Mani

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Mani atawa cipepejuh nyaéta cairan nu dikaluarkeun tina sirit nalika éjakulasi, biasana dina waktu orgasme. Kawas getih, mani ngandung dua bagian: bagian sélular (spérmatozoa) jeung bagian nonsélular (plasma mani). Mani ngandung spérma, nu kadang ngakibatkeun kakandungan satutasna rarasmi. Mani mangrupa cairan semu bodas, kawas susu, rada kentel, ngandung cai jeung saeutik uyah, protéin, jeung fruktosa.

Komposisi[édit | sunting sumber]

Kira-kira 200 nepi ka 500 yuta spérmatozoa (atawa pondokna 'spérma') nu dihasilkeun dina téstés dileupaskeun nalika éjakulasi. Ngan, sakitu loba téh ukur 2–5% tina volume mani. Plasma mani nu loba, bagian cairan dina mani, dihasilkeun ku organ rarangkén baranahan lalaki. Kira-kira 60% mani dihasilkeun ku sél mani (seminal vesicles), sedengkeun sésana lolobana dihasilkeun ku prostat. Sékrési prostatik manusa ngandung asam sitrat, asam fosfatase, jeung séng dina kadar nu loba. Mukus kentel dina jumlah nu saeutik dikaluarkeun ku kelenjar bulbourethral. Gemblengna, plasma mani ngandung rupa-rupa bahan organik jeung anorganik: ion logam, gula, lipid, hormon stériod, prostaglandin, asam amino, jeung basa nu ngandung nitrogén. Sababaraha amina basa kuat (kationik atawa boga muatan positif) kayaning putrésin, spérmin, spérmidin, jeung kadaverin nyababkeun bauna mani. Basa kationik penting pikeun ngalawan watek asam sékrési heunceut, ogé nyangga DNA dina spérma.

Fruktosa mangrupakeun sumber tanaga utama pikeun sél spérma. Sababaraha komponén séjén disadiakeun pikeun ngaronjatkeun mobilitas sél spérma. Spérma dina kaayaan paling hadé mun aya dina lingkungan basa, sedengkeun heunceut biasana rada haseum. Cairan nu dikaluarkeun ku sél mani sipatna basa. Prostaglandin nyaéta asam lemak nu dipaké pikeun peta hormonal.

Sakali éjakulasi umumna ngandung nepi ka 5 mg séng. Lalaki nu mindeng éjakulasi bisa kakurangan séng, mangkaning kakurangan séng bisa ngabalukarkeun masalah réproduktif jeung masalah dina spérmatogenesis.

Mani jeung népana panyakit[édit | sunting sumber]

Mani sacara mandiri teu bahya pikeun kulit, ngan, mani bisa jati tutunggangan pikeun kasakit nu ditépakeun sacara séksual, kayaning HIV, virus nu nyababkeun AIDS. Ogé aya hipotésis yén kandungan mani, kayaning spérmatozoa ogé plasma mani, bisa ngabalukarkeun imunosupresi na awak mun asup ka aliran getih atawa limfa. Bukti ngeunaan hal ieu balik deui ka taun 1898, nalika Elie Metchnikoff nu nyuntik guinea pig ku spérma guinea pig séjénna, manggihan kabentukna antibodi; tapi antibodi éta teu aktif, nu nunjukkeun ayana suprési ku sistim imunna. Panalungtikan salajengna, kayaning nu dipidamel ku S. Mathur jeung J.M. Goust, nunjukkeun dihasilkeunana antibodi nu saméméhna teu aya ngaréspon asupna spérma. Antibodi ieu sacara salah mikawanoh limfosit T asli salaku antigén deungeun, sahingga limfosit T diserang ku limfosit B.

Kandungan mani séjénna nu nunjukkeun pangaruh imunosuprésif nyaéta plasma jeung limfosit mani. Catet yén tepungna kulit jeung mani ti nu kainféksi HIV kudu dicegah, kaasup ku jalma nu geus kainféksi ku virusna, sabab bisa ngabalukarkeun réinféksi nu pibahyaeun.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]