Karbohidrat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Fruktosa dina bentuk ranté-lempeng

Karbohidrat (nurutkeun basa hidrat karbon) nyaéta sanyawa kimiawi nu pungsina salaku perantara biologis primér pikeun neundeun atawa maké énergi; bentuk séjénna ngaliwatan gajih jeung protéin. Karbohidrat nu kaitung kompléks disebut polisakarida.

Struktur[édit | sunting sumber]

Glukosa dina bentuk ranté-lempeng

Karbohidrat murni ngandung atom karbon, hidrogén, jeung oksigén; dina nisbah 1:2:1 molar, nu méré rumus umum CxH2xOx. Tapi, loba karbohidrat penting nyimpang ti ieu rumus, kayaning déoksiribosa. Sakapeung sanyawaan nu ngandung unsur séjén ogé diaku salaku karbohidrat, kayaning kitin, nu ngandung nitrogén.

Karbohidrat nu pangbasajanna nyaéta monosakarida, nu mangrupa aldehid jeung keton leutik ranté-lempeng nu loba katambah ku gugus hidroksil, biasana hiji di unggal karbon iwal gugus fungsionalnya. Karbohidrat séjén diwangun ku unit-unit monosakarida nu paregat ku hidrolisis. Nu ieu digolongkeun kana disakarida, oligosakarida, atawa polisakarida, gumantung kana jumlah unit monosakarida nu nyusunna.

Monosakarida[édit | sunting sumber]

Monosakarida bisa dibagi jadi aldosa, nu mibanda gugus aldehid na atom karbon kahiji, sarta ketosa, nu husus mibanda gugus keton na atom karbon kadua. Bisa ogé dibagi-bagi jadi triosa, tétrosa, péntosa, héksosa, jeung saterusna gumantung jumlah atom karbon nu dipimilikna. Conto gampang, glukosa ngarupakeun aldohéksosa, fruktosa mangrupa ketohéksosa, sedengkeun ribosa mangrupa aldopéntosa.

Salajengna, ungal atom karbon nu boga gugus hidroksil (iwal nu mimiti jeung panungtung) boga sipat aktif optis, sahingga karbohidrat bisa dibédakeun deui sanajan struktur dasarna sarua. Misal, galaktosa ngarupakeun aldohéksosa, tapi boga sipat nu béda ti glukosa sabab susunan atom-atomna teu sarua.

Struktur ranté-lempeng nu digambarkeun di dieu ukur salasahiji tina bentuk monosakarida nu bisa jadi. Gugus aldehid atawa keton bisa meungkeut gugus gugus hidroksil ti atom karbon nu séjén ngabentuk hémiasétal atawa hémiketal, nu dina kasus ieu aya sasak oksigén antara dua atom karbon, ngabentuk cingcin hétérosiklik. Cingcin nu diwangun ku lima jeung genep atom disebut bentuk furanosa jeung piranosa, nu aya dina kasatimbangan jeung bentuk ranté-lempeng.

Kudu ditengetkeun yén bentuk cingcin mibanda hiji deui karbon nu optik aktif batan bentuk ranté-lempeng, sarta ogé mibanda bentuk alfa jeung béta nu bulak-balik dina kasatimbangan. Ngan, mun aya réaksi karbohidrat jeung alkohol jadi asétal atawa ketal, dua bentuk éta jadi béda. Ieu ngarupakeun tipe dasar tumbu antara unit-unit monosakarida tina karbohidrat nu leuwih gedé.

Disakarida[édit | sunting sumber]

Disakarida molekulna diwangun ku dua unit monosakarida. Beungkeutan antara dua gula éta ngawujud tina leupasna hiji atom hidrogén (H) ti hiji molekul jeung hiji gugus hidroksil ti nu hiji deui. Disakarida nu paling umum nyaéta sukrosa (gula bodas - dijieun tina hiji glukosa jeung hiji fruktosa), laktosa (gula susu - dijieun tina hiji glukosa jeung hiji galaktosa) sarta maltosa (dijieun tina dua glukosa).
Rumus kimiawi pikeun disakarida ieu nyaéta C12H22O11.

Gizi[édit | sunting sumber]

Sababaraha sumber nu beunghar ku karbohidrat kompléks

Kalawan teges, karbohidrat teu dipikabutuh pikeun gizi manusa sabab protéin bisa dirubah jadi karbohidrat - diet tradisional aya nu ampir enol persén karbohidrat, bari jagjag walagri kalawan sampurna. Ngan, karbohidrat merlukeun cai nu (rélatif) leuwih saeutik pikeun nyerna batan protéin atawa lemak, sarta ogé mangrupa sumber penting énergi.

Tempo ogé

Biokimia
Makromolekul

Katabolisme[édit | sunting sumber]

Aya tilu jalur métabolik katabolisme karbohidrat:

  1. Glikolisis
  2. Daur asam sitrat
  3. Fosforilasi oksidatif

Simpenan glikogén[édit | sunting sumber]

Disimpen pikeun dipaké nalika glukosa teu diserep ku saluran pencernaan.

Sumber-sumber karbohidrat[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]