Getih

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sél getih beureum (éritrosit) aya dina getih pikeun mawa oksigén ka sakabéh sél di sakuliah awak

Getih téh nyaéta jaringan sumebar nu mangrupa cairan plasma jeung sél (sél getih beureum, sél getih bodas, platélét). Istilah médis nu patali jeung getih biasana sok maké émbohan/awalan hémo- atawa hémato-, tina kecap Yunani "haima" nu hartina "getih".

Fungsi utama getih nyaéta pikeun ngasupan zat-zat gizi (oksigén, glukosa), unsur-unsur pangganti jaringan sarta miceun runtah (kawas karbon dioksida jeung asam laktat). Getih ogé jadi patalimarga sél-sél (leukosit, sél tumor abnormal) sarta rupa-rupa zat (asam amino, lipid, hormon) sahingga bisa diangkut antarjaringan jeung antarorgan. Gangguan kana kandungan atawa sirkulasi getih bisa ngabalukarkeun karuksakan/gangguan jaringan.

Anatomi getih[édit | sunting sumber]

Getih diwangun ku sababaraha rupa korpuskel/sél; unsur bentukan ieu ngawengku kira 45% tina getih. Sésana mah mangrupa plasma getih, cairan semu konéng nu jadi média cair getih. Dina kaayaan normal, pH getih artéri téh 7,40. Pikeun babandingan, getih dina sakujur awak manusa téh 7% tina beuratna [1], sahingga jalma sawawa umumna dieusi getih 5 léter (2,7-3 léter mangrupa plasma). Mun digabungkeun, lega buengeut éritrosit dina anatomi manusa téh sarua jeung 2.000 kali lega pakulitan luar manusa.

Sél-sél nu ngeusi getih:

Plasma getih téh mangrupakeun leyuran nu ngandung 96% cai, 4% protéin plasma getih, sarta bahan renik lianna, di antarana

Sakabéh komponén getih di luhur ngabentuk cairan non-Newtonian nu pasipatan alirna unik luyu jeung wangunan saluran getih.

Fisiologi getih[édit | sunting sumber]

Produksi jeung degradasi[édit | sunting sumber]

Sél-sél getih dijieun dina sumsum tulang, dina prosés nu disebut hématopoiésis. Komponén-komponén protéin dijieun dina ati, hormonna dihasilkeun ku kelenjar éndokrin, sedengkeun fraksi cairna dikokolakeun ku peujit jeung ginjal.

Sél-sél getih didegradasi ku limpa jeung sél Kupffer dina ati. Ati ogé boga tugas meresihan protéin jeung asam amino (ginjal ngasékrésikeun protéin-protéin leutik kana urin). Umur hirup éritrosit umumna nepi ka 120 poé, nu salajengna sacara sistimatis diganti ku éritrosit anyar nu dihasilkeun tina prosés hématopoiésis.

Angkutan oksigén[édit | sunting sumber]

Oksigénasi getih diukur ku tekenan parsial oksigén. Oksigén sacara kimiawi 98.5% kabeungkeut ku Hémoglobin (Hb). Ukur 1.5% nu leyur sacara fisik. Molekul Hb mangrupakeun alat angkut oksigén dina mamalia sarta sababaraha spésiés lianna.

Iwal artéri pulmonal jeung umbilik katut vénana, artéri mawa getih nu ngandung oksigén ngajauhan jantung ka sakujur awak ngaliwatan arteriola jeung kapilér, tempat diserepna oksigén. Sabalikna, vénula jeung véna mawa getih nu geus teu ngandung oksigén balik deui ka jantung.

Warna[édit | sunting sumber]

Dina manusa jeung mahluk nu maké hémoglobin lianna, getih nu ngandung oksigén téh warnana beureum burahay, sedengkeun nu teu ngandung oksigén warnana leuwih kolot, beureum ati, nu bisa katempo nalika donor getih nu disedot tina véna. Mun ditilik ti luar, saluran getih nu ngageleng handapeun kulit awak urang katémbongna bulao[2].

Serangga[édit | sunting sumber]

Dina serangga, getihna (sebutanana hémolimfa) teu ngangkut oksigén (lawang nu disebut trahéa bisa ngasupkeun oksigén ti luar maké prosés difusi langsung ka jaringan). Getih serangga fungsina ukur mindahkeun gizi ka jaringan sarta miceun produk sésa.

Invertebrata leutik[édit | sunting sumber]

Dina sababaraha invertebrata leutik kawas serangga, oksigén langsung leyur dina plasma. Sato nu leuwih badag migunakeun protéin réspiratori pikeun ngaronjatkeun kapasitas ngangkut oksigén. Hémoglobin mangrupakeun protéin réspiratori nu paling umum aya di alam, sedengkeun krustaséa jeung moluska migunakeun hémosianin (bulao, ngandung tambaga).

