Hormon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Hormon (Yun. horman - "sangkan ojah") hartina utusan kimiawi ti hiji sél (atawa sagolongan sél) ka sél lianna. Sakabéh organisme multisélular ngahasilkeun hormon (kaasup tutuwuhan - baca artikel fitohormon).

Hormon nu paling dipikawanoh ti bangsa sasatoan (jeung manusa) nyaéta nu dihasilkeun ku kelenjar éndokrin vertebrata, padahal hormon téh dihasilkeun ku ampir unggal sistim organ jeung jaringan. Molekul hormon disékrésikeun (dikaluarkeun) langsung kana aliran getih, cairan awak lianna, atawa kana jaringan anu tangtu. Pindahna ku cara sirkulasi atawa difusi ka sél targétna, nu bisa baé sél nu padeukeut/natangga (aksi parakrin) dina jaringan nu sarua atawa sél nu ayana di organ séjén. Fungsi hormon nyaéta salaku sinyal/iber ka sél targét; peta hormon ditangtukeun ku pola sékrési jeung transduksi sinyal jaringan nu nampana.

Hormon petana rupa-rupa, ngawengku stimulasi/pangrangsang atawa inhibisi/meungpeuk kamekaran, induksi atawa suprési apoptosis (program paéh sél), aktivasi atawa inhibisi sistim imun, régulasi/ngatur métabolisme jeung préparasi aktivitas anyar (misalna tarung, jalangan) atawa fase hirup (misalna pubertas, miara turunan, ménopause). Dina sababaraha kasus, hiji hormon bisa ngatur produksi jeung sékrési hormon séjén. Réspon kana sinyal hormon bisa digambarkeun salaku régulasi aktivitas métabolik hiji organ atawa jaringan. Hormon ogé ngatur daur réproduktif ampir sakabéh organisme multisélular.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Konsép sékrési internal mekar dina abad ka-19; didadarkeun ku Claude Bernard taun 1855, tapi teu sacara husus nujul kana kamungkinan sékrési ti hiji organ salaku utusan pikeun organ séjén.

Panarabas utamana nyaéta nalika idéntifikasi sékrétin, hormon nu disékrésikeun ku duodenum nu ngarangsang sékrési ti pankréas, didadarkeun ku Ernest Starling jeung William Bayliss taun 1902. Saméméhna, prosés ieu geus dipercaya (misalna ku Ivan Pavlov) diatur ku sistim saraf. Starling jeung Bayliss nunjukkeun yén nyuntikkeun ékstrak duodenal ka anjing bakal ngaronjatkeun sékrési ti pankréas.

Starling ieu ogé nu ngawanohkeun istilah "hormon" dina ceramahna taun 1905. Laporan salajengna negeskeun yén hal éta téh diajukeun ka anjeunna ku fisiolog Cambridge William B. Hardy.

Fisiologi hormon[édit | sunting sumber]

Unggal sél sabenerna boga kabisa pikeun ngahasilkeun rupa-rupa molekul régulator. Kelenjar éndokrin klasik katut produk hormonna hususon pikeun ngatur sakabéh hambalan organisme, tapi bisa ogé dipaké (dina jalur husus) ukur dina hambalan jaringan.

Laju produksi hiji hormon ilaharna diatur ku sistim kontrol homéostatik, umumna mah ku eupan négatif (negative feedback). Misah ti produksina, régulasi homéostatik hormon gumantung kana métabolisme jeung ékskrési hormon.

Séksrési hormon bisa dirangsang jeung dipeungpeuk ku

  • hormon séjén (hormon "nu ngarangsang"/"stimulating" atawa "ngaleupaskeun"/"releasing")
  • konsentrasi ion atawa gizi dina plasma, ogé globulin
  • aktivitas neuron jeung méntal
  • parobahan lingkungan, misalna cahya atawa suhu

Nu anyaran kapanggih jeung keur ditalungtik kénéh nyaéta kelas hormon nu katelah "Hormon Lapar" (Hunger Hormones) - grélin, oréksin jeung PYY 3-36 - katut antagonisna - misalna léptin.

Tipe hormon[édit | sunting sumber]

Hormon vertebrata digolongkeun kana opat kelas kimia:

  1. hormon derivat amina, turunan asam amino tirosin jeung triptofan. Contona nyaéta katékolamin jeung tiroksin.
  2. hormon péptida, mangrupa rantay asam amino. Contona nyaéta TRH jeung vasoprésin. Péptida nu diwangun ku ratusan asam amino disebut protéin. Conto hormon protéin nyaéta insulin jeung hormon kamekaran (growth hormone).
  3. hormon stéroid, turunan koléstérol; kortéks adrénal jeung gonad mangrupakeun sumber utamana. Contona nyaéta téstostéron jeung kortisol.
  4. Hormon lipid jeung fosfolipid, turunan lipid sarupaning asam linoléat jeung fosfolipid kawas asam arakidonat. Kelas utamana nyaéta éikosanoid, nu ngawengku rupa-rupa prostaglandin.

Farmakologi[édit | sunting sumber]

Kiwari, hormon sok dipaké natambaan kasakit. Nu pangilaharna mah nyaéta éstrogén jeung progéstagén (dina pél kontraséptif jeung HRT), tiroksin (salaku lévotiroksin pikeun hipotiroidisme) sarta stéroid (pikeun kasakit otoimun jeung sababaraha gangguan engapan). Insulin sok dipaké ku nu boga kasakit diabétes/kencing manis.

Hormon penting manusa[édit | sunting sumber]

Hormon amina[édit | sunting sumber]

Hormon derivat amina:

Hormon péptida[édit | sunting sumber]

Hormon péptida:

Hormon stéroid jeung stérol[édit | sunting sumber]

Hormon stéroid:

Hormon stérol:

Hormon lipid[édit | sunting sumber]

Hormon lipid jeung fosfolipid (éikosanoid):

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Hormone, Wikipédia édisi basa Inggris per 17 Nopémber 2005
  • Henderson J. Ernest Starling and 'Hormones': an historical commentary. J Endocrinol 2005;184:5-10. PMID 15642778.
Hormon jeung kelenjar éndokrin - édit

Hipotalamus: GnRH - TRH - CRH - GHRH - somatostatin - dopamin | Posterior pituitary: vasoprésin - oksitosin | Anterior pituitary: GH - ACTH - TSH - LH - FSH - prolaktin - MSH - éndorfin - lipotropin

Tiroid: T3 jeung T4 - kalsitonin | Paratiroid: PTH | Adrenal medulla: épinéfrin - norépinéfrin | Adrenal cortex: aldostéron - kortisol - DHEA | Pangkréas: glukagon- insulin - somatostatin | Ovarium: éstradiol - progéstéron - inhibin - aktivin | Téstis: téstostéron - AMH - inhibin | kelenjar pineal: mélatonin | Ginjal: rénin - EPO - kalsitriol - prostaglandin | Atrium jantung: ANP

Beuteung: gastrin | Duodenum: CCK - GIP - sékrétin - motilin - VIP | Ileum: éntéroglukagon | Ati: IGF-1

Bali: hCG - HPL - éstrogén - progéstéron

Jaringan adiposa: léptin, adiponéktin

Turunan targét NGF, BDNF, NT-3