Kadu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kadu
Buah kadu
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
(unranked): Angiosperms
(unranked): Eudicots
(unranked): Rosids
Order: Malvales
Family: Malvaceae
Genus: Durio
L.
Spesies

Aya kira-kira 30 spesies

Kadu atawa durén nyaéta ngaran tuwuhan tropis anu asalna ti Asia Tenggara, ogé ngaran buahna anu bisa didahar. Kecap durén dicokot tina ciri kulit buahna anu teuas sarta cucukan seukeut.

Tuwuhan ieu lain spésies tunggal tapi sagolongan tuwuhan ti marga (genus) Durio. Ngaran ilmiah kadu komérsial nyaéta Durio zibethinus. Jinis-jinis kadu séjén anu bisa didahar sarta kadangkala kapanggih di pasar-pasar di Asia Tenggara ngawengku D. kutejensis (lai), D. oxleyanus, D. graveolens (kadu kuya), sarta D. dulcis (lahong).

Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina.

Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan. Richard Sterling (dinaThe Travelling Curmudgoen) nulis: "ambeuna jiga pisan jeung kokotor babi, terpentin sarta bawang, sarta dipapaésan ku kaos kaki kotor ti lapangan olah raga. Ambeuna kaangseu ti kajauhan." Aya ogé anu ngagambarkeun ambeu kadu kawas ambeu anu kaluar tina treuk runtah.

Gambaran

Tangkal naun, héjo langgeng (daun ngarangrangan henteu gumantung kana usum) tapi aya waktu nu tangtu pikeun numuwuhkeun daun-daun anyar (période flushing). Tumuwuh bisa ngahontal jangkung 40 méter. Daun wangunna lonjong, boga warna héjo kalawan tambahan konéng, bagian handap leuwih sepa. Tangkal kadu mimiti buahan sanggeus 4-5 taun, tapi dina budidaya bisa digancangan alatan ngagunakeun réproduksi vegetatif.

Kembang (ogé buahna) mecenghul langsung tina tangkal (cauliflorous). Dina D. zibethinus sarta nu séjén-séjénna kembang mecenghul tina dahan lain tina tangkal, tapi dina kadu kuya kembangna mecenghul dina puhu tangkal (ku kituna kuya bisa ngadahar buahna). Kembang mecenghul tina pucuk dorman, ngajumplok, mekar dina wanci soré sarta tahan sawatara poé. Kembangna nyebarkeun angseu seungit pikeun narik perhatian lalay minangka nu mantuan réproduksi.

Buah mekar sanggeus kawinan sarta merlukeun 4-6 bulan pikeun asak. Dina mangsa nunggu asak lumangsung persaingan antarbuah dina hiji jumplukan, sahingga ngan hiji atawa sawatara buah anu baris asak, sésana ngarangrangan. Buah baris murag sorangan lamun geus asak. Umumna beurat buah kadu D. zibethinus bisa ngahontal 1,5 nepi ka 5 kilogram, ku kituna kebon kadu jadi wewengkon anu picilakaeun dina mangsa usum kadu. Lamun murag kana luhur sirah hiji jalma, buah kadu bisa ngabalukarkeun tatu beurat atawa korban nyawa. Kulit buahna kandel, kulitna cucukan seukeut, sanajan ieu téh lain cucuk dina harti botani), boga warna héjo semu konéng nepi ka warna konéng. Saban buah ngabogaan 5 "kamar", anu némbongkeun lobana daun buah anu dipiboga.

Saban "kamar" kaeusi ku sawatara (biasana 3) siki. Siki kabungkus ku pamungkus siki nu warnana bodas nepi ka konéng caang kalawan kandel nu variatif, tapi dina kultivar nu punjul bisa ngahontal 3cm. Budidaya kadu diarahkeun pikeun ngahasilkeun siki anu leutik kalawan pamungkus siki anu kandel, alatan pamungkus siki ieu pisan bagian anu didahar. Sikina boga daging nu kandel sarta bisa didahar sanggeus dikulub. Siki kadu boga sipat recalcitrant, ngan bisa hirup kalawan kadar cai nu loba (di luhureun 30% beurat) sarta tanpa perlakuan nu tangtu ngan sanggup tahan hirup saminggu saméméh tungtungna émbriona paéh.

Sumebarna

Kadu asalna ti Indonésia, Malaysia, jeung Brunei, sanajan tangkalna bisa tumuwuh di sambarang cuaca anu sarupa. Puseur karageman biologi sarta ékologi kadu nyaéta Pulo Kalimantan). Tapi anu jadi éksportir penting kadu nyaéta Thailand, anu sanggup ngamekarkeun kultivar kalawan kualitas nu unggul. Tempat anu séjén di mana kadu dipelak kaasup ti antarana Mindanao di Filipina, Queensland di Australia, Kamboja, Laos, Viétnam, India, sarta Sri Lanka.

