Suuk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Suuk (Kacang Taneuh
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Tracheophyta
Subdivision: Angiospermae
Class: Magnoliophyta
Order: Leguminales
Family: Papilionaceae
Subfamily: Faboideae
Tribe: Aeschynomeneae
Genus: Arachis
Species: Arachis hypogeae L.
Arachis tuberosa Benth.
Arachis guaramitica Chod & Hassl.
Arachis idiagoi Hochne.
Arachis angustifolia (Chod & Hassl) Killip.
Arachis villosa Benth.
Arachis prostrata Benth.
Arachis helodes Mart.
Arachis marganata Garden.
Arachis namby quarae Hochne.
Arachis villoticarpa Hochne.
Arachis glabrata Benth.
Ngaran binomial
Arachis hypogaea
L.

Suuk ngaran beubeutian nu di pelak sikina, sok disebut ogè kacang taneuh;kaasup golongan kadaharan, diasakanana di kulub, disangray, katut cangkangna, di gorèng sikina wungkul.[1]

Daptar eusi

Sajarah [édit]

Suuk (kacang taneuh)mangrupa pepelakan anu asalna ti Amérika Kidul, daèrah Brazilia.[2] Penanaman mimiti dipigawé ku urang Indian (suku pituin bangsa Amérika).[2] Di Benua Amérika penanaman ngembang anu dipigawé ku pendatang ti Éropa.[2] Kacang Taneuh ieu mimiti asup ka Indonésia dina mimiti abad ke-17, dibawa ku padagang Cina sarta Portugis.[2] Ngaran séjén ti kacang taneuh nya éta kacang una, suuk, kacang jebrol, kacang bandung, kacang tuban, kacang kolè, kacang banggala.[2] Basa Inggrisna kacang taneuh nyaéta “peanut” atawa “groundnut”.[2]


Mangpaat Pepelakan [édit]

Di widang industri, dipaké minangka bahan pikeun nyieun keju, mentèga, sabun sarta minyak goréng.[2] Hasil sampingan ti minyak bisa dijieun bungkil (hampas kacang anu geus dipiit/dicokot minyakna) sarta dijieun oncom ngaliwatan fermèntasi suweng.[2] Mangpaat daunna sajaba dijieun sayuran atah atawa dikulub, dipaké ogé minangka bahan pakan ingon-ingon sarta bérak héjo.[2] Minangka bahan pangan sarta kadaharan ingon-ingon anu miboga gizi luhur, kacang taneuh ngandung lemak (40,50%), protein (27%), karbohidrat sarta vitamin (A, B, C, D, E sarta K), ogé ngandung mineral antara séjén Calcium, Chlorida, Ferro, Magnesium, Phospor, Kalium sarta Sulphur.[2]

Séntra penanaman [édit]

Di tingkat Internasional kacang taneuh pangpuseurna di India, Cina, Nigeria, Amérika Sarikat sarta Gombai, saterusna ngalegaan ka nagara séjén.[2] Di Indonésia kacang taneuh pangpuseurna di Pulo Jawa, Sumatra Kalér, Sulawesi sarta kiwari geus dipelak di sakumna Indonésia.[2]


Rujukan [édit]

  1. RA,Danadibrata.2006.Kamus Basa Sunda. Bandung:Gawé bareng PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.Kaca 665
  2. a b c d e f g h i j k l (id)[1](diaksès tanggal 14 oktober 2011)