata | Hyracoidea | Proboscidea | Sirenia

Marsupialia: Didelphimorphia | Paucituberculata | Microbiotheria | Dasyuromorphia | Peramelemorphia | Notoryctemorphia | Diprotodontia


Nulis.jpg