Tiwu
| Tiwu | |
|---|---|
| Daun tebu | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Liliopsida |
| Order: | Poales |
| Family: | Poaceae |
| Genus: | Saccharum L. |
| Species | |
|
Saccharum arundinaceum |
|
Tiwu sabangsa manjah sagedé kaso.[1] Tiwu anu bahasa Inggrisna sugar cane nya éta tutuwuhan anu dipelakna pikeun bahan baku gula jeung vetsin. [2] Tiwu kaasup tutuwuhan anu rumput-rumputan (Graminae). [2] Tiwu miboga ukuran anu lumayan rada gedé, jangkungna sakitar 2 nepi ka 4 méter. [2]
Mangpaat Tiwu [édit]
Salain pikeun bahan dasar gula bodas tiwu ogé miboga mangpaat séjéna saperti pikeun ubar tradisional.[3] Anu dipaké pikeun ubar biasana akar jeung watangna anu amis. [3] Tiwu nu dipaké ubar ilaharna tiwu hideung.[3] Tiwu bisa jadi ubar pikeun panyakit jantung, carana keueum tilu akar tiwu hideung.[3] Akar tiwu dikumbah tuluy dikulub ku dua gelas cai nepi ka ngagolak jeung nepi ka jadi sagelaseun.[3] Cai ieu di inum dua kali sapoé.[3] Sedengkeun pikeun ubar panas, siapkeun watang tiwu hideung sacukupna.[3] Tuluy diperes nepi ka arah caina.[3] Cai tiwu téh diinumkeun ka nu gering panas.[3] Salain ti éta tiwu ogé bisa jadi ubar pikeun batuk, carana siapkeun 3-5 buku tiwu hideung, tuluy dibeuleum éta tiwu téh sanggeus kitu diperes nepi ka ngaluarkeun cai, tuluy inumkeun éta caina.[3]
Kandungan Kimia [édit]
Watang tiwu miboga kandungan cai gula anu kadarna nepi ka 20%.[2]