Kacapi indung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kacapi indung & Kacapi Rincik

Kacapi indung nya éta salah sahiji wangun waditra kacapi dina karawitan Sunda anu kaasup kana kelompok alat musik string. Ilaharna kacapi indung dipaké pikeun mirig tembang Cianjuran atawa mamaos. Laras anu dipaké dina kacapi indung ilaharna pélog-degung, madenda, saléndro jeung mandalungan. Kacapi indung dijieun tina bahan kai (albiso/jéngjén, campaka, kananga jrrd.)

Wangun Kacapi Indung[édit | sunting sumber]

Wangun kacapi indung méh sarupa jeung parahu alatan kitu kacapi indung sok disebut ogé kacapi parahu atawa kacapi gelung alatan wangun tungtung sisi-sisina méh sarupa jeung gelung, Iwal ti éta kacapi indung ogé sok disebut kacapi pantun alatan sakapeung sok dipaké mirig seni carita pantun. Warna kacapi indung umumna hideung. Senar atawa kawat kacapi indung jumlahna 18 anu dijieun tina bahan kuningan. Éta senar teh tuluy dipantengkeun ngaliwatan tumpangsari tuluy kana inang-inang dikaitkeun kana pureut sangkan ngahasilkeun nada anu tangtu jeung bisa dirobah (di-tune/disetém) ku cara muterkeun pureut saarah muterna jarum jam.

Kacapi Indung asup kana klasifikasi chordophone, sub klasifikasi zither anu wangun résonansina pasagi (kotak), board zither. Upama ditilik tina cara maénkeunna, Kacapi Indung asup kana kelompok plucked chordophone.

Cara Nabeuh[édit | sunting sumber]

Gambar:Kacapi indung 20101229 1004797918.jpg
Sikep maenkeun Kacapi Indung

Aya sabahabaraha cara nabeuh (nyorakeun) kacapi indung jeung kagunaanana. cara nabeuh kacapi indung aya anu dipaké pikeun mirig tembang (bebas wirahma) jeung mirig kawih (wirahma tandak). mirig maké kacapi indung disebut ngindungan, ana pon mirig maké Kacapi Rincik disebut ngarincik.

pireng sora kacapi indung. 

Juru Kacapi Indung (inohong)[édit | sunting sumber]

Di handap ieu sababarha urang juru kacapi Indung anu fokus dina widangna, diantarana:

  • Uking Sukri
  • Soma Wijaya
  • Juju Subari
  • Ruk-ruk Rukmana (Bandung, 29 Maret 1950)
  • Pak Emo
  • Apih Soma
  • Hadori
  • Dohim (Mang Dohim)
  • Bapak Tata (Mang Tata)
  • Bapak Cacih
  • Bakang Abubakar (Mang Bakang)
  • Rd. Toto Sumadipradja.
  • Gan-Gan Garmana (Bandung,7 Oktober 1966)

Rujukan[édit | sunting sumber]

Babon/Réferénsi[édit | sunting sumber]

  • Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
  • Hennawan, Deni. Tabuhan kacapi tembang Sunda Cianjuran; tinjauan musikologi terhadap teknik dan gaya permainan Uking Sukri. M.A. thesis U. Sumatera Utara, jurusan Etnomusikologi, Medan 1990. Pub!. dina Masyarakat Musikologi Indonesia 2 (1), 1991.
  • Sukanda, Enip. Tembang Sunda cianjuran. Sekitar pembentukan dan perkembangannya. Bandung, ASTI 1984.
  • Sumardjo, Jakob. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda: tafsir-tafsir pantun sunda. Buku Tiga. Kelir. Bandung 2009.
  • Zanten, Wim van.Sundanese music in the Cianjuran style: anthropological and musicological aspects of Tembang Sunda. Dordrecht/Providence, Foris Publications 1989.

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]

Tingali Video[édit | sunting sumber]

Kacapi laras salendro : http://www.youtube.com/watch?v=Z-kXy83DMxY
Conto tabeuhan kacapi indung (pangapungan) : http://www.youtube.com/watch?v=H91YxEeOH7Y


Nulis.jpg