Akar

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Akar nyaéta bagian tutuwuhan pikeun anu awakna geus mangrupa kormus.

Akar anu ditumuwuhkeun dina hidroponik.
Wurzeln am Berghäuser Altrhein, Speyerer Auwald.JPG

Sipat-sipat akar:

  1. mangrupa bagian tutuwuhan anu biasana aya dina jero taneuh, sarta tumuwuhna nuju ka puseur bumi (géotrop) atawa nuju ka cai (hidrotrop), ninggalkeun hawa jeung cahaya.
  2. henteu ruruasan sarta henteu ngandung daun atawa sisit atawa bagian-bagian lainna.
  3. warna henteu héjo, biasana semu bodas atawa semu konéng.
  4. tumuwuh terus tapi ilaharna tumuwuhna masih éléh gancang lamun dibandingkeun jeung bagian nu aya di beungeut taneuh.
  5. bangun tungtungna remen ogé méncos, sahingga leuwih gampang pikeun nembus taneuh.

Guna akar pikeun tutuwuhan:

  1. nguatkeun nangtungna tutuwuhan.
  2. pikeun nyerep cai sarta zat-zat kadaharan anu puyar dina jero cai dina taneuh.
  3. ngunjalan cai sarta zat-zat kadaharan anu geus diserep ka tempat-tempat dina awak tutuwuhan anu merlukeunana.
  4. sakapeung minangka tempat pikeun numpukeun kadaharan.

Macem akar[édit | sunting sumber]

Sacara umum, aya dua rupa akar nyaéta:

  1. Akar serabut. Akar ieu ilaharna aya dina tutuwuhan monokotil. Sanajan sakapeung, aya tutuwuhan dikotil ogé nu ngabogaanana (kalayan catetan, tutuwuhan dikotil kasebut dipelakkeun ku cara cangkok, atawa sték). Guna utama akar serabut nyaéta pikeun ngukuhkeun nangtungna tutuwuhan.
  2. Akar tunggang. Akar ieu umumna aya dina tutuwuhan dikotil. Guna utamana nyaéta pikeun nunda kadaharan.

Robahan akar[édit | sunting sumber]

  1. Akar hawa. Akar naék ka luhur taneuh, hususna ka luhur cai kawas dina genera Mangrove (Avicennia, Soneratia).
  2. Akar gantung. Akar sapinuhna aya di luhur taneuh. Akar gantung aya dina tutuwuhan epifit Anggrék.
  3. Akar banir. Akar ieu réa aya dina tutuwuhan wanda tropik.
  4. Akar pangiseup. Akar ieu aya dina tutuwuhan wanda parasit kawas benalu.

Sesebutan husus pikeun akar[édit | sunting sumber]

  • Akar pancer: akar lulugu atawa akar poko nu terus ka handap.
  • Akar mayang: dahan-dahan laleutik tina akar pancer.
  • Beuti: akar anu ngabenggul sarta dagingan.
  • Canir: akar nu rubak nyéréngkébéng (upamana caringin, kiara).
  • Jangkar: akar nu témbong luhureun taneuh.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Hidayat, Rachmat Taufik, spk., Peperenian Urang Sunda, Kiblat, Bandung, 2005.

tah:Tlanelhuatl