Énergi
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Dina fisika jeung élmu alam lianna, énergi (tina basa Yunani ἐνέργεια - energeia, "aktivitas, operasi", tina ἐνεργός - energos, "aktif, digawé"[1]) nyaéta hiji kuantitas fisik skalar anu mangrupakeun sifat obyék jeung sistem anu langgeng. Énergi mindeng didéfinisikeun salaku kamampuh pikeun ngalakukeun usaha.
Daptar eusi |
[édit] Hijian
[édit] SI jeung hijian nu patali
Hijian SI pikeun énergi sarta usaha nyaéta joule (J), dingaranan kieu pikeun ngahormat James Prescott Joule jeung percobaanana dina persamaan mékanika panas. 1 joule sarua jeung 1 newton-méter sarta, dina istilah hijian SI, 1 J sarua jeung 1 kg m2 s−2.
[édit] Pamindahan énergi
[édit] Usaha
Artikel utama: Usaha mékanik
Usaha didéfinisikan minangka "integral wates" gaya F sajauh s:
Persamaan di luhur nganyatakeun yén usaha (W) sarua jeung integral ti kakalian titik (dot product) antara gaya
dina hiji barang jeung infinitesimal posisi barang
.
[édit] Rupa-rupa énergi
[édit] Énergi kinétik
Artikel utama: Énergi kinétik
Énergi kinétik nyaéta bagian ti énergi anu patali jeung gerakan hiji barang.
Persamaan di luhur nganyatakeun yén énergi kinétik (E_k) sarua jeung integral ti dot product "laju"
hiji barang jeung infinitesimal moméntum barang
.
[édit] Énergi poténsial
Artikel utama: Énergi poténsial
Lalawanan jeung énergi kinétik, anu mangrupakeun énergi ti hiji sistem balukar gerakna, atawa gerak partikel internalna, énergi poténsial ti hiji sistem nyaéta énergi anu patali jeung konfigurasi ruang ti komponén-komponénna sarta interaksi maranéhanana. Jumlah partikel anu ngaluarkeun gaya sacara otomatis nyieun hiji sistem kalawan énergi poténsial. Gaya-gaya kasebut, contona, bisa timbul ti interaksi éléktrostatik (tempo hukum Coulomb), atawa gravitasi.
[édit] Énergi internal
Artikel utama: Énergi internal
Énergi internal nyaéta énergi kinétik nu patali jeung gerak molekul-molekul, sarta énergi poténsial anu patali jeung geteran puteran sarta énergi listrik ti atom-atom dina jero molekul.
[édit] Tempo ogé
[édit] Énergi dina élmu alam
[édit] Pamakéan énergi ku manusa
Artikel séjénna
[édit] Bacaan satuluyna
- Feynman, Richard. Six Easy Pieces: Essentials of Physics Explained by Its Most Brilliant Teacher. Helix Book. See the chapter "conservation of energy" for Feynman's explanation of what energy is and how to think about it.
- Einstein, Albert (1952). Relativity: The Special and the General Theory (Fifteenth Edition). ISBN 0-517-88441-0
[édit] Tumbu ka luar
- Indonésia Energy Information Center
- Portal Média Informasi Énergi
- Energy Encyclopedia Encyclopedia of free energy
- Conversions of energy units
- Interesting energy facts
- What does energy really mean? From Physics World
- Glossary of Energy Terms
- International Energy Agency IEA - OECD
Kesalahan pengutipan: Tag <ref> ditemukan, tapi tag <references/> tidak ditemukan

