Samangka

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Samangka
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Cucurbitales
Family: Cucurbitaceae
Genus: Citrullus
Species: C. lanatus
Ngaran binomial
Citrullus lanatus
(Thunb.) Matsum. & Nakai

Samangka (Citrullus lanatus) nya éta bungbuahan anu tangkalna ngarambat siga Bonténg jeung Mélon kaasup kana kulawarga Cucurbitaceae. Samangka wangunna buleud, daging buahna ngandung cai, warnana rupa-rupa, aya beureum; beureum ngora; oranyeu; konéng; aya ogé anu bodas, cangkangna kandel tur heuras warnana héjo ngora tur aya belangan warna héjo kolot atawa héjo ngora aya belangan warna bodas. [1] Samangka mimiti kapanggih di wewengkon Afrika beulah kidul. [2] Salian ti bisa didahar langsung, samangka ogé biasana dijadikeun saladah atawa dijus, tapi ngadaharna ulah dihijikeun jeung gula kawung sabab bisa jadi racun. [1] Lain sakadar buahna hungkul, siki katut cangkangna gé bisa dimangpaatkeun. Cangkangna bisa diolah jadi acar siga Bonténg. [2] Sikina bisa diolah jadi koaci.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kecap samangka mimiti aya dina kamus Inggris taun 1615 [3]. Samangka asalna ti wewengkon Afrika beulah Kidul alatan kapanggih tumuwuh di sakumna wewengkon, sarta ngahontal maksimum karageman wangunna di ditu tur geus dibudidayakan di Afrika salila leuwih ti 4.000 taun. [4] Dina taun 1857, David Livingstone ngalaporkeun yén samangka loba tumuwuh di Gurun Kalahari (Namibia jeung Botswana) saenggeus hujan anu kacida gedéna. [4] Citrullus colocynthis dianggap karuhun samangka, sarta ayeuna kapanggih di Afrika beulah kidul jeung kulon. Buahna leutik, diameter panggedéna 75 mm (3 inci), dagingna pait sarta miboga siki anu leutik warnana coklat.
[4] Sanajan Citrullus spesies tumuwuh di kidul sarta tengah Afrika, C. colocynthis ogé tumuwuh di India. [4] India jeung Cina bisa disebut ogé puseur sékunder tina rupa-rupa génus samangka. [4] Samangka mimiti dibudidayakeun di Mesir kuna sarta India, tur tumuwuh di Amérika Serikat ti taun 1629. [4] Jaman baheula, samangka sok dijadikeun siwur.[3] Di nagara Cina jeung Jepang, samangka téh hadiah pikeun oléh-oléh lamun natamu.[3] Dina Buku Komprehensif Pertanian anu ditulis ku Xu Guangqi dina Dinasti Ming ngébréhkeun yén: " Ngaran samangka asalna ti wewengkon beulah Kulon". [5] Li Shizhen nulis dina Ben Cao Gang Mu: "Hu Jiao meunang siki samangka ti Hui He, alatan kitu dingaranan Western Melon. Samangka téh tuluy dibawa ka Cina nalika Dinasti Generasi Lima".[5]

Kandungan[édit | sunting sumber]

Buah samangka ngandung lycopene kawas tomat. Lycopene anu aya dina samangka leuwih gedé batan dina sayuran atawa bungbuahan séjénna. [6] Lycopene mangrupa antioksidan anu bisa nyingkahan sarta ngajaga awak urang tina kanker rahim, payudara, bayah, usus besar, utamana kanker prostat. [6] [4] Samangka ogé bisa jadi bungbuahan alternatif pikeun nambahan multivitamin alatan ngandung vitamin A, vitamin B6, jeung vitamin C. [6] Salian ti éta samangka ogé bisa nyingkahan panyakit kolésterol kusabab samangka miboga kadar sodium anu teu pati loba jeung bébas lemak. [3]

Samangka Pikeun Ubar[édit | sunting sumber]

Ben Cao Gang Mu ngébréhkeun yén samangka bisa ngaleungitkeun hanaang jeung kasakit panas, nyageurkeun nyeri tikoro, ngalancarkeun kahampangan, jeung sembelit sarta ngaleungitkeun kacanduan kana alkohol.[5] Salain ti éta samangka ogé bisa nyingkahan panyakit kolestérol ku sabab ngandung sodium anu teu pati loba jeung bebas lemak. [3] Salian ti dagingna, kulit samangka ogé bisa dipaké pikeun ubar. Ubar tradisional Cina nétélakeun yén kulit samangka bisa ngubaran tikoro anu bareuh jeung apotheosis,sarta biang keringat. Akar jeung daun samangka ogé bisa ngubaran diaré jeung radang usus. Siki samangka anu sipatna haneut, alus pikeun produksi ciduh, anu gedé mangpaatna pikeun bayah jeung usus.[5] Salain ti éta samangka téh loba pisan mangpaatna, di antarana :

  1. Bisa jadi pangrojong pikeun ngaleutikan awak, ku sabab samangka teu loba ngandung gula, teu ngandung lemak jeung loba ngandung cai ku lantaran kitu bakal wareg tapi moal matak gendut.[3]
  2. Bisa jadi ubar pikeun anu darah tinggi, ku sabab ngandung kalium anu loba.[3]
  3. Bisa nyéhatkeun jantung.[3]
  4. Sél dina awak bakal séhat, alatan ngandung betakarotin jeung vitamin C.[3]
  5. Bisa jadi ubar panas (demam).[3]
  6. Ngalancarkeun sirkulasi dina awak, tur miceun racun-racun anu aya dina awak.[3]
  7. Bisa nyageurkeun barusuh. [3]
  8. Produksi énérgi dina awak. Ku sabab ngandung vitamin B pikeun produksi énérgi. Salain ti éta aya magnesium jeung potassium. [3]
  9. Bakal nyingkahan déhidrasi.[3]

Cara milih jeung nendeun samangka[édit | sunting sumber]

Lamun meuli samangka dina kaayaaan atah kénéh, carana tendeun samangka dina paper bag tuluy tendeun di tempat anu tiis. Antepkeun sababaraha poé, tapi ulah leuwih ti dua minggu.[3] Sanggeus kitu kumbah éta samangka ku sabun saencan di keureutan, ku sabab bakteri atawa pestisida anu aya dina samangka osok pindah kana daging samangka nalika di keureutan.[7] Lamun éta samangka teu langsung di dahar, asupkeun heula samangka anu geus di keureutan kana plastik tuluy tendeun dina jero kulkas. Salain ti éta lamun samangka dina kaayaan asak pilih samangka anu kulitna saeutik cacatna. [7] Di beulah handap samangka, aya warna ka konéng-konéngan, éta téh tempat samangka antel kana taneuh. Pilih samangka anu beurat tibatan anu ukurana leutik, sabab samangka anu beurat loba ngandung caina.[7] Singkahan samangka anu kulitna teuas jeung warnana pias di beulah handapna, sabab éta samangkka téh masih kénéh atah jeung miboga kandungan kadar asam anu gedé.[3]

Jenis[édit | sunting sumber]

Tangkal samangka bisa dipelak tina sikina, boh tina samangka lokal atawa samangka introduksi. [8] Samangka lokal ogé asalna mah sarua tina samangka introduksi, ngan geus dibudidayakeun salila puluhan taun nepi ka sifat-sifatna robah, sabab cara ngabinihkeunana anu béda jeung aya proses adaptasi ka lingkungan anyarna.[8]
Di Indonesia aya dua rupa samangka nya éta :
1. Samangka lokal Samangka lokal wangunna leutik sarta sikina loba, rasana gé kurang amis. [8]
Jenis samangka lokal diantarana:
a. Samangka Sengkaling Asalna ti wewngkon Sengkaling, Malang, Jawa Timur. Bentukna oval jeung miboga garis ipis manjang warnana héjo kolot.[9] Daging buah samangka ieu warnana beureum euceuy, rasana amis, jeung loba sikina. [9] Sengkaling mangrupa samangka open polineted (samangka anu henteu barobah kualitasna lamun sikina dipelak deui). [9]
b. Samangka Bojonegoro Asalna ti Bojonegoro, Jawa Timur. Kulit buah warnana héjo kolot jeung miboga garis, dagingna warna kayas, rasana kurang amis.[9] Siki samangka ieu loba, kulitna ipis, jeung dagingna kandel, nepi ka oosk dipaké keur koaci.
2. Samangka introduksi atawa hibrida Binih samangka ieu asalna ti luar nagri. Ieu samangka téh bisa jadi variétas anu punjul sabada diuji kaonjoyanana jeung daya tahan kana hamana. Di Indonesia geus loba variétas samangka introduksi, diantarana ti Jepang, Amerika, Taiwan jeung Ustrali. Samangka introduksi aya tilu rupa, nya éta samangka biasa, samangka hibrida, jeung samangka triploid (euweuh sikian). [8]

Sarat tumuwuhna[édit | sunting sumber]

  1. Curah hujan anu hadé pikeun dijadikeun tempat budidaya samangka nya éta 40-50 mm/bulan,[2]
  2. Tempatna kudu kasorot panon poé, [2]
  3. Suhu hawana 25oC,[2]
  4. Taneuh anu cocog pikeun pepelakan samangka nya éta taneuh anu gembur, tur loba ngandung bahan organik,[2]
  5. pH taneuhna 6-6,7,[2]
  6. Samangka cocog dipelakkeun dina tempat anu luhurna 100-300 m dpl. [2]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b [1] (id) (Diakses ping 02 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h Semangka (id) (Diakses ping 02 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p Olga girls magazine.Juicy watermelon.2007
  4. a b c d e f g Sajarah Samangka (Diakses ping 05 Oktober 2011)
  5. a b c d [2]
  6. a b c Kandungan Semangka (id) (Diakses ping 05 Oktober 2011)
  7. a b c [3]
  8. a b c d Moehd, Baga Kalie. 2008. Bertanam Semangka. Jakarta:Penebar Swadaya Hal. 5
  9. a b c d [4]