Ati

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ati beurit

Ati (atawa, kawentarna mah liver) téh salahsahiji organ vertebrata, kaasup manusa, nu pancénna penting pisan dina métabolisme, detoksifikasi ubar, neundeun glikogén, sarta sintésis protéin plasma. Ati ogé ngahasilkeun bili, nu penting pikeun nyerna dahareun. Istilah médis nu patali jeung ati biasana diawalan ku hepato- atawa hepatic, tina hepar (basa Yunani).

Anatomi[édit | sunting sumber]

Ati manusa normalna mah kira 1 - 2,5 kilo, lemes, kelirna kayas semu coklat, mangrupakeun organ internal pangbadagna (nu pangbadagna mah kulit) nu perenahna pas handapeun diafragma, luhureun abdomén luhur lebah katuhu, katuhueun burih, sakaligus mangrupa bantalan pikeun hampru.

Saluran getih nu asup kana ati aya dua: arteri hépatik jeung véna portal. Arteri hépatik normalna datang ti celiac artery. Véna portal ngalirkeun getih véna tina limpa, pankréas, jeung peujit leutik, sahingga ati bisa ngolah zat-zat gizi sarta produk cerna lianna. Ti véna hépatik, getih ngalir langsung ka véna cava inferior.

Ségmén-ségmén nu patali jeung daun anatomis ati nyaéta:
Daun Ségmén Couinaud
Caudate 1
Kénca 2, 3
Quadrate 4
Katuhu 5, 6, 7, 8

Fisiologi[édit | sunting sumber]

Rupa-rupa fungsi ati dijalankeun ku sél ati nu katelah hépatosit.

Kasakit[édit | sunting sumber]

Kasakit ati loba nu dibarengan ku kasakit konéng balukar tina kadar bilirubin dina sistimna. Bilirubin nu dihasilkeun tina direcahna hémoglobin sél getih beureum paéh; normalna mah, ati téh ngaluarkeun bilirubin tina getih lajeng diékskrésikeun kana bili.

Sababaraha uji fungsi ati bisa dilakukeun pikeun nguji fungsi ati, nyaéta ku jalan ngukur kadar énzim, métabolit, atawa produk ati.

Cangkok[édit | sunting sumber]

Cangkok ati mangrupakeun salahsahiji pilihan pikeun nu ngarandapan gagal ati permanén, di antarana kasakit ati kronis nu ngabalukarkeun sirosis, kayaning hépatitis C kronis, kacanduan alkohol, hépatitis otoimun, jsb. Lian ti éta, cangkok ati ogé kungsi dilarapkeun ka nu ngalaman fulminant hepatic failure. Allograft ati pikeun nyangkok ilaharna mah asalna ti donor nu tos maot alatan tatu otak parna. Cangkok ati donor hirup mangrupakeun téhnik nyangkokkeun sabagian ati jalma nu hirup kénéh pikeun ngaganti sakabéh ati pasén. Téhnik ieu munggaran dijalankeun taun 1989 pikeun cangkok ati murangkalih. Ukur 20% ati sawawa (ségmén Couinaud 2 jeung 3) nu diperlukeun salaku allograft pikeun orok atawa budak leutik. Nu leuwih anyar, cangkok ati ti nu sawawa ka sawawa deui migunakeun daun katuhu ati donor (60%-na). Kusabab ati mah bisa regenerasi, fungsi ati boh donor atawa nu nampana bakal tetep normal. Prosedur ieu téh beurat, nepi ka kungsi aya donor nu pupus ti sababaraha ratus kasus awal.

Kamekaran[édit | sunting sumber]

Ati mekar salaku endodermal outpocketing of the foregut called the hepatic diverticulum. Its initial blood supply is primarily from the vitelline veins that drain blood from the yolk sac. The superior part of the hepatic diverticulum gives rise to the hepatocytes and bile ducts, while the inferior part becomes the gallbladder and its associated cystic duct.

Asupan getih fétus[édit | sunting sumber]

Dina fétus nu keur tumuwuh, sumber utama asupan getih nu ngandung zat-zat gizi ka ati téh nyaéta ngaliwatan véna umbilik. Getih ti véna umbilik asup ka abdomén dina umbilicus, lajeng ngaliwatan margi bébas falciform ligament ati ka bagian jero ati. Di dinya lajeng ngagabung jeung cagak kénca véna portal. Ductus venosus mawa getih ti véna portal kénca ka véna hépatik kénca, lajeng ka véna cava inferior, sahingga getih plasénta narabas ati.

Sanggeus borojol, véna umbilik jeung ductus venosus robah dina jangka dua nepi ka lima poé; nu kahiji jadi ligamentum teres, sedengkeun nu kadua jadi ligamentum venosum. Dina kasakit sirosis jeung hiperténsi portal, véna umbilik bisa muka deui.

Organ analog[édit | sunting sumber]

Artropoda boga kelenjar nu pancénna sarupa jeung gabungan ati jeung pankréas.

Pangan[édit | sunting sumber]

Ati mamalia jeung unggas mangrupakeun bahan pangan manusa. Eusina loba ngandung Vitamin A.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Liver, Wikipédia édisi basa Inggris per 9 Désémber 2005

Pustaka baku médis:

  • Eugene R. Schiff, Michael F. Sorrell, Willis C. Maddrey (éd.) (2003). Schiff's diseases of the liver (éd. ka-9). Philadelphia: Lippincott, Williams & Wilkins. ISBN 0-7817-3007-4
  • Sheila Sherlock & James Dooley (2002). Diseases of the liver and biliary system (éd. ka-11). Oxford, UK; Malden, MA: Blackwell Science. ISBN 0-632-05582-0
  • David Zakim & Thomas D. Boyer (éd.) (2003). Hepatology : a textbook of liver disease (éd. ka-4). Philadelphia: Saunders. ISBN 0-7216-9051-3
  • Sanjiv Chopra (2002). The Liver Book: A Comprehensive Guide to Diagnosis, Treatment, and Recovery. Atria. ISBN 0-7434-0585-4
  • Melissa Palmer (24 Méi 2004). Dr. Melissa Palmer's Guide to Hepatitis and Liver Disease: What You Need to Know (éd. rév.). Avery Publishing Group. ISBN 1-58333-188-3.
  • Howard J. Worman (1999). The Liver Disorders Sourcebook. McGraw-Hill. ISBN 0-7373-0090-6.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Sistim cerna

Baham - Faring - Ésofagus - Burih - Pankréas - Hampru - Ati - Peujit leutik (duodenum, jejunum, ileum) - Kolon - Cecum - Réktum - Bool