Korék api
|
|
Eusi ieu kaca keur diropéa saheulaanan. Ngarah henteu pagedrug, salila ieu tangara aya kénéh mah ulah waka ngédit. Ieu kaca panungtungan dirobah jam 10:28, 10 Maret 2013 (UTC) (2 kaliwat). Mangga hapus ieu citakan mun ieu kaca teu diédit salila sababaraha jam. Mun anjeun anu nambahkeun ieu citakan, mangga hapus atawa ganti ku {{diropéa}} lamun keur teu ngédit. |
Korék Api atawa kerékan nya éta parabot pikeun nyundut roko, ududeun, damar, lampu, jeung sajabana.[1] Sok disebut ogé gerétan, kayu api, korék atawa kerék api.[1] Eusi kerékan disebutna siki kerékan.[1] Korék - Korék Api modern dijieun alatan kapanggihna fosfor, hiji zat anu néwak seuneu dina suhu anu pohara rendah.[2] Taun 1681, saurang berkebangsaan Inggris, ngaranna Robert Boyle, ngasupkeun potongan kai anu geus dikokolakeun jeung walirang kana campuran walirang sarta fosfor[2]. Tapi korék api éta gampang kabeuleum, ku kituna penemuanna henteu kapaké[2].
Korék api praktis anu kahiji dijieun di Inggris ku saurang padagang ubar anu ngaranna John Walker.[2] pikeun ngahurungkeunna, korék api éta digesekkeun di antara lipetan-lipetan kertas anu dilapisan ku kaca.[2] Nyanghareupan taun 1833, korék api anu tungtungna ngandung fosfor anu bisa dihurungkeun ngaliwatan gesekan, di jieun di Austria sarta Jerman, tapi aya hiji masalah.[2] Fosfor warna bodas atawa konéng téh picilakaeun pikeun para pagawé korék api, ku kituna fosfor-fosfor éta kapaksa dilarang pamakéanana ku pakta internasional dina taun 1906.[2]
Pamustunganana, fosfor beureum anu henteu beracun diwanohkeun, sarta ieu ngarah kana penemuan korék api.[2] korék api kahiji, anu ngan hurung dina permukaan nu geus disiapkeun dijieun di Swedia dina warsih 1844.[2] Kabéh bahan kimia anu diperlukeun henteu diasupkeun kana sirah korek seuneu, tapi fosfor beureum ditémpél dina permukaan sentuh tempat korék api.[2] ku kituna, korék api éta aman, iwal lamun digosokkeun kana daérah sentuh.[2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |