Kembang
Kembang nya éta organ réproduktif tutuwuhan nu kaasup golongan angiosperm (tangkal kembangan; divisi Magnoliophyta). Fungsi kembang nyaéta pikeun ngahasilkeun siki tina réproduksi séksual. Pikeun tutuwuhan leuwih luhur, siki téh mangrupa turunan, nu jadi alat sumebarna hiji spésiés. Sanggeus ngalaman fértilisasi, kembang laju tumuwuh jadi buah nu ngandung sikina.
Daptar eusi |
[édit] Morfologi kembang
Kembang nya éta tangkal sarta daun anu barobah (ngarandapan modifikasi). Modifikasi ieu dilantarankeun ku dihasilkeunnana sajumlah énzim anu dirangsang ku sajumlah fitohormon nu tangtu. Diwangunna kembang kalawan heureut dikadalikeun sacara génetik sarta dina réa wanda diinduksi ku parobahan lingkungan nu tangtu, kawas suhu nu handap, lilana panyinaran, sarta aya euweuhna cai.
Kembang disebut kembang sampurna lamun ngabogaan bagapurusa jalu (benang sari) sarta bagapurusa bikang (putik) sacara babarengan dina hiji awak (tangkal). Kembang anu kitu disebut kembang banci atawa hérmaprodit. Hiji kembang disebut kembang pepek lamun ngabogaan kabéh bagian utama kembang. Opat bagian utama kembang (ti luar ka jero) nyaéta:
- Kongkolak kembang atawa calyx;
- Makuta kembang atawa corolla anu biasana ipis sarta bisa warna-warni pikeun narik sarangga anu mantuan prosés némpélkeun bubuk (basa Indonésia: penyerbukan);
- Bagapurusa jalu atawa androecium (tina basa Yunani andros oikia: imah jalu) mangrupakeun benang sari;
- Bagapurusa bikang atawa gynoecium (tina basa Yunani gynaikos oikia: "imah bikang") mangrupakeun putik.
Alat réproduksi bikang nya éta daun buah atawa carpellum anu dina puhuna ngandung bakal buah (ovarium) jeung hiji atawa leuwih bakal siki (ovulum, loba ovula) anu mawa gamet bikang) dina jero kantong émbrio. Dina tungtung putik aya hulu putik atawa stigma pikeun nampa bubuk sari atawa pollen. Gagang putik atawa stylus boga andil minangka jalan pikeun pollen nuju bakal buah.
Sanajan struktur kembang anu digambarkeun di luhur mangrupakeun struktur tuwuhan anu "umum", spésiés tuwuhan némbongkeun modifikasi anu pohara rupa-rupa. Modifikasi ieu dipaké para ahli botani pikeun néang hubungan antara hiji tuwuhan jeung anu séjénna. Contona, dua subkelas tina pepelakan kembangan dibédakeun ku jumlah alat kembangna: tuwuhan dikotil umumna miboga 4 atawa 5 alat (atawa kalipetan 4 atawa 5) sedengkeun tuwuhan monokotil ngabogaan tilu alat atawa kalipetanana.
[édit] Fungsi kembang
[édit] Kembang dina patamanan jeung hortikultur
[édit] Kembang dina kasenian
[édit] Kembang dina kahirupan sapopoé
[édit] Kembang salaku lambang
[édit] Ngaran kekembangan
- kembang awi: eumbreuk
- kembang bako: bosongot
- kembang bawang: ulated
- kembang bolang: ancal
- kembang boléd: tela
- kembang cabé: bolotot
- kembang cau: jantung
- kembang céngék: péncéngés
- kembang cikur: jelengut
- kembang eurih: ancul
- kembang gedang: ingwang
- kembang génjér: gélényé
- kembang hoé: bubuay
- kembang honjé: combrang
- kembang jaat: jalinger
- kembang jambé: mayang
- kembang jambu aér: lenyap
- kembang jarak: uing
- kembang jéngkol: merekenyenyen
- kembang jeruk: angkruk/angkes
- kembang jotang: puntung
- kembang kadu: olohok
- kembang kalapa: suligar
- kembang peuteuy: pendul
- kembang kaso: curiwis
- kembang kawung: pengis
- kembang konéng: badul
- kembang kulur: pelepes
- kembang laja: jamotrot
- kembang leunca: pengit
- kembang limus: seleksek
- kembang lopang: cacas
- kembang muncang: rinduy
- kembang pare: ringsang
- kembang salak: sedek/gojod
- kembang sampeu: dingdet
- kembang taleus: ancal
- kembang tangkil: uceng
- kembang térong: moncorong
- kembang tiwu: badaus
- kembang waluh: aléwoh
[édit] Rujukan jeung tumbu kaluar
- Rujukan
- Eames, A. J. 1961. Morphology of the Angiosperms. McGraw-Hill Book Co., New York.
- Esau, K. 1965. Plant Anatomy, 2nd Edition. John Wiley & Sons. 767 pp.
- Tumbu kaluar
- 120 photos of flowers from Europe and USA
- Flower Anatomy
- Flower Council of Holland.
- Flower Encyclopedia
- Flowering in Kimball's Biology Pages
- The Flowers
- House Flowers Council.
- William Blake: Ah Sun-Flower
- Flowers at the Development Wiki of Consumerium Project
- Yellowikis list of Florists and Flower shops.
- Free flowers photos
| Artikel ngeunaan biologi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |