Logam

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kristal gallium

Dina paélmuan kimia, hiji logam (basa Yunani: Metallon) [1] nya éta salasahiji unsure kimia anu siap diwangun ion (kation) sarta ngabogaan beungkeutan logan. Jeung ogé disebut yén mirip jeung kation di mega elektron. Metal nya éta alasahiji ti tilu kelompok unsure anu dibedakeun ku sifat ionisasi jeung beungkeutan, babarengan jeung metalloid jeung nonlogam.[2] Dina tabel periodik, garis diagonal digambar ku boron (B) ka polonium (Po) ngabedakeun logam jeung nonlogam. Unsur dina garis ieu nya éta metalloid, sakapeung disebut semi-logam; unsur di kénca handap nya éta logam; unsure ka katuhu luhur nya éta nonlogam.

Nonlogam leuwih loba aya di alam tibatan logam, namung logam aya loba di tabel periodik. Sababaraha loga anu kasohor nya éta alumunium, tembaga, emas, beusi, timah, pérak, titanium, uranium, jeung zink. Alotrop logam sok ngagurilap, biye, jeung konduktor nu hade, iwal ti éta nonlogam biasana rapuh (keur nonlogam padet), teu ngagurilap, jeung insulator.

Dina widang astronomi, istilah logam sok dipaké keur nyebutkeun sakabéh unsure nu leuwih beurat tibatan helium.

Sifat-sifat logam[édit | sunting sumber]

Sifat kimia[édit | sunting sumber]

Logam biasana sok ngawentuk kation kalawan ngaleungitkeun elektronna, salajengna ngareraksi jeung oksigen di awing-awang ngawbentuk oksida basa. Contona:

4 Na + O2 → 2 Na2O (natrium oksida)
2 Ca + O2 → 2 CaO (kalsium oksida)
4 Al + 3 O2 → 2 Al2O3 (aluminium oksida)

Logam-logam transisi saperti beusi, tembaga, seng, jeung nikel, ngabutuhkeun waktu nu lila keur kaoksidasi. Nu séjénna, saperti palladium, platinum jeung emas, teu ngareaksi jeung hawa. Sababaraha logam saperti alumunium, magnesium, sababaraha macem baja, jeung titanium ngabogaan saperti portal di bagéan luarna, nepi ka teu bisa diasupan ku molekul oksigen.

Proses ngecét, anodisasi, plating dina logam biasana mangrupa léngkah-léngkah panghadéna keur nyegah korosi.

Sifat fisika[édit | sunting sumber]

Logam dina umumna ngabogaan angka anu luhur dina konduktivitas listrik. Konduktivitas dina termal, sifat luster jeung massa jenis logam. Logam anu ngabogaan massa, tingkat kaheurasan, jeung titik lebur anu rendah (contona logam alkali jeung logam alkali taneuh) biasana sifatna reaktif pisan. Jumlah elektron bebas nu luhur di sagala bentuk logam padet nyababkeun logam teu kungsi katingali transparan.

Mayoritas logam ngabogaan masa jenis nu leuwih luhur tibatan nonlogam. Sanajan kitu, viariasi massa jenis ieu bebedana kacida badagna, mimiti ti litium salaku logam nu massa jenis pangleutikna nepi ka osmium kalawan logam nu massa jenisna pangbadagna.

Paduan logam[édit | sunting sumber]

Paduan logam mangrupa proses nyampurkeun dua jenis logam atawa leuwih keur meunangkeun sifat fisik, mekanik, listrik jeung visual nu leuwih hadé. Conto paduan logam nu populer nya éta baja tahan karat anu mangrupa capuran ti beusi (Fe) jeung Krom (Cr)

Pamakéan Logam[édit | sunting sumber]

Umumna, logam boga mangpaat keur manusa, sabab pamakéanna di widang industri, tatanén, jeung kedokteran. [3] Contona, merkuri nu digunakeun dina proses klor alkali. [3] Proses klor alkali mangrupa proses elektolisis nu boga peran penting dina industri manufaktur jeung ngamurnikeun zat kimia. [3] Sababaraha zat kimia nu bisa dimeunangkeun kalawan proses elektrolisasi nya éta natrium, kalsium, magnesium, alumunium, tembaga, séng, pérak, hidrogén, klor, fluor, natrium hidroksida, kalium bikromat, jeung kalium permanganat. [3] Proses elektrolisis larutan natrium klorida éta mangrupa proses klor-alkali.

Elektrolisis larutan NaCl ngahasilkeun natrium hidroksida di katode (kutub positif) jeung gas klor di anode (kutub negatif).[3] di widang industri angkasa luar jeung profesi kedokteran dibutuhkeun bahan nu kuat, tahan karat, jeung sifatna noniritin, saperti aloi titanium.[3] Sabagéan jinis logam mangrupa unsur penting sabab dibutuhkeun dina sababaraha fungsi biokimiawi.[3] Di zaman baheula, logam nu tangtu, saperti tembaga, beusi, jeung timah digunakeun keur nyieun pakakas, alat mesin, jeung sanjata. [3]

Logam mulia[édit | sunting sumber]

Sacara umum logam mulia artina logam-logam kaasup paduanna nu biasa dijadikeun perhiasan, antarana emas, pérak, tembaga jeung platina. Logam-logam éta ngabogaan warna nu alus, tahan karat, lunak sarta jumlahna saeutik di alam. Emas jeung pérak ngabogaan sifat panghanteu listrik anu hadé nepi ka loba dipaké keur ngalapis konektor-konektor di alat éléktronik.

Logam berat[édit | sunting sumber]

Logam beurat (heavy metal) nya éta logam kalawan massa jinis lima atawa leuwih, kalawan nomor atom 22 nepi ka 92. Logam beurat disawang bahaya keur kaséhatan lamun kaakumulasi sacara kaleuleuwihi di jero awak. Sababaraha diantarana boga sifat ngabangkitkeun kanker (karsinogen). Kitu ogé jeung bahan pangan nu ngabogaan kadar logam beurat nu luhur disawang teu layak konsumsi.

Kasus-kasus pencemaran lingkungan nyababkeun loba bahan pangan nu aya logam beuratna. Kasus nu populer nya éta sindrom minamata, sabab akibat akumulasi raksa (Hg) di jero lauk konsumsi.

Di Indonesia, kungsi dilaporkeun yén lauk di Teluk Jakarta ogé aya raksa nu luhur. Udang ti tambak Sidoarjo kungsi ditolak importir ti Jepang sabab diniléy ngabogaan kadmium (Cd) jeung timbal (Pb)nu ngaleuwihan wates. Disawang logam-logam ieu mangrupa dampak piceunan limbah industri sagigireunna. Kakao ti Indonesia ogé kungsi ditolak di lelang internasional sabab diniléy ngabogaan Cd nu loba. Cd disawang asalna ti pupuk TSP anu dibéré ka tatangkalan di pakebonan.

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. μέταλλον Henry George Liddell, Robert Scott, A Greek-English Lexicon, on Perseus Digital Library
  2. metal. Encyclopedica Britannica
  3. a b c d e f g h (en) Bondy, S.C., and Prasad, K.N.(1988). Metal Neurotixcity. Boca Raton, Fla : CRC Press. Page 347.