Spérmatogenesis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Spérmatogenesis nujul ka nyipta (Ing. genesis) sél spérma, nu lumangsung dina kanjut atawa téstés jalu. Sél spérma tumuwuh tina sél stém bibit nu katelah spérmatogonia. Spérmatogonia didiferensiasi jadi spérmatosit, spérmatid (satutasna miosis) nu ahirna jadi spérmatozoa nu "asak". Layanna spérmatogenesis pikeun bikang nyaéta oogenesis.

Prosés spérmatogenesis diatur ku iber-iber hormonal sarta komunikasi sél-sél antara sél bibit nu keur tumuwuh (sél spérma) jeung sél Sertoli.

Sél Sertoli penting pikeun spérmatogenesis sabab nyadiakeun pangrojong pikeun sél nu keur tumuwuh - mindahkeun ka lumen semiferous tubule nepi ka asakna nalika dileupaskeun. Sél Sertoli ogé ngurangan motilitas jeung kapasitasi sél spérma sahingga hirupna bisa kajaga.

Spérmatozoa dihasilkeun dina seminiferous tubule dina téstés. Mimitina spérmatogonia, ngalaman mitosis jadi spérmatogonium tipe A atawa tipe B. Spérmatogonia tipe B jadi spérmatosit primér, lajeng ngalaman beulah miosis sahingga jadi spérmatosit sekundér, nu ngalaman beulah miotik séjénna sahingga jadi spérmatid. Spérmatogonia tipe A tetep salaku spérmatogonia, teu robah, nu pungsina jadi sél stém nu bakal beulah deui ngahasilkeun sél tipe A jeung B nu leuwih loba.

Spérmatosit primér ngandung dua kali lipet DNA dibanding sél awak normal (2 × 2N). Unggal spérmatosit primér beulah jadi dua spérmatosit sekundér nu ngandung dua sét kromosom (2 × 1N). Spérmatosit sekundér beulah jadi dua spérmatid nu masing-masing ngandung sasét kromosom (1N), satengah tina DNA nu dipikabutuh pikeun nyiptakeun manusa (satengahna deui ti ovum nalika fértilisasi).

Spérmatid masih mangrupa sél buleud. Nalika prosés nu disebut spérmiogenesis, sélna ngaluarkeun buntut, mungkus DNA na huluna, nutupan huluna ku akrosom nu kawas lisosom, sarta ngawangun wewengkon beuheung nu ngahasilkeun tanaga/énergi nu padet ku mitokondria sahingga jadi spérmatozoa asak. Salajengna spérmatozoa dileupaskeun ka lumén seminiferous tubule sarta pindah dina cairan téstis ka épididimis pikeun ngasakkeun sangkan bisa ngojay jeung ngabuahan ovum.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]