Jantung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Jantung jeung bayah (tina édisi heubeul Gray's Anatomy)

Jantung téh hartina organ muskulér nu ngompa getih ku kontraksi ritmik terus-terusan. Istilah médis ngeunaan jantung nyaéta cardiac, nu hartina "patali jeung jantung", tina basa Yunani kardia (καρδια) nu hartina "jantung".

Jantung manusa[édit | sunting sumber]

Struktur[édit | sunting sumber]

Dina waruga manusa, perenah jantung ilaharna di tengah-tengah toraks rada ngénca, handapeun tulang dada. Jantung kabungkus ku kantong nu disebut pericardium sarta kakubeng ku bayah. Dina waruga jalma sawawa normal, beuratna téh kana 250-350 g, najan nu keur gering mah beuratna bisa nepi ka sakilo. Jantung téh diwangun ku opat kamar: dua atrium luhur jeung dua ventrikel handap.

Hiji séptum ngabagi atrium jeung ventrikel kénca ti atrium jeung ventrikel katuhu, sahingga getih teu ngaliwatan éta wates. Kompa antara atrium jeung ventrikel (kompa antriovéntikulér, atrioventricular valves) ieu ngokolakeun aliran getih salawasna saarahti atrium ka ventrikel.

Fungsi jantung bagian katuhu (baca jantung katuhu) nyaéta pikeun ngumpulkeun getih nu geus teu ngandung oksigén ti sakujur awak sarta ngompa getih éta ka bayah sahingga karbon dioksida bisa dikaluarkeun bari sakaligus ngakut deui oksigén (prosés ieu bisa lumangsung ku ayana nu disebut difusi). Nu beulah kénca (baca jantung kénca) ngumpulkeun getih nu ngakut oksigén ti bayah sarta ngompa getih ieu ka sakuliah awak. Boh di kénca atawa katuhu, otot ventrikelna leuwih kandel batan atrium.

Panémbong anterior (frontal) jantung; paser bodas nunjukkeun aliran getih normal.

Getih nu teu ngakut oksigén ti sakujur awak asup ka atrium katuhu ngaliwatan dua véna gedé, véna kava superior ti awak bagian luhur sarta véna kava inferior ti awak bagian handap. Getihna lajeng ngaliwatan tricuspid valve ka ventrikel katuhu. Ventrikel katuhu ngompa getih nu teu ngakut oksigén ka bayah ngaliwatan arteri pulmonal.

Kasakit jeung natambaanana[édit | sunting sumber]

Ulikan ngeunaan kasakit jantung disebut [[kardiologiKasakit-kasakit nu penting mah di antarana:

Mun arteri koronér kapeungpeuk atawa ngaheureutan, saluran lebah dinya bisa ditarabas ku bedah tarabas arteri koronér (coronary artery bypass surgery) atawa bisa dilegaan maké angioplasty.

Beta blocker mangrupakeun ubar nu nurunkeun kompa jantung sarta tekenan getih sarta ngurangan the heart's oxygen requirements. Nitrogliserin jeung sanyawaan lianna nu ngaleupaskeun oksida nitrat sok dipaké pikeun natambaan kasakit jantung sabab sanyawaan éta bisa ngaleuleuskeun saluran koronér.

Di Groote Schuur Hospital di Cape Town, Afrika Kidul, Louis Washkansky nu umurna 53 taun jadi jalma munggaran nu nampa cangkok jantung (dibedah 3 Désémber 1967, ngan 18 poe ti harita maot alatan pneumonia ganda). Tim cangkok dipingpin ku Christiaan Barnard.

Baca ogé: Uji jeung prosedur diagnostik kardiologi

Jantung sato lianna[édit | sunting sumber]

Kompa jantung[édit | sunting sumber]

Sato nu leutik ngompa jantungna leuwih gancang batan nu gedé. Kitu ogé dina lingkup saspésiés, nu leutik leuwih gancang. Paus Hawuk detak jantungna ukur salapan kali per menit, anjing laut sapuluh kali nalika teuleum, 140 kali nalika di darat, gajah 25, sedengkeun manusa 70 kali.

Katuangan[édit | sunting sumber]

Jantung sapi, domba, babi, jeung sato padaging lianna sok dituang, najan dagingna karasa rada liat.

Ikon[édit | sunting sumber]

Jantung sok digambarkeun mangrupa ikon écéng nu ngandung harti rasa tresna.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]