Di Filipina, puseur panghasil kadu nyaéta di wewengkon Davao di Pulo Mindanao. Féstival Kadayawan mangrupakeun paraya taunan pikeun kadu di dayeuh Davao.

Di Barat, kadu bisa kapanggih di toko-toko Asia milik urang Viétnam, Tionghoa, Thailand, jeung réa-réa deui.

Masalah ambeu

Alatan ambeuna anu kuat, sajumlah pausahaan ngahulag jelema mawa kadu, contona ka kabin pasawat udara, ka tutumpakan angkutan umum atawa dibawa ka hotél.

Pikeun nu resep kadu, ambéh henteu ngabalukarkeun hal-hal teu nyugemakeun jalma anu teu mikaresep ambeu kadu, aya cara gampang pikeun ngaleungitkeun ambeu kadu tina ramo-ramo leungeun sarta sungut. Carana, beresihkeun ramo leungeun ku cara ngaduk-ngaduk cai dina jero pangsa kadu (nyaéta ceruk kulit buah bagian jero, urut tempat daging sarta siki kadu némpél) sarta cai adukan kasebut ulah dipiceun, tapi dipaké pikeun kekemu. Oen Liang-hie sarta M. Soemartini 1998. The presence of 5-hidroxy-methyl-furfural in the shells of the kadu fruit (Durio Zibethinus Murr.) as minor deodorant and its possible role in the ripening process of the fruit (5-OH-METIL-FURFURAL dina kulit buah kadu salaku déodoran minor sarta kamungkinan boga andil dina prosés asakna buah). Sawatara masarakat ngagunakeun kulit kadu anu geus didahar minangka pangusir (repellent) beurit ku cara nyimpenna dina juru rohangan.

Milih kadu

Kadu

Saban jelema miboga carana sorangan-sorangan dina milih buah kadu nu pangalusna. Unggal jelema percaya yén cara milihna bisa ngahasilkeun buah pangalusna.

Kadu nyaéta buah musiman anu baheulana dipanen sakali sataun. Ayeuna panén kadu bisa dipigawé nepi ka dua kali dina sataun. Hal ieu ngaronjatkeun persaingan di antara para padagang kéténgan (écéran).

Milih buah anu pas kacida pentingna lamun padagang ngajual buah sakumaha ayana tanpa kaci dibuka. Ayeuna padagang umumna daék muka buah pikeun ngabuktikeun eusina. Ku cara ieu, kaahlian dina milih ogé jadi kurang penting.

Jelema bisa milih kadu kalawan gampang di kebon. Buah tina tangkal anu sarua umumna miboga ciri-ciri anu sarupa. Sawajarna buah di kebon diantepkeun asak sarta murag tina tangkalna ("ragragan").

Pamilihan buah di luar kebon leuwih hésé. Di handap ieu nyaéta sawaréh tina pituduh anu bisa dipaké:

  • Kasegaran buah bisa ditangtukeun tina gagangna. Lamun buah geus murag tina tangkal, gagangna baris mimiti ngagaringan. Padagang anu henteu jujur baris mecakan pikeun malur ngecét gagang kasebut supaya nu meuli teu bisa mikanyaho kasegaranana. Padagang anu kurang singer mah bisa jadi baris miceun gagang kadu.
  • Lolobana nu resep kadu milih buah kadu anu garing sarta asak. Hiji cara gampang pikeun ngnyahokeun naha eusi kadu éta garing tanpa muka buahna nyaéta ku cara ngoclok-cgoclokkeun buah sarta ngarasakeun geteran leutik. Eusi kadu anu lembab némpél dina kulit buah. Eusi kadu anu garing condong misah tina dingding buah. Urang kudu ati-ati ambéh henteu katurih ku cucuk buah kadu sabot ngalakonan cara ieu.
  • Kadu bisa diserang ku hileud anu endogan dina jero buah anu mekar jadi larva. Sabot meuli buah kadu, nu meuli kudu nyingkahan buah anu aya liangan dina kulitna alatan tanda ayana "hileud" dina jero buah.

