Beus
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
-
Keur kagunaan séjén, tempo Beus (disambiguasi).
Beus nyaeta kandaraan gede nu rodaan, dipake keur mawa panumpang nu jumlahna loba. Istilah beus ieu asalna tina basa Latén, omnibus, nu hartina keur sakabéh jalma.
[édit] Jenis beus
Beus Sakola Laidlaw
Sababaraha rupa beus dijieun dumasar kana jauh deukeutna jarak nu dijugjug. Sababaraha beus husus dijieun oge keur kagunaan husus. Rupa-rupa beus eta diantarana:
- Beus komuter (contona beus transit lokal atawa beus kota), biasana boga dua panto, di hareup jeung di tukang.
- Beus sakola, keur barudak sakola
- Beus listrik:
- Trolleybus, siga komuter tapi digerakkeunnana ku listrik
- Tram di tempat parkir, beus nu wangunna husus, biasana aya di tempt parkir saperti Disneyland
- Coach atawa motorcoach, biasana mangrupa kandaraan nu dirancang pikeun indit-inditan jarak jauh, rada sejen tinimbang beus biasa. Beus ieu dilengkepan ku korsi nu leuwih ngareunah, rohangan keur bahasi, tur mesin oge gede deuih. Kandaraan ieu biasana leuwih jangkung tinimbang beus biasa, tur seseringna mah aya a.c.-an, toilet, jeung sistim audio/video. Coach / motorcoach mangrupakeun alat pangangkutan nu fleksibel, bisa dipake keur pariwisata, liburan atawa perjalanan antar-kota.
- Beus wisata jarak deukeut, basajan, miboga sistim PA sarta kadang-kadang aya sistim videoan. Double-decker atawa kandaraan husus nu geus liwat mangsa pakena sering dipake keur bisnis beus wisata lokal siga kieu.
- Minibeus, kandaraan nu rada leuwih gede tinimbang vans panumpang, panumpangna henteu leuwih ti 25.
- Midibus, atawa beus ukuran sedeng, leuwih gede batan minibus, tapi leuwih leutik tibatan motorcoach, tempat diukna 26 nepi ka 47
- Mikrobeus, atawa di urang mah disebutna mikro, atawa oge élep (élf), bisa dipaké keur jarak deukeut, atawa jarak nu sedeng, saperti Tasikmalaya-Bandung
- Beus tilu parapat, leuwih gede tibatan mikrobeus. Bisa dipake keur beus jero kota, atawa oge kadang keur jarak nu sedeng.
- Beus tingkat, dirancang dua lantéy sangkan muat loba. Baréto mah loba di Jakarta, Semarang jeung Solo, sarta dipikawanoh ogé di sababaraha kota gede sejen sperti London, Bombay, Hong Kong, Singapura, Dublin, Berlin, Davis, California, jeung Victoria, British Columbia.
- Articulated buses, beus gandeng (atawa artic, bendy bus atawa beus panjang disababaraha wewengkon mah), beus nu diranang pikeun nambahan jumlah panumpang. Beus ieu kacida panjangna, susah lamun keur macet
- Beus nu dasarna handap, diwangun ahir abad ka-20, nu ngagampangkeun panumpang nu make korsi roda atawa alat sejenna. Di U.K sakabeh beus geus kudu biga dasar handap nepi ka taun 2016, keur nyumponan Aturan Disability Discrimination Act (DDA). Transport for London (TfL) nangtukeun yen sakabeh beus layanan kudu boga dasar handap.
- Guided bus, dikamudikeun keur bagean-bagean nu jalurna make track atawa rél.
- Shuttle bus, keur rute tinangtu nu pondok, bulak-balik. Biasana ngalayanan dua atawa leuwih terminal angkutan, saperti stasion kareta api, bandara atawa palabuan
- Bus diajar, beus husus nu dipake ku pausahaan beus pikeun ngalatih kaparigelan supirna atawa singsaha bae nu hayang bisa nyupiran beus]
[édit] Tumbu luar
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |

