Tembang Cianjuran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tembang Cianjuran

Tembang Cianjuran mangrupa seni vokal Sunda nu dibarengan ku waditra kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di Bandung. Tina awalna nu mangrupa tembang hiburan alat silaturahmi di antara para ménak, mamaos kiwari geus jadi seni hiburan komersil sakumaha kasenian umumna, dipintonkeun dina rupa-rupa acara, sarta asup ka studio rékaman.

Sajarah[édit | édit sumber]

Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur R.A.A. Kusumaningrat (18341864) anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. ku sabab kitu, anjeunna katelah Dalem Pancaniti.

Mimitina, mamaos ditembangkeun ku lalaki, sarta kakara ilahar diteuleuman ku wanoja kira parapat abad ka-20. Ti harita, mimiti panembang wanoja pating pucunghul, kayaning Rd. Siti Sarah, Rd. Anah Ruhanah, Ibu Imong, Ibu O’oh, Ibu Resna, jeung Nyi Mas Saodah.

Mamaos téh dimekarkeun tina seni pantun, nu ciri utamanya nyaéta ayana kacapi katut cara maénkeunana. Lalaguanana ogé ampir sakabéhna tina carita pantun, di antarana carita Pantun Mundinglaya Dikusumah. Tuluy, ieu seni soara téh mekar ogé ngagunakeun beluk (mamaca), degung, sarta tembang macapat Jawa: pupuh. Lagu-lagu mamaos nu dicokot tina seni pantun disebutna lagu pantun atawa papantunan, atau disebut ogé lagu Pajajaran, dicokot tina ngaran karaton Sunda di Bogor bihari. Lagu-lagu nu asalna tina bahan pupuh disebut tembang, nu duanana nurut kana aturan rumpaka. Ka dieunakeun, aturan nyieun rumpakana jadi leuwih bébas, bisa nyampur.

Dina mangsa pamaréntahan bupati RAA Prawiradireja II (18641910), mamaos sumebar ka wewengkon lianna, nu utamana diluluguan ku Rd. Écé Majid Natawireja (18531928). Anjeunna sering diulem ngawulang mamaos ka kabupatén-kabupatén di Priangan, di antarana ku bupati Bandung RAA Martanagara (1893—1918) jeung RAA Wiranatakusumah (19201931 & 19351942). Nalika ieu mamaos sumebar ka wewengkon séjén, lajeng ieu seni soara téh jadi katelah tembang Cianjuran. Kitu ogé nalika radio NIROM Bandung taun 1930-an nyiarkeun ieu kasenian, disebutna téh tembang Cianjuran.

Pintonan[édit | édit sumber]

Sabenerna istilah mamaos mah ukur nujul ka lagu-lagu nu polana pupuh (tembang), lemesna tina mamaca: seni maca buku carita wawacan ku cara ditembangkeun. Buku wawacan nu ngagunakeun aturan pupuh ieu aya nu dilagukeun ku téhnik rancag jeung téhnik beluk.

Lagu-lagu mamaos larasna pelog (degung), sorog (nyorog, madenda), saléndro, jeung mandalungan. Dumasar kana asal jeung watek laguna, mamaos digolongkeun kana sababaraha wanda: papantunan, jejemplangan, dedegungan, jeung rarancagan. Kiwari, aya ogé tambahan jenis kakawén jeung panambih salaku wanda nu mandiri. Lagu-lagu mamaos tina jenis tembang lolobana ngagunakeun pola pupuh kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula, jeung sababaraha pupuh lianna.

Wanda[édit | édit sumber]

Seni Tembang Sunda Cianjuran mibanda opat wanda utama nyaéta wanda papantunan, wanda jejemplangan, wanda rarancagan, wanda dedegungan sarta wanda raehan atawa tambahan, di antarana wanda panambih jeung wanda kakawén (saléndro).

Papantunan[édit | édit sumber]

Papatat, Rajamantri, Mupu Kembang, Randegan, Randegan Kendor, Kaléon, Manyeuseup, Balagenyat, Putri Layar, Pangapungan, Rajah, Gelang Gading, Candrawulan, jsb.,

Jejemplangan[édit | édit sumber]

Jemplang Pangantén, Jemplang Cidadap, Jemplang Leumpang, Jemplang Titi, Jemplang Pamirig, jsb.

Dedegungan[édit | édit sumber]

Sinom Degung, Asmarandana Degung, Durma Degung, Dangdanggula Degung, Rumangsang Degung, Panangis Degung, jsb.

Rarancagan[édit | édit sumber]

Manangis, Bayubud, Sinom Polos, Kentar Cisaat, Kentar Ajun, Sinom Liwung, Asmarandana Rancag, Setra, Satria, Kulu-kulu Barat, Udan Mas, Udan Iris, Dangdanggula Pancaniti, Garutan, Porbalinggo, Erang Barong, jsb. Wanda kakawén di antarana Sebrakan Sapuratina, Sebrakan Pelog, Toya Mijil, Kayu Agung, jsb.

Panambih[édit | édit sumber]

Budak Ceurik, Toropongan, Kulu-kulu Gandrung Gunung, Rénggong Gedé, Panyileukan, Selabintana, Soropongan, jsb.

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.
  • E. Nani Supriatna.2005. Tembang Kanayagan. Sanggar Seni Gentra gendin Wirahma Sari Cianjur, Cianjur.

Warta luar[édit | édit sumber]