Dina kalolobaan invertebrata, protéin pangangkut oksigén ieu téh leyur dina plasma getih, béda jeung vertebrata nu boga sél getih beureum nu hususon ngakut oksigén (sahingga ngaronjatkeun daya angkutna tanpa ngarobah viskositas atawa ngaruksak organ panyaring getih kawas ginjal.

Transpor karbon dioksida[édit | sunting sumber]

Nalika getih artéri sistemik ngalir dina kapilér, lumangsung difusi CO2 ti jaringan kana getih. Sawaréh (lolobana) aya nu leyur na getih (dina bentuk bikarbonat jeung ion hidrogén), sawaréh deui aya nu ngahiji jeung hémoglobin jadi karbamino hémoglobin.

Transpor ion hidrogén[édit | sunting sumber]

Déoksihémoglobin (hémoglobin nu geus ngaleupaskeun oksigén) boga fungsi séjén, nyaéta pikeun ngabeungkeut ion hidrogén; déoksihémoglobin mibanda afinitas éléktron leuwih luhur batan oksihémoglobin.

Kaséhatan jeung panyakit[édit | sunting sumber]

Diagnosis[édit | sunting sumber]

Tekanan getih jeung uji getih mangrupakeun papanggihan diagnostik pangilaharna dipaké pikeun mariksa getih jeung kaayaan umum awak.

Patologi[édit | sunting sumber]

Baca ogé panyakit getih

Gangguan sirkulasi jeung kandungan getih mangrupakeun sumber rupa-rupa panyakit.

  • Tatu luar bisa ngabalukarkeun kakurangan getih. Trombosit bisa nulungan ngabekukeun dina kajadian tatu leutik, sedengkeun dina tatu badag mah kudu geuwat diubaran.
  • Kapendetna sirkulasi bisa ngabalukarkeun rupa-rupa gangguan médis, ti iskémia nepi ka nékrosis jaringan jeung gangrene.
  • Hémofilia, kasakit genetik nu ngabalukarkeun disfungsi salasahiji mékanisme koagulasi getih.
  • Leukemia, kangker jaringan nu ngahasilkeun getih.
  • Kurang getih, boh alatan trauma atawa lain (misalna nalika dibedah), ogé kasakit getih lianna kawas anémia jeung talasémia, kadang merlukeun transfusi getih. Sababaraha nagara boga bang getih pikeun nedunan pangabutuh getih (di Indonésia mah dikoordinir ku PMI).
  • Getih mangrupakeun véktor penting dina inféksi. HIV, virus nu ngabalukarkeun AIDS, bisa tépa mun aya kontak getih, mani, atawa sékrési awak ti jalma nu geus kainféksi. Hépatitis B jeung C ditépakeun utamana ngaliwatan kontak getih.
  • Inféksi getih disebut baktérémia atawa sépsis. Malaria jeung tripanosomiasis mangrupakeun inféksi parasitik nu ngaliwatan getih.

Natambaan[édit | sunting sumber]

Transfusi getih mangrupakeun terapi getih sacara langsung. Kusabab aya rupa-rupa golongan getih, getih donor jeung nu rék narimana kudu sarua (transfusi getih nu golonganana béda bisa ngabalukarkeun komplikasi anu parna).

Produk getih lian nu dipaké (disuntikkeun) nyaéta platélét, plasma getih, cryoprecipitate, sarta konsentrat faktor koagulasi.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Blood, Wikipédia édisi basa Inggris per 15 Nopémber 2005


Sistim kardiovaskular édit

Jantung - Aorta - Artéri - Artériola - Kapilér - Vénula - Véna - Venae cavae - Artéri pulmonal - Burih - Véna pulmonal - Getih


Sistem kardiovaskular - Getih
Sél getih beureum - Sél getih bodas - Platélét - Plasma getih - Sél stém hémopoiétik pluripoténsial
Sél getih bodas
Granulosit (Granulosit Neutrofil, Granulosit éosinofil, Granulosit basofil) - Limfosit - Monosit
Koagulasi
Faktor koagulasi: - Fibrin (I) - (Pro)trombin (II) - FV - FVII - FVIII - FIX - FX - FXI - FXII - FXIII - HMWK - vWF - Faktor jaringan
Inhibitor: Antitrombin - Protéin C - Protéin S - Protéin Z - ZPI - TFPI
Fibrinolisis: Plasmin - tPA/urokinase - PAI-1/2 - α2-AP - TAFI