Meulah kadu

Jelema anu anyar diajar meuli kadu sabisana meuli kadu anu geus siap dibuka alatan meulah kadu rada hésé. Biasana urang bisa kalawan gampang manggihan padagang anu ngaladénan meulah kadu. Lamun nu meuli geus sapuk pikeun meulina, padagang biasana baris meulah kadu minangka pangladénna. Buah kadu anu geus dibeulah perlu gancang didahar alatan buah éta condong ngahasilkeun cai. Lamun eusi kadu mimiti ngahasilkeun cai, buah kadu baris kaleungitan rasana sarta henteu réa gunana.

Urang bisa diajar meulah kadu kalawan ati-ati maké pakakas anu biasa. Pariksa kulit luar buah pikeun manggihan "gurat". Umumna aya nepi ka 5 gurat sapanjang beungeut buah kadu anu patepung dina titik dina dadasar buah. Lalaunan tojoskeun pakakas seukeut (péso) dina titik ieu. Tuluy turihkeun péso éta sapanjang "gurat" anu geus katémbong saméméhna. Leuwih hadé lamun urang maké sarung leungeun atawa salambar lawon anu kandel pikeun nyekel buah kadu ku sabeulah leungeun, samentara leungeun anu hijina deui nurih buah kadu. Urang kudu waspada kana mamala katurih ku cucuk kadu.

Lamun kulit buah kadu geus kabuka jadi dua bagian, eusina geus siap pikeun didahar. Kamar-kamar saleuwihna bisa dibeulah ku cara ngagunakeun dampal leungeun ku cara nyoékkeun tungtung kulit kadu saeutik dina sapanjang puseur titik tengah saméméhna.

Ciri-ciri

Kadu dianggap kadaharan panas, sanggeus dahar kadu biasana awak urang baris karingetan. Pikeun nungkulanana, kucurkeun cai kana bagian kulit buah anu geus kosong. Sajaba ti éta, usum kadu biasana lumangsung babarengan jeung manggu anu dianggap bisa niiskeun awak. Ku sabab éta, dua buah ieu biasana didahar babarengan.

Jelema anu miboga panyakit tekanan darah tinggi, mun bisa mah nyingkahan kadu alatan buah ieu dianggap bisa nambahan tekenan dina getih.

Kadu tanpa cucuk

Sawaréh kadu dijual "tanpa cucuk". Cucuk buah kadu ieu tétéla geus dipiceun sabot kaduna masih ngora. Jadi henteu alami. Sawaréh kadu memang ampir henteu cucukan alatan cucukna kurang ti 5 mm.

Ajén giji

Saban 100g pamungkus siki ngandung 90kkal (377kJ). Kadu ogé réa ngandung vitamin B1, B2, sarta vitamin C.

Kultivar kadu

Aya leuwih ti 55 wanda kadu hasil budidaya. Sajumlah kultivar geus dipilih sarta dianggap punjul oge diréproduksi sacara végetatif. Sawatara ti antarana

  • 'Ligit', ti Kutai
  • 'Mawar', ti Long Kutai
  • 'Sememang', ti Banjarnegara
  • 'Tong Medaye', ti Lombok, NTB
  • 'Ripto', ti Trenggalék
  • 'Gapu ', ti Puncu, Kadiri, Jawa Wétan
  • 'Hepe', sikina kempés kalawan daging kandel
  • 'Kelud', ti Puncu, Kadiri, Jawa Wétan
  • 'Salisun', ti Nunukan
  • 'Gupitan', ti Jaluko, Muaro Jambi
  • 'Bentara', ti Kerkap, Bengkulu Kalér
  • 'Bido Wonosalam', ti Jombang, Jawa Wétan
  • 'Perwira', ti Simapeul, Majalengka
  • 'Petruk'
  • 'Soya', ti Ambon, Maluku
  • 'Sukun', sikina kempés kalawan daging kandel
  • 'Sunan', ti Boyolali
  • 'Kani' ("chanee", kadu bangkok)
  • 'Otong', (alihngaran ti kadu "monthong", kadu bangkok, di Malaysia disebut klon D159)

Sawatara ras lokal tacan diseléksi, ku kituna kapinunjulanana tacan kajamin. Biasana dingaranan luyu jeung lokasi géografi. Sawatara ti antarana nyaéta

  • Kadu parung
  • Kadu lampung
  • Kadu jepara
  • Kadu palembang
  • Kadu padang

Di Malaysia, kadu pinunjul hasil seléksi dibéré kode nomer jeung hurup D di hareupeunana. Sawatara ti antarana nyaéta

  • 'D24'
  • 'D99'
  • 'D123'
  • 'D145'
  • 'D158'
  • 'D159' (klon sarua jeung variétas 'Montong').
  • 'D169'

Rujukan

Tumbu ka luar