Tutuwuhan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi
Tutuwuhan
Rentang fosil: Panengah-Ordovisiaahir–Kiwari
Daun pakis
Daun pakis
Klasifikasi ilmiah
Domain: Eukaryota
Kingdom: Plantae
Haeckel, 1866
Divisio

Dina biologi, tutuwuhan nujul kana organisme nu kaasup kana Regnum Plantae. Di jerona ngawengku sakabeh tutuwuhan nu berpembuluh, boh nu semu atawa nu sajati (lumut hate, lumut, papakuan jeung tutuwuhan sikian). Dina sababaraha versi taksonomi tutuwuhan, alga hejo oge diasupkeun kana karajaan (regnum) ieu. Kacatet aya kurang leuwih 300.000 spesies organisme nu kawengku.

Tutuwuhan mangrupakeun organisme autotrof nu ngamangpaatkeun klorofil minangka komponen pangobah energi foton tina cahya panonpoe jadi energi kimiawi dina wangun gula. Proses pangalihan ieu katelah fotosintesis. Istilah "asimilasi karbon" dipake oge keur proses ieu alatan merlukeun karbon nu beunang tina CO2 bebas ti udara. Kusabab sipatna nu autotrof, tutuwuhan nempatan posisi kahiji dina rante aliran energi ngaliwatan organisme hirup (rante kadaharan).

[édit] Tempo oge