Jéngkol

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Jéngkol
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Filum: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Fabales
Kulawarga: Fabaceae
Subfamily: Mimosoideae
Génus: Archidendron
Spesies

Archidendron pauciflorum

Jéngkol (Archidendron pauciflorum, sinonim: A. jiringa, Pithecellobium jiringa, sarta P. lobatum) nyaéta tutuwuhan has di wewengkon Asia Tenggara. Sikina dipikaresep di Malaysia, Thailand, jeung Indonésia keur bahan kadaharan. Buahna mangrupakeun peuteuy sarta bentukna gepéng meulit ngabentuk spiral, boga warna layung kolot. Siki jéngkol boga kulit ari nu ipis jeung warnana coklat ngagurilap. Jéngkol bisa ngabalukarkeun bau nu teu ngeunah dina cikiih sanggeus dikokolakeun sarta diprosés ku peujit, utamana lamun didahar atah.

Lantaran rasana anu has, jéngkol jadi salah sahiji kadaharan favorit di Indonésia[1]. Harga jéngkol kungsi ngéléhkeun harga daging sapi, nyaéta nepi kana Rp.60.000 lantaran langka sumebarna di pasar[2]. Langkana jéngkol di pasar téh lantaran populasina beuki ngurangan, sedengkeun anu ngabudidayakeunna saeutik pisan[3].

Pamangpaatan[édit | édit sumber]

Nasi uduk didahar sareng semur jengkol, empal daging, sarta karecek.

Siki jéngkol biasa didahar atah atawa dikokolakeun (biasana disemur, sarta dipikawanoh ku urang Sunda minangka ati maung atawa "ati macan"). Sikina beyé sarta hipu. Tékstur ieu pisan anu ngajadikeun jéngkol dipikaresep.

Sajaba disemur, siki jéngkol ogé bisa dijieun jadi kiripik kawas emping nu dijieun tina tangkil, ku cara ditutu/digencét nepi ka gepéng, digaringkeun sarta digoréng maké minyak panas.

Akibat goréng tina bauna sabenerna bisa dikurangan ku cara dikeueum atawa dikulub.

Jéngkol jeung gangguan kaséhatan[édit | édit sumber]

Sajaba bau, jéngkol bisa ngaganggu kaséhatan hiji jalma alatan konsumsi nu kaleuleuwihi nu ngabalukarkeun numpukna kristal dina saluran cikiih, anu disebut "jéngkoleun". Jéngkoleun kajadian alatan jéngkol ngandung réa asam jéngkolat sarta hésé puyar dina cai nu PHna haseum. Konsumsi jéngkol nu kaleuleuwihi baris ngabalukarkeun kawangunna kristal sarta ngaganggu kiih.

Sanajan kitu, jéngkol dipikanyaho bisa nyingkahan diabétes sarta alus pikeun kaséhatan jantung[4]. Tangkal jéngkol dianggap ogé miboga kamampuh nu hadé pikeun nyerep cai taneuh sahingga méré mangpaat dina konsérvasi cai di hiji tempat.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Jengkol dan Pete, Aje gile(diakses 14 Méi 2015)
  2. Ternyata ini penyebab jengkol langka dan mahal (diakses 10 Méi 2015)
  3. Agus Prajino. 2013, National Geographic Populasi langka, jengkol menghilang(diakses 14 Méi 2015)
  4. Manfaat jengkol untuk diabetes, jantung ibu hamil (diakses 14 Méi 2015)