Kertas

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Salambar kertas

Kertas nyaéta bahan ipis & rata hasil tina komprési serat. Serat nu dipaké biasana serat alam nu dasarna selulosa. Bahan pangumumna nyaéta bubur kai, tapi aya ogé nu dijieun tina serat séjénna kayaning kapas, linén, haramay. Sabeundeul kertas nu lobana 500 lambar disebut sa-rim.

Pabrikasi[édit | sunting sumber]

Maskapé Kertas Internasional: pabrik kertas kraft di Georgetown, Carolina Kidul

Boh dijieun maké leungeun atawa Mesin Fourdrinier, produksi kertas téh ngaliwatan opat hambalan:

Nyiapkeun serat[édit | sunting sumber]

Bahan nu rék dipaké nyieun kertas dikonversi jadi bubur (pulp). Kusabab lolobana tina bahan alam, prosés ieu sok merlukeun diwilah-wilah jeung dikumbah. Mun seratna geus kaékstrak, saterusna bisa diwarnaan atawa dibodaskeun luyu jeung hasil ahir nu dipikahayang.

Dijieun jadi lambaran[édit | sunting sumber]

Bubur serat téa terus diéncérkeun maké cai, laju dialirkeun ngaliwatan saringan sahingga ngahasilkeun ramat serat; watermark biasana ditambahkeun dina hambalan ieu. Ramat ieu terus diprés sarta digaringkeun jadi lambaran kertas kontinyu.

Mun kertasna dicitak, buburna diasupkeun kana wadah citakan nu dasarna saringan (atawa alat panggaring lianna), sahingga seratna tinggaleun dina sarinana, sedengkeun caina ngalir. Pikeun miceun sésa caina, seratna diteken sahingga kapeureut.

Kertas nu diproduksi massal biasana dijieun maké prosés kontinyu (Fourdrinier). Sanggeus garing, lambaranana bisa diteukteukan luyu jeung ukuran nu dipikahayang. Ukuran kertas baku ditangtukeun ku badan pamaréntah kayaning Organisasi Standarisasi Internasional (ISO).

Digaringkeun[édit | sunting sumber]

Nalika diprosés di pabrik, kertas bisa sababaraha kali ngaliwatan prosés digaringkeun. Kertas nu garing leuwih kuat batan nu baseuh, sahingga leuiwh hade dina kaayaan garing sangkan teu pegat dina prosés produksina (mun pegat mah biasana sok dibuburkeun deui).

Aplikasi[édit | sunting sumber]

Tumpukan kertas manila

Sajarah[édit | sunting sumber]

Kecap paper (basa Inggris, pahpir?) asalna tina bahan tulis Mesir nu disebut papirus, nu dijieun tina tangkal papirus. Papirus geus dijieun di Mesir ti taun 3000 sM, lajeng di Yunani Kuna jeung Romawi. Ka kalér, aya perkamén atawa vellum nu dijieun tina olahan kulit domba jeung sapi, sabab papirus mah tumuwuhna di wewengkon subtropis. Di Cina, mimitina mah tulisan téh dijieun dina awi, beurat jeung matak susah mawana. Sutra kadang dipaké, tapi mahal teuing.

Cai Lun, nu dines di pangadilan Cina, ngadadarkeun cara modérn pikeun nyieun kertas taun 105 M; anjeunna kacatet salaku jalma munggaran nu nerangkeun cara nyieun kertas tina kapas. Iber nu leuwih heubeul, cenah mah geus aya ti taun 150 sM (di Cina kénéh). Kamonésan ieu lajeng sumebar ka luar Cina; budaya Asia Wétan lianna. Tatacara nyieun kertas ditransfer ka Koréa taun 600, terus ka Jepang dibawa ku pandita Buda, Dam Jing, taun 625, nu maké serat tangkal murbéy. Sanggeus aya dadagangan antarwewengkon sarta perang Talas, papanggihan ieu sumebar ka Wétan Tengah, diadopsi ku urang India jeung Italia kira abad ka-13.

Di Indonésia, teu aya catetan anu pasti ngeunaan iraha mimiti mikawanoh kertas. Tapi sahanteuna geus ti abad ka-15 kénéh, ku ayana naskah-naskah nu ditulis dina daluang (dijieun tina kulit kai). Saméméh migunakeun daluang, naskah ilaharna ditulis dina lambaran daun lontar/nipah. Pangabisa nyieun daluang nepi ka kiwari geus langka pisan.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]