Kamus

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kamus Dwibasa Sunda-Inggris karya R.A Hardjadibrata

Kamus nya éta buku anu nerangkeun hiji-hijina kecap.[1] Kamus miboga fungsi pikeun nambahan pangaweruh hiji jalma ngeunaan kandaga kecap ti mimiti harti kecapna, asal-usulna (etimologi) hiji kecap tug nepi ka cara ngagunakeun éta kecap.[2] Kecap kamus asalna tina basa Arab qamus (قاموس) kalawan wangun jama'na qawamis.[1] Kecap qamus sorangan asalna tina basa Yunani Ωκεανός (okeanos) nu miboga harti sagara.[3]

Rupa-rupa Kamus[édit | sunting sumber]

Dumasar basa nu digunakeun[édit | sunting sumber]

  • Kamus Ekabasa

Kamus anu eusina mangrupa kandaga kecap hiji basa nu disusun sacara alfabétis kalawan ébréhan ma’na katut contona dina basa nu sarua.[4] Biasana digunakeun pikeun ngébréhkeun harti hiji kecap.[5] Conto kamus ekabasa nya éta Kamus Basa Sunda R.A Danadibrata.[4]

  • Kamus Dwibasa

Kamus anu eusina mangrupa gabungan kecap dua basa anu disusun sacara alfabétis kalawan ébréhan ma’na katut contona dina basa lianna anu béda; kamus nu disusun ngagunakeun dua basa nu béda.[4] Biasana ieu kamus digunakeun pikeun narjamahkeun hiji basa kana basa lianna. Contona: Kamus Sunda-Indonesia jeung Kamus Sunda-Inggris (Dictionary of Sunda Language of Java).[4]

  • Kamus Anéka Basa

Ieu kamus paling saeutik ngagunakeun tilu basa atawa leuwih dina eusina.[4] Conto: Kamus Girimukti Bergambar Tiga Bahasa:Sunda-Indonesia-Inggris jeung Nederduitsch-Maleisch en Soendasch Woordenboek nu dijieun dina tilu basa Walanda-Malayu-Sunda.[4]

Dumasar kana eusi[édit | sunting sumber]

  • Kamus Mini

Ieu kamus miboga ukuran nu kacida leutikna (mini) nepi ka bisa diteundeun dina jero saku.[4] Kandelna kurang ti 2 cm.[4]

  • Kamus Kecil

Kamus nu eusi kandaga kecapna kawatesanan kana hiji hal.[4] Salian ti éta, ieu kamus gampang dibawa kamamana.[4]

  • Kamus Besar

Kamus anu eusina mangrupa ébréhan sagala léksikal nu aya dina hiji basa, kaasup dijerona istilah-istilah tina widang paélmuan nu lianna.[4] Unggal kecap dijelasken kalawan lengkep, biasana ukuranna gedé tur teu bisa dibabawa kamana waé.[4]

Sajarah Kamus[édit | sunting sumber]

Leksikografi mangrupa bagéan tina léksikologi anu maluruh cara ngumpulkeun jeung ngolah kandaga kecap jadi kamus.[6] Unsur nu aya dina kamus ilaharna léma (éntri), wangun kecap, ucapan jeung éjahan, warna kecap, sinonim, tahap-tahap makéna kecap, wangenan, catetan makéna kecap, ilustrasi, derivasi kecap, conto makéna kecap, frasa, kecap, kosta, jeung acuan.[6] Dua tokoh nu ngamimitian nyarungsum kamus nya éta Samuel Johnson (1709-1784) jeung Noah Webster (1758-1843).[3] Johnson, ahli basa Inggris nyieun Dictionary of the English Language dina taun 1755.[3] Di Amerika, Webster mimiti nyieun kamus An American Dictionary of the English Language. Sanggeus kitu dina taun 1884 dikaluarkeun Oxford English Dictionary.[3]

Kamekaran Kamus Basa Sunda[édit | sunting sumber]

Kamus basa Sunda nu munggaran disusun ngagunakeun basa Sunda nya éta kamus beunang R.Sacadibrata (Jakarta, 1949 jeung 1954).[7] Nilik kana kekecapan nu aya di jerona, ieu kamus disusun dumasar Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (Leiden, 1884 jeung 1913).[7] Salaku guru nu miboga kahayang sangkan urang Sunda bisa maké basa Sunda kalawan bener tur hadé, Sacadibrata dina nyusun kamusna ngaleungitkeun kekecapan nu ku manéhna dianggap salah, saperti kecap samen nu diganti ku kecap eksamen, padahal dina kahirupan sapopoé, kecap samen leuwih dipikawanoh tur mindeng dipaké ku masarakat.[7] Salian ti éta, dialék nu dianggap kurang pamakéna ogé milu dileungitkeun.[7] Kulantaran manéhna urang Sumedang, sacara teu langsung nu dijadikeun standar atawa patokan bener henteuna éta basa téh nya éta basa nu tumuwuh tur mekar di Sumedang.[7] Sanajan kitu, kekecapan nu mangrupa kecap serepan tina basa lain sacara taliti disebutkeun kecap asal jeung basa asalna.[7] Nalika ieu kamus rék medal nu katilu kalina kalawan hasil ropéa Prof. Dr. Huséin Jayaningrat, aya sawatara hal nu ngabalukarkeun ieu kamus teu bisa medal.[7] Nepi ka medalna Kamus Umum Basa Sunda, kamus Sacadibrata mangrupa hiji-hijna kamus basa Sunda pikeun urang Sunda.[7] Salian ti nyusun ieu kamus ekabasa, Sacadibrata ogé nyusun kamus dwibasa nya éta Kamus Leutik Indonesia-Sunda jeung Sunda-Indonesia, Kamus Sunda-Indonesia, jeung Kamus Indonesia-Sunda.[7] Sawatara kamus nu kiwari masih kénéh medal[2]:

  1. Kamus Sunda-Indonesia beunang Maman Somantri.
  2. Kamus Umum Basa Sunda beunang LBSS taun 1976.
  3. Kamus Kecil Sunda-Indonesia beunang M.O Koesman taun 1982.
  4. Kamus Idiom Bahasa Sunda beunang Budi Rahayu Tamsyah taun 1988.
  5. Kamus Istilah Populer Basa Sunda beunang A.Marzuki taun 1989.
  6. Kamus Lengkep Sunda-Indonesia Indonesia-Sunda beunang Budi Rahayu Tamsyah taun 1995.
  7. Kamus Istilah Sastra beunang Iskandarwassid taun 1996.
  8. Kamus Populer Sunda-Indonesia beunang Tatang Sumarsono taun 2001.
  9. Kamus Girimukti Bergambar Tiga Bahasa:Sunda-Indonesia-Inggris beunang Tim Penerbit Girimukti Pasaka taun 2002.
  10. Sundanese English Dictionary beunang R.R Hardjdjadibrata taun 2003 pamedal Pustaka Jaya.
  11. Kamus Basa Sunda beunang R. Satjadibrata taun 2005 pamedal Kiblat Buku Utama.
  12. Kamus Istilah Élmuning Basa Sunda beunang Yayat Sudaryat taun 2005 pamedal CV Karya IPTEK.
  13. Kamus Suci Bahasa Sunda, Indramayu, Cirebon, Indonesia beunang Yayat Sudaryat taun 2005 pamedal CV Karya IPTEK.
  14. Kamus Basa Sunda beunang R.A Danadibrata taun 2006 pamedal Kiblat Buku Utama.
  15. Kamus Populer Remaja (Rumaja) Indonesia-Sunda Sunda Indonesia beunang Dinas Kebudayaan dan Pariwisata taun 2006.

Salian ti kamus nu masih kénéh medal nepi ka kiwari, aya sawatara kamus nu dianggap babon pikeun kamus basa Sunda nu ayeuna, diantarana waé:

  1. Nederduitsch-Maleisch en Soendasch Woordenboek beunang Andres de Wilde taun 1841. Ieu kamus mangrupa kamus munggaran nu dijieun dina tilu basa Walanda-Malayu-Sunda.
  2. Dictionary of Sunda Language of Java beunang Jonathan Riggs taun 1862. Ieu kamus mangrupa kamus dwibahasa, Sunda-Inggris.
  3. Soendaneesch-Hollandsch Woordenbook beunang Sierks Coolsma taun 1884 dina basa Sunda-Walanda.
  4. Soendaneesch-Hollands Woordenboek beunang F.S Eringa taun 1894 dina basa Sunda-Walanda.

Kamus Istilah Sastra[édit | sunting sumber]

Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda beunang Iskandarwassid (Bandung,1992) mangrupa usaha nu munggaran pikeun méré wangenan (definisi) kana istilah-istilah sastra boh istilah nu aya dina sastra Sunda boh istilah asing nu dianggap perlu dipikaweruh ku saha-saha waé nu miboga karesep kana dunya sastra.[8]

Kamus Umum Basa Sunda[édit | sunting sumber]

Kamus Umum Basa Sunda disusun ku LBSS (Bandung,1976).[3] Disusun minangka hasil kaputusan kongrés LBSS 1958, sanajan mimiti dipigawéna mah ti taun 1961.[3] Anu jadi panatanya nya éta R.Momon Wirakusumah, R.I Adiwijaya, I.B Jayawiguna, M.A Salmun, R.H Muh. Kurdi, Drs. R.M Atmamiharja, Patah Nataprawira, M.O Kusman, Épé Sjafe’I Adisastra, Koswara Sumbiratmulyana jeung Maman Sumantri.[3] Naskahna réngsé dipigawé dina taun 1975 alatan sawatara alesan saperti kurangna waragad, jeung sababaraha urang panata tilar dunya nepi ka aya sababaraha kali parobahan panata.[3] Kulantaran nu nyusun ieu kamus mangrupa jalma-jalma nu miboga kasang tukang sarta wewengkon asal nu beda, Kamus Umum Basa Sunda teu miboga kahéngkéran saperti Kamus Sacadibrata.[3]

Cara Nyusun Kamus[édit | sunting sumber]

Nyusun kamus lain hiji hal nu gampang, biasana disarungsum ku kelompok kalawan tahapan-tahapan nu tangtu.[3] Sacara umum dina nyusun kamus aya sababaraha léngkah nu kudu dilakukeun, diantarana:[3]

  1. Ngararancang
  2. Data korpus
  3. Nyusun data dumasar abjad
  4. Ngolah data
  5. Méré ma’na kecap

Ngararancang[édit | sunting sumber]

Dina tahap kahiji ieu nu nyusun kamus kudu nangtukeun hal-hal saperti di handap ieu:[3]

  1. Tujuan nyieun kamus
  2. Metode gawéna

Data korpus[édit | sunting sumber]

Dina tahap ieu, panyusun ngasupkeun kekecapan nu pernah digunakeun ku masarakat.[3] Tim panyusun kamus bisa maca karya-karya sastra atawa ngalakukeun hal séjénna sangkan bisa meunangkeun kekecapan nu pernah hirup di masarakat pikeun dijadikeun éntri dina éta kamus. [3]Kekecapan ieu dicatet kana kartu, hiji kecap hiji kartu.[3]

Nyusun data dumasar abjad[édit | sunting sumber]

Ieu tahapan mangrupa léngkah nu pangpentingna kusabab tiap kecap nu geus dicatet dina kartu disusun dumasar abjad.[3] Sacara manual, ieu tahapan bisa dilakukeun ku cara nyatet kekecapan nu aya dina kartu, hiji kecap hji kartu sangkan ieu kekecapan bisa disusun kalawan gampang.[3] Sanggeus kitu kartu-kartu ieu disimpen dina katalog.[3]

Ngolah data[édit | sunting sumber]

Sanggeus kekecapan dikumpulkeun tur disusun dumasar abjad, ieu data kudu dianalisis.[3] Dina ieu tahapan panyusun kamus kudu ngabagi kekecapan ieu kana sababaraha golongan saperti:[3]

  • Kekecapan nu teu perlu
  • Kekecapan nu anyar
  • Kekecapan neologisme (kekecapan anyar nu jarang digunakeun)
  • Kekecapan nu ngalaman parobahan ma’na.

Sanggeus kitu, panyusun kamus bakal miceun kekecapan nu dianggap teu perlu, neundeun kekecapan neologisme sarta nganalisis kekecapan anyar jeung kekecapan nu ngalaman parobahan ma’na kana tahapan méré ma’na.[3]

Méré ma’na kecap[édit | sunting sumber]

Ieu tahap miboga tujuan pikeun ngajelaskeun ma’na atawa harti hiji kecap.[3] Léngkah ieu bisa dilakukeun ngagunakeun élmu semantik jeung pragmatik.[3] Panyusun kamus bisa ngagunakeun bahan réferénsi saperti kamus nu geus aya, daptar istilah jeung réa-réa deui pikeun néangan harti hiji kecap.[3]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b Danadibrata,R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung:PT Kiblat Utama Kaca 314
  2. a b Mengenal Kamus Sunda (id) (Diakses tanggal 20 September 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Ibrahim Ahmad.1994.Perkamusan Melayu Suatu Pengenalan.Kuala Lumpur:Dewan Bahasa dan Pustaka (id)
  4. a b c d e f g h i j k l Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.1995.Kamus Besar Bahasa Indonesia.Jakarta:Balai Pustaka Hal 438 (id)
  5. Mengetahui Jenis dan Peran Kamus dalam Proses Translate Bahasa Sunda (Diakses tanggal 20 September 2011)(id)
  6. a b Sudaryat,Yayat.2004.Élmuning Basa.Bandung:Walatra Kaca 41
  7. a b c d e f g h i Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage Kaca322 (id)
  8. Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage Kaca323 (id)