Nusantara
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Nusantara nyaeta hiji kecap majemuk nu dicokot tina basa Jawa Kuna nusa (pulo) jeung antara (séjén).
Kecap ieu mibanda sababaraha harti:
Daptar eusi |
[édit] Konsep kanagaraan Jawa
Dina konsep kanagaraan Jawa, daerah kakawasaan raja dibagi jadi tilu:
- Nagara Agung
- Mancanagara
- Nusantara
Nagara Agung mangrupakeun wewengkon sakuriling ibukota karajaan tempat raja marentah. Mancanagara nyaeta daerah-daerah di pulo Jawa jeung sabudeureunnana nu budayana ampir sarua jeung Nagara Agung, tapi geus aya di "daerah wates". Ditilik tina panempo ieu, Madura jeung Bali mangrupakeun daerah "mancanegara". Lian ti eta, Lampung jeung Palembang meureun bisa dianggep keneh minangka "mancanagara". Sedengkeun Nusantara mangrupakeun daerah di luar pangaruh budaya Jawa, tapi (kadang-kadang) diaku minangka daerah jajahan nu para pengawasana kudu mayar upeti.
[édit] Konsep kabudayaan moderen
Ditilik tina sisi kabudayaan jeung pamakean basa moderen, istilah "Nusantara" atawa biasana ngawengku daerah kapuloan Asia Tenggara atawa daerah di mana budaya jeung basa Austronesia dimumule. Ditilik tina kaca mata ieu, Malaysia, Filipina jeung boa Vietnam jeung Taiwan (sarta Madagaskar) kaasup kana daerah Nusantara sedengkeun Papua mah henteu. Kajaba keur daerah Irian Jaya Barat.
[édit] Konsep geografis
"Nusantara" oge meureun bisa nujul kana wilayah nu katelah Kapuloan Malayu dina basa Inggris (Malay Archipelago), nyaeta Indonesia, Filipina, Brunei, Sabah jeung Sarawak, Wilayah Persekutuan Labuan, Timor Timur jeung Papua Nugini tapi henteu kaasup Malaysia.
[édit] Tempo oge
| Artikel ngeunaan Indonésia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |

