Leunca

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Leunca
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Solanales
Family: Solanaceae
Genus: Solanum
Species: S. nigrum
Ngaran binomial
Solanum nigrum
L.
Subspésiés

S. nigrum subsp. nigrum
S. nigrum subsp. schultesii

Leunca (Solanum nigrum) ngaran hiji spésiés dina genus Solanum, pituin Eurasia nu disebarkeun ka Amérika jeung Australasia, tumuwuh liar, jangkungna 30-120 cm, daunna rérégéan, panjangna 4-7,5 cm. Buahna buleud sababaraha dina sagagang, kelirna héjo (ngora) nepi ka hideung (kolot), sok didahar pikeun lalab.

Daptar eusi

[édit] Toksisitas

Buah leunca

Leunca nu héjo kénéh jeung daunna anu geus kolot ngandung glikoalkaloid sahingga ngandung racun mun didahar atah. Toksisitasna teu sarua, gumantung galurna[1]. Najan jarang pisan nepi ka parna karacunanana, kungsi aya laporanana. Racunna téh cenah asalna tina solanin[2].

[édit] Katuangan

Di Tatar Sunda jeung India, leunca biasa dipelak jeung dilalab. Olahan nu paling kawentar nyaéta karédok leunca.

[édit] Mangpaat

Masarakat loba nu nganggap leunca téh kaasup afrodisiak.

Kembang leunca

[édit] Rujukan

  1. Nancy J Turner, Adam F Szczawinski, "Common Poisonous Plants and Mushrooms of North America" kc. 128
  2. R. F. Alexander, G. B. Forbes, and E. S. Hawkins (1948 September 11). "A Fatal Case of Solanine Poisoning". Br Med J. 2 (4575): 518.

[édit] Tumbu kaluar

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca



Nicotiana tabacum - Köhler–s Medizinal-Pflanzen-098.jpg
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa