Daluang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Daluang mangrupa kertas tradisional nu dijieun tina kulit kai tangkal saéh (Broussonetia papyfera vent). Nu matak, urang Sunda leuwih réa ngagunakeun istilah kertas saéh. Biasana daluang dijadikeun média dina nuliskeun naskah.

Dimangpaatkeunana daluang minangka bahan keur kaperluan dina tradisi tulis di Nusantara, numutkeun Pigeaud, dimimitian ti jaman Islam asup ka tanah Jawa. Saméméhna mah ukur digunakeun minangka pakéan upacara kaagamaan Hindu nu dipaké ku para pandita.[1]

Tatapina, aya sawatara pananya nu nepi ka kiwari can meunangkeun jawaban anu tétéla, nyaéta ti iraha daluang robah fungsi tina bahan pakéan jadi bahan pikeun kaperluan tulis tinulis. Uli Kozok, ahli naskah Batak jeung Kerinci ti Jérman, kungsi ngalakukeun tés uji karbon kana naskah nu ditulis dina daluang nu asalna ti Kerinci, Provinsi Jambi. Dina éta uji coba, kalawan ngagunakeun métode karbon C-14 di Wellington University Australia taun 2003, ngahasilkeun kacindekan yén éta naskah téh asalna ti abad ka-14. Itungan waktu éta jigana bisa dijieun tatapakan awal ti iraha daluang mimiti digunakeun minangka alas nulis manuskrip di Nusantara.[2] Ku kituna, daluang dijadikeun média nulis naskah téh bisa jadi geus nyampak dina jaman pra-Islam.

Cara nyieun[édit | sunting sumber]

Nyieun daluang di tatar Sunda ku cara mesék kulit tina batangna, tuluy dipeupeuh ngagunakeun pameupeuh husus (tina perunggu) nepi ka saipiseun kertas. Geus kitu dikumbah nepi ka beresih laju dipoé dina gebog cau kurang leuwih tilu poé tilu peuting.

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. Pigeaud, Th., 1967-70, Literature of Java I: Synopsis of Javanese Literature 900-1900, KITLV. The Hague: Martinus Nijhoff.
  2. Kozok, Uli, 2004, 'Kitab Undang-undang Tanjung Tanah: Naskah Melayu Tertua dari Abad ke-14'. Simposium Internasional Pernaskahan Nusantara VIII, 26--28 Juli 2004. Jakarta: C-DATS Tokyo University Of Foreign Studies, Manassa Jakarta, UIN Jakarta.
Nulis.jpg