Burih

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Burih

Dina anatomi, burih téh organ dina saluran pencernaan nu pancénna nyerna dahareun. Sacara umum, fungsi utama burih mah lain nyerep gizi tina dahareun nu dicerna; éta mah pancén peujit. Pagawéan burih anu utama nyaéta ngarecah molekul-molekul baradag dina dahareun jadi nu laleutik sahingga leuwih bisa diserep kana aliran getih. Ngaran Latin pikeun burih nyaéta Ventriculus jeung Gaster; istilah-istilah médis nu patali jeung burih biasana sok maké awalan "gastro-" atawa "gastric".

Perenahna burih dina awak urang.

Dina awak manusa, burih téh mangrupakeun lingkungan nu haseum kacida (ku ayana sékrési asam hidroklorat) nu ngandung énzim péptidase. Malah, fakta nunjukkeun yén interior burih téh bisa nyékrésikeun 2-3 léter cairan burih dina sapoéna.

Dina awak ruminansia, burihna téh mangrupa organ badag nu kabagi kana sababaraha rohangan nu "ngimahan" baktéri simbiotik nu ngahasilkeun énzim nu diperlukeun pikeun nyerna selulosa bahan nabati. Bahan nabati éta téh dicerna sacara parsial ngaruntuy dina sababaraha rohangan burih, sahanteuna dibeuweung/dicapék sakali deui.

Burih manusa[édit | sunting sumber]

Anatomi[édit | sunting sumber]

Burih téh perenahna di antara ésofagus jeung tungtung awal peujit leutik (duodenum), bagian kénca rohangan abdominal, fundusna nyanghareup ka diafragma.

Burih dibagi kana lima bagian, nu masing-masing mibanda sél katut fungsi nu béda-béda. Cairan burih (gastric juice) nu aya dina jero burih téh pH-na 1-3. Kadang cairan ieu kalah ngaruksak pinding burih atawa lapisan mukosana, nu disebut kasakit maag téa.

Histologi[édit | sunting sumber]

Sarua jeung bagian sistim pencernaan lianna, pinding burih téh diwangun ku sababaraha lapisan.

Lapisan anu kahiji nyaéta mukosa, nu diwangun ku épitél, lamina propria, jeung otot lemes nu katelah muscularis mucosa. Submukosa-na aya handapeun ieu lapisan, mangrupa serat jaringan konéktif nu misahkeun mukosa ti lapisan handapeunana: muscularis externa. Otot burih dibédakeun ti organ pencernaan lianna sabab boga tilu lapisan otot, lain dua. Handapeun lapisan otot ieu aya adventitia, lapisan jaringan konéktif nu nyambung ka omenta.

Épitél burih ngabentuk liang-liang jero nu disebut fundic or oxyntic glands. Sél anu tipena béda-béda téh perenahna béda-béda dina sela liangna. Sél nu aya dina dasar liang disebut sél chief, nu pancénna ngahasilkeun pépsinogén, prékursor inaktif pépsin, nu ngarecah protéin. Sékrési pépsinogén nyegah kacernana sél-sél dina pinding burih. Salajengna sél parietal nu ngahasilkeun asam burih, nu maéhan kalolobaan baktéri nu aya dina dahareun, ngarangsang rasa lapar, sarta ngaktifkeun pépsinogén jadi pépsin. Deukeut punclutna, nu pangdeukeutna kana eusi burih, aya sél nu produsén mukus nu disebut sél goblet, nu ngabantu ngajaga sangkan burih teu kacerna sorangan.

Muscularis externa, sakumaha disebut di luhur, diwangun ku tilu lapis otot lemes. Lapisan pangjerona arahna nyérong, teu ilahar dina sistim digésti mah, boga pancén metakeun gerak ngarameus sahingga sacara fisik ngarecah dahareun. Lapisan otot salajengna nyaéta nu sirkular jeung nu longituditinal, nu ogé aya dina bagian organ pencernaan lianna. Antrum mibanda otot nu leuwih kandel dina pindingna, sabab boga pancén dina kontraksi nu leuwih beurat batan fundus. Pylorus dikuriling ku pinding otot sirkular kandel nu normalna tonically constricted forming a functional (if not anatomically discrete) pyloric sphincter, nu ngatur gerak chyme ka duodenum.

Kontrol sékrési jeung motilitas[édit | sunting sumber]

Diagram nu ngaringkes kontrol sékrési asam burih, nunjukkeun interaksi antara awak jeung antrum.

Gerak jeung aliran zat-zat kimia kana burih diatur ku sistim saraf otonom jeung rupa-rupa hormon sistim pencernaan.

Hormon gastrin nu dikaluarkeun ku sél G nyababkeun ngalobaanana sékrési HCl, pépsinogén jeung faktor intrinsik tina sél parietal jero burih. Hormon ieu gé ngaronjatkeun motilitas dina jero burih. Ieu diinhibisi ku pH nu normalna kurang ti 4, sarupa jeung hormon somatostatin.

Kolésistokinin (CCK) sabenerna mah kuat pisan pangaruhna kana hampru, tapi ogé boga peran dina ngosongkeun burih. Sarupa jeung sékrétin nu dihasilkeun dina peujit leutik, pangaruhna anu kuat mah kana pankréas, tapi ogé bakal ngeureunan sékrési asam burih.

GIP jeung éntéroglukagon nurunkeun asam burih katut motilitasna.

Hormon-hormon salian ti gastrin petana pikeun ngeureunkeun peta burih, nu mangrupakeun jawaban tina dahareun dina peujit nu can kaserep. Mun peujit pinuh kénéh sarta masih nyerna dahareun, burih téh ukur ngawadahan dahareun nu asup.

Kasakit[édit | sunting sumber]

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Stomach, Wikipédia édisi basa Inggris per 6 Désémber 2005.


Sistim cerna

Baham - Faring - Ésofagus - Burih - Pankréas - Hampru - Ati - Peujit leutik (duodenum, jejunum, ileum) - Kolon - Cecum - Réktum - Bool